Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, “Ari éta ayun…ambing…éh na bet, teu meunang ngabodor nya aing mah apanan Rama Bargawa! Nu ngabodor mah keun bagian si Cépot!”
“LEUH, boa ieu mangkeluk téh sarua jeung si Mamang anu ngaku ngaran Sangkuriang sarua geringna. Loba jalma garering ngalencar kieu aingah?” si Riweuh anu kakara pajonghok harita jeung jinisna anu ngaku Rama Bargawa ukur gegerenengan jeung kumecrék.
“Mang, Parkir?”
“Kulan, abdi, Sun,” rengkuh bari tungkul.
“Ari éti…éh…eto,”
“Éta panginten, Nun?”
“Heueuh, Lur. Anu gigireun saha?”
“Cicing, Lur. Kuring anu ngajawab,” si Riweuh ngarindat bari nyiku ka si tukang parkir. “Oh, nepangkeun atuh kuring Sri Rama!” omongna.
“Sri Rama?”
“Kakara apal kitu?”
“Naha Sri Rama buluk kieu?”
“Acan dangdan kieu sotéh, kuring geus ti sawah matak kalotor, geus dangdan mah bakal gagah deui!” omongna.
“Teu percaya siah! Ngaku-ngaku éta mah! Hayoh saha ngaran silaing anu sabenerna? Biasana anu sok ngaku-ngaku mah si Cépot!”
“Geuning salira apal, Ram!”
“Si Cépotnya?”
“Bener pisan,”
“Salam kula wartoskeun ka Gusti Rama, Pot!”
“Siap, Bro,” si Riweuh dina haténa mah nyakakak. “Nyaan loba jalama uget kadieunakeun mah, teuing tina pangaruh naon?”
“Naon, Pot? Kalahka gegerendengan sorangan?” tanya Rama Bargawa kerung.
“Henteu, éta mah nyarita téh dina haté wé,”
“Piraku dina haté meni tarik kitu?” omongna. “Beuki yakin kula lamun kitu mah, bener si Cépot,” unggut-unggutan.
Si Riweuh dina haténa mah ngarasa bungah sabab jelas manusa anu néangan dirina téh teu apal kana rupa ukur nyaho dingaran.
“Kabeneran,” gerendengna. “Ngan anu teu kaharti ku aing naha loba jalma édan jaman kiwari téh, saurang ngaku ngaran Sangkuriang, ieu ngaku sang Bango…aéh, Rama Bargawa. Untung aing ngomong teu luicu téh euweuh nu nyahoeun, ari lain aing sorangan mah. Mun aya nu nyaho hamo teu disebutkeun heureuy garing,”
“Pot, kunaon manéh ngomong waé sorangan?” teuteup Rama Bargawa.
“Henteu, Ma! Kuring mah nyarita téh dina haté wé! Sok témbal atuh piraku dina haté nongtoréng kituh?”
“Ari Manéh, Pot. Diborong ku sorangan kuduna ogé nu nanya kitu mah kula, Euy?!”
“Baélah kali-kali mah kuring, Ma. Sarua atuh lamun dijawab ku anjeun mah jeung carita saméméhna, pan tadi enggeus!”
“Heueuhnya,”
“Geuning éta!”
“Geus, Pot! Ulah heureuy waé! Béjakeun ka Gusti Rama kula hayang modol…aéh hayang panggih!”
“Heug ari kitu mah, ku kuring dibéjakeun!”
“Kula hayang nyaho getih sorangan kituh?!”
“Siaplah, éngké dibéjakeun!”
“Tongg éngké, ayeuna wé bari kula hayang panggih ongkoh!”
“Nyéta ayeuna mah keur nyaba jeung Dewi Madrim ka Rancabuaya,”
“Lain Dewi Madrim atuh istri Sri Rama mah? Bima,”
“Dibandungan ku aing ngobrolna téh kawas nu garélo,” gerendeng tukang parkir bari nungkup sungut. Nahan piseuerieun, sabab ditungkup ahirna malik katukang jadi ngahiek.
Ngiiiiik, cénah rada panjang saeutik.
“Kéhéd jeung modol di dieu siah, Garéng!” Rama Bargawa nutup irung.***
Hanca…