Nostalgia (1)

Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“TÉRÉH lekasan nya Bah?” si Ujin muka wangkongan ka si Bah Adun jeung dua baladna nyaéta si Omon jeung si Asép.
“Naon téa, Jin?” si Bah Adun can ngarti.
“Sumuhun sasih saum.”
“Enya Jin. Sok matak waas atawa ceuk basa arilaing mah jadi nostalgia yang sangat mengesankan.”
“Matak waas janten nostalgia, Bah?”
“Enya Mon. Keur nu ngalakonan puasa mah sok matak waas, jadi nostalgia atawa panineungan ka hareupna,” témbal si Abah.
“Alhamdulillah nya Bah da cacak lamun teu ngalakonan mah moal aya waasna, moal boga nostalgia nan éndah.”
“Tah kitu Sép, Jin, Mon, puasa téh loba matak waasna. Geura étah ngabuburit aya ku nimat.”
“Naha nimat Bah, boa bari nyuruput céndol élizabét Abah mah ngabuburit téh?”
“Si, lain nimat barang dahar atawa nginum Jin. Nimat dina harti nalika beuteung pupurilitan atawa tikoro hanaang terus nyipta-nyipta dahareun sarwa ngeunah…” ceuk si abah.
“Teras ngong adan magrib.”
“Bungahna taya tanding Sép, angot lamun nalika puasa téh bari barang gawé….,” euk si Abah.
“Éta téh moal karaos ku nu teu saum mah nya Bah?”
“Enya Sép moal karasa. Nu matak saur hadis ogé dua hal kabagjaan nu baris kasorang ku nu puasa téh.”
“Naon waé Bah?” tanya si Ujin.
“Kahiji bungah atawa bagja nalika nyanghareupan buka atawa tajil, kaduana jaga bakal tepang sareng Alloh.”
“Moal kaalaman ku nu teu puasa mah nya Bah?”
“Enya Sép moal. Nu matak alhamdulillah urang kaasup muslim nu sok puasa nu geus ngarasakeun nimatna ngabuburit jeung tajilna atuh insyaalloh jaga ditepangkeun sareng Mantenna.”
“Mugia tinekanan nya Bah?” ceuk si Asép.
“Aamiin…,” rampak nu ngaaminkeun.
“Yeuh barudak, waasna bulan puasa nu sok jadi notalgia mah lain ukur sataun dua taun, dalah nu baheula gé kacipta jeung karasa waé,” ceuk si Abah.
“Na Abah gaduh nostalgia nyah?”
“Puguh wé, Jin. Geura nya jaman Abah keur budak mah ngabuburit téh lain nyoo HP siga barudak ayeuna.”
“Nya muhun atuh Bah da can aya.”
“Ceuk saha can aya, Mon?” si Abah nyureng.
“Na tos aya HP kitu harita?”
“Balatak!”
“Sumuhun HP, henpon?”
“Lain Mon, HP hayam pelung!”
“Emh naaa..nya ieu kolot ngaheureuyan budak téh teu kira-kira,” si Omon jebi.
“Sok nyoo naon atuh Abah ngabubuit harita?”
“Nyoo jeujeur, nguseup Jin, Mon, Sép. Malah Abah mah boga notalgia nguseup nu moal poho. Sabab ditipu ku hurang.”
“Alaaah…? Kumaha lalakonna Bah?” tanya si Ujin.
“Harita téh Abah nguseup di walungan. Poho teu mawa korang, nya nyieun korang tina daun nu rubak sisi walungan teuing daun naon. Diseumat maké nyéré. Caritana gog nguseup, demi lauk nu beunang téh hurang, tapi galedé jeung bangénan. Sok-sok lauk meunang nguseup téh kana korang daun téa. Wanci asar Abah balik. Maksud mah hurang beunang nguseup téh rék sina digoréng ku indung keur deungeun sangu buka. Naaa…atuh dak, barang Abah ningali kantong daun téa, Abah ngajenghok.”
“Naha, Bah?” ceuk barudak nu tiluan méh bareng.
“Hurang meunang nguseup téh euweuh hiji-hij acan.”
“Naha, Bah?”
“Hurangna laluncatan deui ka walungan sabab seumat korang daun téh lésot teu karasa da Abah jongjon teuing nguseup jeung pastina si hurang téh adug-adugan di jero korang daun da harirup kénéh ….”
“Hahahaaa……hawatos teuing Abah kawon ku hurang,” barudak nu tiluan saleuseurian.
“Hanas Abah geus nyipta-nyipta dahar buka rék nimat ngerekes goréng hurang ari pék ngabulasin.”
“Sareng lauk naon atuh tuang harita, Bah?”
“Lauk curuk wé Sép, dilamotan….”
“Hahahaa….deudeuh teuing si Abah sampai segitunyah,” ceuk si Ujin. (lajengkeuneun) **

 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas