Usum Bungah (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

“MANI pikasebeleun pisan si Darsép mah maké jeung ngapung tina dipan kana ubin, nya heueuh moal nanaon pira gé satengah méter. Barina gé lain ngapung nu kitu patut mah, ajrut. Cilaka kumahana?”
“Jih, puguh cilaka, Jn.”
“Cilaka kumaha Darsép?”
“Enya saméméh sirik ka manuk hayang bisa ngapung téh si Obén ngadahar cau ambon. Cangkangna jol lung wé kana ubin. Tah basa manéhna ngapung téa, cangkang cau téh katincak, mokaha tisolédat, tijengkang, sirahna ngajeduk kana biwir dipan….”
“Alaaah siah…..teu nanaon juru dipanna?”
“Puguh potong, dibawa ka rumah sakit dioprasi…..!”
“Hahahaaa……dasar nu garélo!”
“Geuleuh tuda Mon hantem wé uing diulinkeun ku si Darsép. Sakali-kali mah uing gé hayang ngulinkeun….”
“Nya teu nanaon barudak sakadar kaulinan mah, banyol, sisiwo, ngan ulah kaleuleuwihi da urang mah hirup jeung aturan ngarah salamet. Lamun nambut istilah nu nembé marulih ti Tanah Suci mah, sing tiasa ngajaga kamabruran, barudak…….”
“Kamabruran, Bah?”
“Enya, Jin, Mon, Sép. Apanan di antara doa nu dipiharep nu jararoh ka tanah suci Mekah téh sing janten haji mabrur. Naon hartosna mabrur téh Cép?”
“Ah moal enya Abah teu uninga?”
“Nya sakedik mah terang mung ari ku Cép Dodi mah tangtosna langkung pertéla.”
“Ah sami baé abdi komo teu acan pangalaman. Mung kukupingan mah mabrur téh hartosna kirang langkung amal ibadah urang téh sing janten kaséan, sing katampi ku Alloh SWT. Kitu rupina mah Bah.”
“Tah éta barudak. Nya dina emprona mah nu mabrur téh lain wungkul ibadah haji, tapi ibadah-ibadah séjén ogé kudu mabrur, nya Cép?”
“Muhun Bah. Anu sok sarolat, tanda solatna mabrur nya ngamalkeun ajén inajén solatna utamina solat téh kanggo nyegah pagawéan masiat. Pami urang sok solat tapi ogé sok masiat, tawisna ibadahna can mabrur. Nya kitu nu tos marulih jaroh ti tanah suci kamabruran téh kedah katawis dina paripolah sadidinten aya dina kasaéan atanapi kamabruran, nya Bah?”
“Leres Cép, leres kitu pisan.”
“Tah déngékeun Sarmon. Mun manéh sok solat, jauhan masiat. Manéh mah ongkoh solat ongkoh silat!”
“Alus wé solat diadumaniskeun jeung silat mah, sehat lahir batin, Surjin!”
“Nya heueuh ari silat béla diri atawa penca mah. Sedengkeun manéh mah sok silat lidah alias ngabohong…..”
“Ah bisa wé ka batur ilaing mah Jin ari sorangan leuwih-leuwih.”
“Alus wé dileuwihan mah.”
“Enya meuli béas saléter dileuwihan saléter, alus. Ari néké sirah batur dileuwihan bekok mah leneng wé nu aya.”
“Hahahaaa…….minggeus ah tong sarisiwo waé barudak. Nu sidik mah urang ngiring bingah ka wargi-wargi urang hususna ti Jawa Barat, umumna sa-indonésia nu tos marulih jaroh ti tanah suci, mugia sing janten haji mabrur, hajjah mabruroh…”
“Aamiin….,” barudak raéng ngaaminkeun.
“Sanés Bah éta téh ari tos haji kedah aya gelar, muhun upami pameget Pa Haji istri Bu Hajjah?”
“Teuing atuh barudak. Manawi Cép Dodi apal?”
“Duka atuh Bah abdi gé poékeun. Mung kantos nguping dina sapalih ceramah agama yén teu aya katangtosan agama kanggo gelar haji atanapi hajjah téh. Rupina éta mah kalebet kana adat istiiadat.di urang.”
“Janten upami kanu mulih jaroh teu nyebat haji gé teu sawios nya Bah, nya Cép?”
“Nya teu nanaon da teu aya katangtosanana, Kang Ujin. Atuh badé ngahurmat duméh katalian ku adat istiadat, nya mangga da taya laranganana deuih.”
“Da anu ngartos mah nu tos jarah teu disebat gelar haji gé moal nanaon nya Bah?”
“Muhun Cép.”
“Leres Cép. Moal cara Mang Uyé.”
“Na kumaha kitu Mang Uyé, Darsép? Awas siah mun nipu deui.”
“Hahahaaa……sieuneun si Ujin, euy!” si Omon ngagorowok.
“Bener ieu  mah Jin. Si Mang Uyé téh balik nyaba ti kota. Basa tumpak beus kota, aya nu dagang asong nawaran daganganana. Salakna Pa Haji, salakna, mirah sakantong lima rébu! Éta mah Mang Uyé disebut haji téh jol ngaborong salak limalas rébueun. Jero pikirna, teu ka Mekah gé disebut haji. Hédéd lah!”
“Hahahaaa….aya kituna éta si Mang Uyé, murukankeun haji téh gelarna wungkul.”
“Bener, Mon. Terus kumaha Sép?”
“Kieu, Jin,” ceuk si Asép bari derekdek ngadongéng, cenah basa balik, di jalan aya budak nanya ka Mang Uyé.
“Mulih ti Mana Mang Uyé?”
“Naon? Mang Uyé?’ Haji Uyé, kitu siah!”
“Haaar…na iraha ka Mekahna?”
“Teu ka Mekah gé dina beus kota aing geus dihajikeun, deuleu! Naha ari sia culangung?”
Kaprot-kaprot beungeut budak téh dicabokan ku Haji Uyé aéh ku si Mang Uyé. (lajengkeuneun) **

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas