Usum Panas (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“TEU kira-kira si Darsép mah ngabustam téh atuh nya heueuh siomay baso mah wajib kapanasan da tiis mah moal payu!”
“Nau’udzubillah, nya Jin.”
“Ari kitu?”
“Enya digodog siga siomay ku cai ngagolak jaga di ahérat.”
“Puguh wé Mon.”
“Nu matak sing balener hirup téh ulah kajongjonan, barudak.”
“Tah si Omon nu sok kajongjonan mah Bah. Ari keur jajan baso téh ditanya gé tara némbalan.”
“Nya heueuh satéh Surjin da balangah mah kumaha mun ngahuapkeun baso kana ceuli terus uing teu bisa ngadéngé, rék tanggung jawab manéh?”
“Emh, si gejul! Embung dipénta mah embung dipénta wé satéh Sarmon!”
“Hahahaa…..”
“Naon deui Bah sajabi ti panas leungeun dina basa Sunda ngeunaan panas téh?”
“Aya, Jin. Panas tiris.”
“Muhun nya?”
“Panas tiris mah kasakit adil, barudak!”
“Adil kumaha Bah?”
“Nya adil sabab kajaba panas téh aya tirisna. Coba lamun panas wungkul atawa tiris wungkul.”
“Lah, Abah onaman. Saadil-adilna gé panyakit.”
“Kasakit kituh Mon.”
“Na bénten nyah kasakit sareng panyakit, Bah?”
“Aya bédana, Mon. Panyakit mah tina basa Indonesia ‘penyakit’, jadi nu asli Sundana mah kasakit. Siga nénjo jeung nempo, nénjo mah ningali, nempo mah ngalongok nu gering.”
“Kitu, Bah?”
“Enya, Mon.”
“Karunya ka dokter wé uing mah.”
“Karunya kumaha, Jin?”
“Sumuhun Bah, pan ngubaran nu panas tiris mah kedah dobel. Kahiji ngubaran panas kaduana ngubaran tiris.”
“Lah, na mani kudu jadi pamikiran teuing, Jin, da dokter mah geus ahlina réh kasakit naon rék kasakit naon gé moal bingungeun.”
“Tapi abdi mah sok hélok Bah, sapinter-pinterna dokter pinter kénéh nu gering.”
“Lah, sok lahuta, Surjin, bet pinter kénéh nu gering sagala?”
“Sok wé manéh mun keur berobat apanan dokter téh sok nanya, naon nu karaos? Mana kitu gé dokter teu apaleun.”
“Nya heueuh atuh Surjin da nu ngarasakeun kasakitna gé nu gering lain dokter. Manasina dukun.”
“Naaa… ari dukun kumaha kitu?”
“Nya ari dukun mah pan kasebutna gé weruh sadurung winara euk Aki uing gé….nyaho kanu can kajadian.”
“Terus?”
“Enya begitu datang pasén dukun mah jol apal wé kana kasakit pasén téh. Cenah gé, Bapa teu damang nya?”
“Hahahaa….nya heueuh atuh ari nanya nu kitu mah gampang da moal pati-pati jelema ngadatangan dukun ari euweuh kaperluan jeung boga kasakit mah satéh Sarmon!”
“Jeung dukun mah teu éléh kasaktén barudak, mun aya nu uubar terus ngaku paranas tiris atawa muriang ditudingkeun ka jurig.”
“Kitu nya Bah?”
“Enya barudak, keur jaman can maju, keur dokter saeutik kénéh, nu muriang panas tiris téh cukup ka dukun. Diubaranana ku jangjawokan, cenah kasarumahan.”
“Naon kasarumahan téh Bah?”
“Kasarumahan téh kasurupan, karanjingan roh nu marakayangan ku sabangsaning lelembut, dedemit, siluman, jeung sajabana.”
“Nu ngageugeuh sabangsaning tangka kai gedé di sirah cai nya Bah?”
“Bener Sép. Nu matak ceuk kolot ulah sompral, sok aya akibatna.”
“Leres, Bah. Saur pun aki gé kantos kajantenan. Aya nu sompral di sirah cai, kontan cilaka.”
“Nu bener Darsép?”
“Bener Surjin. Ceuk Aki uing harita aya jelema sompral hahaok di sirah cai, pajah téh mana jurig? Mana dedemit, mana siluman. Sok ka dieu, gelut jeung aing!”
“Anyiiiir…wanian kitu. Terus kumaha Darsép?”
“Kontan cilaka Jin. Jol ngajungkel teu inget di bumi alam!”
“Disiksa dedemit meureunan nya?”
“Sirahna katinggang kalapa, Jin!”
“Gélo siah Darsép geus nipu deui waé!”
“Hahaaaa……” (lajengkeuneun) **

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas