Tragédi Bi Rahi (1)

“NGAN urang waé ieu téh Sép?”
“Naon téa Jin?”
“Naon kénéh waé ning Darsép?”
“Oh….enya lah ngarti Jin. Teu urang waé, aya limaan.”
“Limaan ti endi manéh téh Darsép? Sidikanan si Bah Adun euweuh cenah keur ka lemburna heula. Si Cép Dodi nya kitu kénéh da keur riweuh di kampusna. Si Sarmon lebeng deuih, teuing keur ka mana.”
“Teu apal manéh ka mana si Sarmon, Jin?”
“Apal mah tadi gé geus disebutkeun satéh Darsép!”
“Keur bobogohan jeung si Mimin.”
“Naon? Sakali deui keur naon?”
“Héy, héy, héy…….nanaonan Ujin manéh nyékék si Asép, hayang paéh?”
“Aéh, Bi Rahi. Heureuy wé kuring mah.”
“Moal enya heureuy mani nyeri kieu Surjin?”
“Naha atuh siah nyebutkeun si Omon keur bobogohan jeung si Mimin?”
“Ceuk saha Ujin?”
“Ceuk si Darsép Bi. Ceuk uing téh teuing ka mana si Sarmon euweuh ulin ka dieu. Ceuk si Darsép téh si Sarmon keur bobogohan jeung si Mimin, kitu tah Bi!”
“Si Omon mah lain keur bobogohan jeung si Mimin, keur ka ninina cenah gering.”
“Tah déngékeun Darsép, manéh mah sok ngareureuwas waé…..”
“Bener, Jin. Si Mimin mah teu bobogohan jeung si Omon, tapi jeung……”
“Jeung saha Biiiiiiii? Bi Rahi deui saruana jeung si Darsép! Hayang ngasaan ieu yeuh?”
“Ampun Jin, ampun, heureuy Bibi mah heureuy……”
“Hahaaaa……si Bibi sieuneun.”
“Lain sieun Sép, Bibi mah, karunya.”
“Karunya Bi?”
“Enya karunya, bisi teu tulus kawin jeung si Mimin. Kétang keun waé teu tulus ka si Mimin mah jeung Bibi wé nya Jin? Hahahaa…….!”
“Kumaha, Bi?”
“Kawin jeung Bibi nya? Baé randa gé da weuteuh kénéh………!”
“Weuteuh sakitu geus ku tiluan téh.”
“Na ari ceuk mané h naon nu weuteuh téh Ujin?”
“Sumuhun, eu……sumuhun, eu sumuhun…..”
“Sumuhun naon Ujin? Sing jelas bisi ditéké!”
“Mani teu ngartos. Éta sugan naon nu sok dipasihkeun ka Mang Uyi, Mang Koyod, jeung Pa Hugi ari keur saré!”
“Bantal, Ujin!”
“Haaar…..paingan parundung atuh ari ukur dibéré bantal mah.”
“Paduli teuing. Yeuh Surjin tong boga pikiran ngeres. Nu weuteuh téh sepré…….!”
“Oooooh….manawi téh……”
“Geus kawas kumaha mah meureunan étana mah Jin.”
“Naon nu geus kawas kumaha téh Darsép? Ngaromong téh mani dibuni-buni, borétékeun ka dinyah! Hayang ningali conto dibrétékeun?”
“Ih, ulah Bi, ulah….lalawora teuing! Uing jeung si Asép téh bujang tulén ningali Bibi ngaborété mah utah atuh……!”
“Naha bet utah Surjin?”
“Bau!”
“Hahaaaa……….!”
“Sanés Asép mah panasaran Bi. Ku naon sih Bibi rarandaan?”
“Pangna Bibi rarandaan Sép?”
“Sumuhun.”
“Sabab teu boga salaki.”
“Nya muhun atuh ari leresan étana mah. Maksad téh naha Bibi pipirakan sareng Mang Uyi, Mang Koyod, sareng Pa Hugi?”
“Pangna pepegatan, Sép?”
“Sumuhun.”
“Sabab teu nyambung da lamun nyambung mah moal pegat.”
“Pinter si Bibi mani tiasaan nyariosna!”
“Bibi téa randa jaman now…….kajaba pinter gaul téh lihéy ngagéol….hahahaaa……! Heueuh pinter ngagéol lamun keur napi, barudak.”
“Ah, si Bibi mah sok ngabibita.”
“Ari kabita mah atuh naha diajak kawin mani hararésé, Ujin?”
“Embung teuing!”
“Alllaaaah….si Ujin nampik. Rasakeun siah dipélét géol Cikelét tau rasa luh!”
“Kawas kumaha pélét géol Cikelét téh, Bi?”
“Adék-adék péngén tahu? Jangan ke mana-mana terus manco di Heuras……..!” (lajengkeuneun) **

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas