Nu Manjangan (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga
“MANI kacida Nyi Ruan mah kikituan waé kudu dibingbing ku indung, nya?”
“Apan sieun téa, Jin.”
“Naha maké sieun?”
“Cenah mah disingsieunan ku babaturanana nu geus kawin, Jin. Nyeri siah teu béda jeung ditojos ku jarum layar ceuk babaturanana téh.”
“Hahahaaa…..kacida étah nu nyingsieunan.”
“Disaruakeun jeung jarum layar mah teu disunatan meureunan nya, méncos kénéh.”
“Hahaha….si Bi Rahi mah pajah teu disunatan.”
“Nya heueuh Ujin da nu geus disunatan mah dikopéahhajian nu matak deungdeuleueun téa….”
“Naon nu matak deungdeuleueun téh Bi?”
“Kopéah haji, Ujin, kopéah haji. Geura nya kopéah haji heug dianggo ku Dilan, hih keur kasép téh ganteng……..Iraha Bibi laksana ditanyaan ku Dilan.”
“Hahaaaa…..hayang wé boga Dilan, moal gé kersaeun, Bi Rahi!”
“Teu apaleun ka Bibi. Padahal mah najan geus rarandaan tilu kali Bi Rahi mah wanieun kénéh nadah bujang.”
“Nadah naonna ih, mani palalaur si Bi Rahi mah?”
“Nadah pamahugina, Darsép!”
“Ooh…pamahugina manawi téh nadah nu manjangan dikopéah haji.”
“Éta ongkoh.”
“Hahahaha……”
“Naon deui cenah Bah nu manjangan sajabi ti undakna iuran BPJS téh?”
“Loba, Jin, moal kaitung. Siga manjanganana Bandara Kertajati balukar sepi alias tiiseun ku panumpang, pangusaha angkutan ngeureunkeun usahana ka dinya alatan taya panumpang. Di Bandung urang dinas pariwisata ngangluh tur meredih sangkan armada kapal ngapung nu pindah ka Ketajati ti Bandara Husén dipindahkeun deui da cenah Bandara Husén jadi tiiseun. Jalan tol Cisumdawu cenah manjangan…..”
“Manjangan dugi ka Cirebon, Bah?”
“Lain manjangan nyieun jalanna, tapi manjangan urusan pembebasan lemah atawa tanahna alatan haregana teu sapuk da murah teuing.”
“Naon deui Bah nu manjangan téh?”
“Loba pokona mah, Jin. Tur pasualan siga kitu mah pasti rudet ngaréngsékeunana lamun pada-pada neugtreug mah. Manasina manjangan buuk jeung manjangan kuku piuntungeun.”
“Haaar….naha nyanyandak kana kuku sareng buuk, Bah?”
“Enya Jin. Manjangan kuku jeung buuk mah rejeki mucekil.”
“Kitu Bah?”
“Nya heueuh Ujin. Ari ilaing datang ka tukang cukur alatan naon?”
“Nyaaa…alatan buuk abdi manjangan, Bah.”
“Terus saréngséna dicukur?”
“Nya mayar tangka limalas rébu ayeuna mah, saeutikna sapuluh rébu. Rugi puguh.”
“Rugi kumaha Ujin?”
“Sumuhun rugel Bah nya buuk euweuh nya kudu mayar.”
“Enya keur ilaing mah tapi keur nu nyukuran?”
“Untung meunang duit.”
“Tah éta nu disebut rejeki mucekil gara-gara buuk manjangan. Coba mun buuk tara manjangan meureunan moal aya tukang cukur.”
“Leres nya Bah. Gara-gara kuku manjangan, aya rejeki keur nu dagang gunting kuku jeung pabrikna.”
“Bener pisan Jin. Untung wé irung mah tara manjangan, mun manjangan siga buuk atawa kuku meureunan unggal usik kudu disopak.”
“Hahaha…..Abah onaman mani kacida.”
“Ngan hanjakal wé tukang cukur téh…..”
“Hanjakal kumaha Bi?”
“Hanjakal euweuh tukang cukur nu ngajakan kawin ka Bibi.”
“Ngarah naon kawin ka tukang cukur?”
“Ngarah kabawa kawasa sabab ditingali-tingali téh tukang cukur mah kawasa pisan ngadegung-degung sirah saha baé, ti rahayat tepi ka pajabat. Mastaka presidén gé ku tukang cukur mah tunduk.”
“Ngagulak-gilek panginten Bi, lain ngadegung-degung?”
“Kanu mayar gedé digulak-gilek mah Jin. Kanu saeutik angot nganjuk mah didegung-degung bari ditéké.”
“Hahaaaa…..ngaco, ah. Barina gé gedé rosikona kawin ka tukang cukur mah, Bi.”
“Gedé rosikona kumaha Darsép?”
“Tah Bi Konah apan pepegatan jeung Mang Daryat nu tukang cukur téa.”
“Alatan naon cenah?”
“Bi Konah teu tahan sabab unggal usik Mang Daryat nyukuran jujukutan nu ngabalaan sawah sakotak Bi Konah di Legokhangseur.”
“Si gélo! Naha maké kudu dicukuran sagala cenah Darsép?”
“Ribet, capé nyuay-nyuayna lamun rék baranggawé, cenah Bi.”
“Hahahaha………” (lajengkeuneun). **
Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas