Nu Manjangan (5)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

“SOK dongéngkeun kumaha trik Ceu Lian ngawét-ngawét cinta tinu manjangan téh Darsép?”
“Kieu Jin, dina hiji peuting saméméh padungdung jero sarung.”
“Padungdung jero sarung Darsép?”
“Mani teu ngarti manéh mah Ujin! Padungdung jero sarung téh, heuheu-heuheu……..”
“Naon heuheu-heuheu téh, Bi?”
“Ngeureuyeuh digawé atuh Ujin!”
“Ooooh….enya ngarti lah Darsép. Tapi naha mani di jero sarung?”
“Nya heueuh moal enya di jero dreum. Yeuh jelema baheula mah apik rék kikituan téh. Lampu dipareuman, terus dirurub deui ku sarung atawa simbut.”
“Ih, mani pedit! Kumaha noongna atuh meureun moal katingali?”
“Lain toongeun nu kitu mah Ujin, harom nu matak dibuni-buni ogé. Manasina jelema jaman kiwari kikituan téh ngahaja ditembrak-tembrak, dicaangan, malah dividéo, terus disebarkeun dina médsos hayang dilalajoan…..!”
“Saur saha, Bah?”
“Maké saur saha, geus arapal saréréa gé.”
“Kalebet Abah?”
“Ceuk si Asép Abah gé, nya Sép?”
“Hahaaaaa…..ditudingkeun ka batur si Abah Adun mah, ngaku wélah!”
“His, tara Abah mah.”
“Tara kalangkung!”
“Mingggeus ah, sok Darsép kumaha cenah lalakon Ceu Lian téh?”
“Muhun diajar tinu manjangan Bah. Saméméh prung padungdung jero sarung téh Ceu Lian ngagucel jimat salakina terus ngaharéwos, A tadi mah si ujang ieu cineten pondok. Naha ayeuna jadi ageung sareng manjangan? Dijawab ku salakina pan aya kahayang.”
“Hahaaa…..terus Darsép?”
“Ceuk Ceu Lian téh tah cinta urang ogé kedah siga si ujang ieu manjangan, ulah cineten taya hojah angot ngaleungit mah tada teuing abdi bakal sedihna…..Tah sakitu Bah, Jin, Bi Rahi, trik Ceu Lian mah.”
“Si géhél aya-aya waé, Darsép!”
“Kabita deui nya Bi?”
“Henteu, Ujin teu kabita ku aki-aki mah! Hahahaaa…..!”
“Najan ukur heureuy tapi da mémang bener kudu manjang cinta dina rumah tangga téh, ulah héboh keur bulan maduna wungkul, sabulan dua bulan, ka dituna amburadul terus mumusuhan nepi ka aya nu téga silihpaténi!”
“Angot nu geus jareneng nyepeng damel siga PNS mah nya Bah?”
“Enya Jin. Ulah siga ceuk béja cenah di Kabupaten Bandung aya ratusna kasus gugat cerai di kalangan PNS tur nu panglobana téh di Dinas Pendidikan.”
“Euleuh kitu Bah?”
“Enya ceuk béja Bi.”
“Bibi onaman rék rarandaan aya pantesna da puguh boh tina ékonomi boh tina kahirupan sapooé gé loba kakurangan. Ari para PNS mah atuh nya rék naon deui, gajih geus mayeng, pangkat geus boga, kari soson-soson padungdung jero sarung……”
“Hih, teu kitu Bi. Teu PNS teu rahayat biasa pasualan rumah tangga mah pasti aya.”
“Nya muhun tangtos kitu Bah. Nu jadi patalékan téh tah lamun geus rarandaan atawa ngaduda rék naon deui?Pan meureunan rék kawin deui. Rék crukcrek kawin mah jang nanahaon kaolok-olok ongkos.”
“Ka saha nyarios téh Bi? Pan Bibi gé rarandaan?”
“Aéh heueuh nya rarasaan Bibi mah parawan tingting, Ujin! Enya atuh ah kumaha dinya. Ngan sakedik aya kahoyong.”
“Palay naon Bi?”
“Nya sugan wé ti antara duda PNS téh aya nu  berminat ka Bibi. Geura yeuh si Bi Rahi randa gaul bodi yahud, ditilik ti gigir lenggik, disawang tii tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup. Ditutug ti luhur pastina hipu….!”
“Naon nu hipu téh Bi Rahi?”
“Tahu cibuntu Ujin, tahu cibuntu. Geura sok tahu cibuntu nu munuu nu meunang ngagoréng terus dicocol atawa ditutug ku sangu, pan hipu moal enya ngabeletrak!”
“Hahaaaa….atos Bi ah, kalah manjangan ningan! (réngsé) **

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas