Usum Burung (1)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“KAMARI mah aya nu paraséa Bah.”
“Nu paraséa, Jin?”
“Muhun, Bah.”
“Pasti jelema nya Jin?”
“Coét satéh Darsép! Nya heueuh atuh jelema nu paséa mah.”
“Mani ngambek kitu-kitu waé gé manéh mah Ujin.”
“Paraséa kumaha kitu Jin?”
“Ceuk pamajikanana téh ka salakina, ari sia burung ngaheureuyan budak SMP?”
“Pantes wé rék ngomong kitu gé.”
“Pantes kumaha ari Abah?”
“Nya bener laku lampah kitu mah pantes disebut jelema burung gé!”
“Moal enya kolot ngaheureuyan budak SMP ukur disebut burung!”
“Haaar….ari Ujin nyaho teu naon hartina burung?”
“Maké teu nyaho sagala ari Bi Rahi. Ceuk saréréa gé burung mah manuk.”
“Hahahaa…..burung manuk cenah Bah?”
“Nya enya burung mah manuk, Bi Rahi!”
“Yeuh Ujin enya bener burung téh hartina manuk lamun ceuk basa Indonésia mah, tapi burung dina basa Sunda mah hartina kieu yeuh!”
“Naha nyangéyéngkeun curuk dina tarang si Bi Rahi atuh éta mah OTM alias otak miring alias gélo!”
“Heueuh burung dina basa Suda mah hartina gélo, Surjin.”
“Ooooh…gélo nyah burung téh, paingan atuh si awéwé nu paséa nyebut burung ka salakina nu nganjng cai ka budak SMP.”
“Nya heueuh gélo bin burung kawas euweuh deui awéwé. Saha lalakina Ujin? Béjakeun, Bi Rahi léléngohan kénéh kituh!”
“Hahahahaha….kabita nyah Bi?”
“Geus lila kahalodoan, garing pisan Darsép.”
“Naon nu garing téh Bi?”
“Kembang dina pot Ujin geus lila kahalodoan mani garing.”
“Hahahaa…..,” sareuri.
“Enya jaman kiwari mah loba jelema burung alias nu teu calageur, teuing ku nanahaon, matak bingung mikiranana.”
“Kitu Bah?”
“Sok wé barandungan ku saréréa, contona jalma nu dipaténi terus layonna dicor téa, apan ceuk panalungtikan nu wajib nu ngarogahalana téh pamajikanana jeung anakna pituin.”
“Euleuh?”
“Enya Bi. Cenah keur saré dirogahalana gé, sirah korban ku anakna ditinggur ngagunakeun linggis, terus dikubur lebah dapur dirurub ku cor saterusna di luhurna diadegkeun musola. Ari pangna téga nelasan kolotna sorangan cenah si budakna téa hayang geura-geura meunang harta warisan. Ari pamajikanana mah duméh timburuan pédah korban téa dulak-delék ka awéwé séjén.”
“Emh matak maruringkak sabulu-bulu ngupingna gé, Bah. Naha nya aya jalmi nu téga siga kitu?”
“Nya pastina ogé dua hal nu mangaruhanana Jin. Kahiji, godaan sétan kadua godaan napsu. Da ngan dua éta nu sok mangarahuan haté jelema mah. Lamun teu mampuh ngayonanana nya jelema salin jinis jadi iblis mindarupa jadi sétan, ajén inajén kamanusaanana leungit alias jadi jelema burung.”
“Tangtosna gé sanés burung manuk nya Bah?”
“Enya Jin lain burung manuk, tapi burung gélo nu saenyana mah burung keur jelema siga nu ngakaya bapa atawa salakina téh ukur sesebutan da nu saenyana mah manéhna téh jelema cageur, jelema séhat.”
“Haaar teu puguh Abah mah sidik jelema gélo da laku lampahna nirca kabina-bina!”
“Ukur sesebutan Jin sabab ari jelema gélo mah ngaranna gé owah, uteukna teu walagri, mikirna moal jejeg. Pan ieu mah tujuan maténi téh aya pangarahan, hartina direncanakeun. Nu matak bakal kajiret ku hukum da jelema séhat. Jelema gélo mah moal kajiret hukum da teu cageur téa…”
“Oh kitu Bah?”
“Enya Jin.”
“Leres Bah. Pan aya kajantenan.”
“Kajadian kumaha Darsép?”
“Kieu Jin,” ceuk si Asép.
Derekdek ngadongéng cenah aya awéwé gélo, disampeurkeun ku lalaki nu gélo deui.
“Nyi, yu ah urang sosonoan tuh di jero saung,” ceuk nu gélo lalakina téh bari ngabebedol leungeun nu gélo awéwéna ngan ditolak.
“Najis!” ceuk nu gélo awéwéna.
“Naha alim Nyi? Hayu ah Akang geus pangseng yeuh, tingali manuk Akang geus hudang.”
“Najis. Sakali najis tetep najis sabab sia mah lain jelema gélo, jelema cageur!” “Naon buktina?”
“Bukti nyata manéh ngajak sosonoan di jero saung naon maksudna?”
“Enya tuda kikituan di pasar mah éra, loba jelema kuriak narurutan.”
“Heueuh éta téh tandana sia cageur da boga kaéra. Ka ditu siah nyingkah bisi aing katépaan cageur!”
“Hahaaaa……!” (lajengkeuneun) **

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas