Usum Burung (2)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

“TAPI dipikir deui aya benerna nya pamikiran si awéwé gélo.”
“Bener kumaha Jin?”
“Sumuhun lain gé jelema gélo ngajak teu uni bari nyamuni mah. Mun enya mah gélo moal aya kaéra.”
“Ngan éta wé pajah téh sieun katépaan cageur, batur mah hayang cageur.”
“Tuda jadi jelema cageur mah loba aturan, Bi. Dahar kudu nu bergiji, awak kudu dicalanaan dibajuan. Coba nu gélo, ulad-alid gé damang wé……”
“Jadi manéh hayang jadi jelema gélo ngarah teu dibaju ngarah teu kudu usaha Ujin?”
“Teu nanaon asal jeung Bi Rahi wé méh aya batur….!”
“Hahaaa……”
“Amit-amit ah tong harayang jadi jelema burung Jin, Bi, Sép. Sangeunah-ngeunahna, sasenang-senangna, sabébas-bébasna jelema burung moal siga jelema walagri.”
“Leres, Bah. Ngan éta wé disidik-sidik téh nu gélo mah ngan seuri jeung seuri wé euweuh nu ngalayanan gé, atuh ngacaprak sidik ngacaprukna……”
“Hayang apal naon sababna nu gélo  sura-seuri waé sorangan, bangun euweuh kasusah, Jin?”
“Na kumaha kitu Bah?”
“Abah gé ceuk Kiai nalika tablég cenah pangna nu gélo sura-seuri waé téh    sabab geus  dijamin asup sawarga.”
“Haaar…naha Bah?”
“Apan heueuh nu gélo mah bebas tina tungtutan hukum da uteukna teu waras, teu solat teu zakat gé teu nanaon….”
“Hahaaa…..atuh mending gélo wé Bah mun kitu mah.”
“Nya teu kaci atuh Jin. Gélo modél kitu mah angger wé keuna ku hukum.”
“Naha Bah?”
“Nya enya da gélona dihaja, dipikahayang, dicita-citakeun.”
“Kitu nya Bah? Nya mending cageur wé atuh ah ari kitu mah.”
“Enya ceuk Abah gé tadi mending cageur, sangeunah-ngeunahna nu burung angot burungna dihaja mah bakal aya wawalesna. Sabuni-bunina nu nyumputkeun tarasi pasti kaambeu, sapinter-pinterna siluman pasti katohyan. Buktina apan ramé jadi berita désa siluman.”
“Alaaaah….na aya désa siluman Bah di mana? “
“Di ditu di nagri batur di Indonésia nu palasipah hirupna Pancasila mah moal aya.”
“Hahaaa…..bisa wé si Abah mah.”
“Bisa kumaha Sép?”
“Sumuhun maksad Abah téh dana désa piktip alias palsu téa sanés?”
“Geuning Asép apal?”
“Asép téaaaaa…, Bah.”
“Lieur uing mah aya nu nyebut désa siluman aya deui dana désa piktip. Cik terangkeun Bi.”
“Yeuh Ujin, piktip téh paragi ngabeureuman biwir ngarah amucuy pikabitaeun lalaki.”
“Éta mah lipensetip atuh Bi.”
“Oh enya nya, ari dana désa  piktip naon atuh Bah?”
“Enya saur nu di luhur cenah di hiji wewengkon aya nu ménta sumbangan nu disebut dana désa téa. Ari nu aya désana mah nya kabagéan. Tah di hiji wewengkon mah kapanggih aya paménta dana désa tapi désana euweuh bungkeuleukanana alias siluman, tapi duit mah ngocor. Ngarugikeun tah ka nagara alias korupsi téa.”
“Yéy kitu nya Bah? Jelema burung deui waé atuh ari kitu mah, pikasebeleun pisan!”
“Enya ceuk Abah gé usum burung jaman édan kiwari mah.”
“Diarulik nya Bah hayang boga bati téh bélaan ti kerja sama jeung siluman.”
“Teu béda jeung dukun burung, Jin.”
“Dukun burung Darsép?”
“Enya Jin.
“Kumaha lalakonna?”
“Kieu, Jin,” ceuk si Asép, derekdek ngadongéng cenah aya awéwé boga  kasakit nya dudukun. Ceuk dukun éta awéwé diheureuyan ku siluman oray bedul nu nyirekem di lelewek Legokhangseur éta awéwé. 
“Kedah kumaha upami hoyong cageur Abah?”
“Taya deui jalan iwal ti kedah dilawan ku oray deui.”
“Oray, Abah?”
“Sumuhun oray.”
“Carana?”
“Nyaaaa……oray inguan Abah kedah ngasruk ka Legokhangseur Nyai kanggo ngayonan siluman oray bedul!”
“Hahahaa…..nyaan dukun burung, Darsép!”
“Di mana dukunna Sép?  Bibi rék ka dinya ah.”
“Kabita Bi?”
“Saeutik, Ujin.”
“Hahahaha…….” (lajengkeuneun) **

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas