Usum Burung (4)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

“TADA teuing hangseurna kiih nu gélo dina teras imah, Darsép?”
“Ceuk urang hangseur sotéh Jin , ceuk nu gélo mah seungit kasturi.”
“Teu béda ti nu kaédanan ku gowok Legokhangseur, bélaan nyimpen rékaman vidéo mini di WC kajeun hangseur paduli hangru.”
“Wah maenya, Bah?”
“Enya, Jin.”
“Saha jalmana ngarékam dinu hangseur?”
“Kitu da si Ujin mah tara gaul jeung berita, matak teu nyaho. Ramé diberitakeun aya mahasiswa nyimpen rékaman di jero WC kampus paragi mahasiswi.”
“Anyiiiiir…….nyaan Darsép?”
“Enya Jin, ceuk Abah gé enya.”
“Ngarékaman naon nya?”
“Ari manéh Ujin balilu béakeun ku sorangan. Yeuh, samangsa-mangsa awéwé asup ka WC tangtu rék bubuang. Tangtu wé kudu sagala dibuka, enya pakéan, bisi teu nyaho mah kieu yeuh carana…….”
“Jih ulah Bi ulah. Nanaonan maké rék prakték muka papakéan di dieu….”
“Hahahaa….tuda si Ujin mah mani teu percayaan…..”
“Mahasiswa nya Bah?”
“Enya mahasiswa. Carana cenah ceuk berita mah, si budak mahasiswa téh nyimpen alat  ngarékam  video lemét dinu suni tangtuna gé , tah geus sajam, balik deui nyokot, terus dibuka vidéona dina HP, terus dinikmati…….”
“Anyiiiir……sabataé noong gratis nya.”
“Sabataé, sabataé, kalakuan jelema burung, burungna gé pisan tamah……Surjin.”
“Ceuk uing mah lain jelema burung tamah jelema cageur da sagélo-gélona gé nu gélo moal aya nu tuang-toong siga kitu.”
“Nya enya da teu bogaeun atuh Jin.”
“Kabayang wé aingah, Sép.”
“Kumaha kitu Jin?”
“Heueuh lamun mahasiswina Bi Rahi, terus karékam ku si budak mahasiswa eusleum téa, jol ngagoak wé sigana  ngalalajoanana.”
“Naha ngagoak Surjin?”
“Baluas ningali nu gorowah bari raweuy ku sabangsaning akar-akaran ………..”
“Hahaaaaaa……..”
“Cabok ku aing siah Surjin, maké nyebut gorowah! Rapet kénéh deuleu!”
“Hahaaa…..”
“Tah kitu pinterna sétan ngagoda jelema  sakumaha ceuk jangji manéhna yén moal eureun-eureun ngagoda anak incu Adam tepi ka kiamat.”
“Kitu Bah?”
“Nya enya. Mun baheula ngintip nu keur kikituan téh ngorowék bilik, naék kana tangkal kai nénjo nu keur mandi di tampian, atawa api-api  teu nyaho di tampian aya awéwé mandi……”
“Pangalaman, Bah?”
“Pangalaman batur, Sép”
“Ku Abah diturutan, nya?”
“Ah siah Ujin ngahinis.Tah ayeuna mah ngintip téh  ngagunakeun alat.  HP téh  gedé mangpaatna keur kahirupan manusa, tapi  bisa leuwih gedé deui madorotna lamun disalahgunakeun siga oknum mahasiswa téa …..”
“Aya kituna éta mahasiswa burung nya Bah!”
“Lain nu burung lain nu gélo, Jin, tapi nu cageur, malah nu pinter. Nu matak   éta si mahasiswa téh
ditibanan hukuman.”
“Leres Bah da nu gélo mah moal dihukum nya? Nu matak  sok aya jelema nu api-api gélo keur nyalametkeun diri tina ancaman hukuman siga Si Kina.”
“Kitu, Darsép?”
“Enya Bi. Si Kina nu kitu peta téh.”
“Kumaha kitu?”
“Kieu Bi,” ceu si Asép, derekdek ngadongéng si Kina basa ngéndong di imah babaturanana nu boga adi awéwé  nu nya geulis nya bahénol . Tengah peuting manéhna hudang, lunga-lengo ka kamar adi babaturanana nu kabeneran panto kamarna méléngé, kasampak  adi babaturanana keur saré bari orat ka mana mendi. Si Kina ngeteyep   teu tahan nénjo nu ngagelempong. Ngan teu tulus sabab borondong garing.”
“Borondong garing?”
“Enya Bi, borondong garing alias ngarongkong kaburu nyaring. Reuwas tah Si Kina téh sieun kawiwirangan. Barang kaperego    téh jol réngkénék wé ngigel.”
“Uing gélo, uing gélo, uing gélo, uing gélo………..,” cenah bari undur-unduran rék kabur, ngan kaburu kacerek ku bapana éta  budak awéwé.
“Teu percaya aing mah sia ngaku gélo. Moal enya nu gélo rék lumpat.”
“Leres Béh abdi gélo.”
“Lamun enya silaing gélo, cik teguh eusi sisindiran. Toroktok olé-oléan, hayoh jawab naon eusina?”
“Toroktok olé-oléan, nu montok beuki kurupuk……”
“Ngaco, sajauh-jauh!”
“Hayoh jawab, toroktok olé-oléan, nu montok beuki…..?”
” Ééééé……”
“Tah geus rék keuna. Toroktok olé-oléan nu montok beuki….?”
” Éééééwateueueun……….”
“Haaaaaa……” (lajengkeuneun) **

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas