Usum Balon (5)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

“PADAHAL mah milu ka wésé ngarah dibéré, Jin.”
“Dibéré naon Bi? Dibéré bau, paling gé. Embung teuing.”
“Na hayang dibéré naon? Dibéré awéwé?”
“Embung.”
“Naha?”
“Pan geus boga Néng Mimin, nya Min?”
“Hahahaha…..ari hareupeun mah siga nu heueuh satia. Di tukangeun mah…..”
“Di tukangeun naon Darsép?”
“Ah, henteu. Aya wé. Ngan barudak sakola mah dibéré téh aratoheun Bah.”
“Barudak sakola di mana Sép?”
“Sumuhun murangalih sakola di kota Bandung.”
“Dibéré balon meureunan nya Sép ngarah aranteng arulin?”
“Sanés Bi, dibéré anak hayam keur cooeun atawa ingueun.”
“Naha barudak sakola dititah nyaroo anak hayam lain sina nyoo buku pangajaran?”
“Oh…enya Abah gé maca beritana Sép. Nya sina nyoo buku pangajaran ongkoh sina nyoo atawa ngingu hayam ongkoh, Bi.”
“Ngarah naon cenah Bah? Ngarah mareuncit hayam meureunan nya?”
“Jih, tujuan utamana mah Bi Rahi, sangkan barudak téh ulah nyaroo teuing gadgét atawa hapé. Ningan teu di mana teu di mendi, teu wanci janari teu wayah kumaha, nu dicaroo téh ngan hapé jeung hapé wé. Tah nu matak dibéré wéh anak hayam sina diingu nu maksudna sangkan aya kagiatan positip nu ngahasilkeun boh endogna boh dagingna. Kitu tah Bi.”
“Ooooh….mani rupa-rupa pisan nya ngakalan sangkan ulah nemen teuing ulin gadgét téh.”
“Tuda ari diantep mah gedé bahayana, Bi, angot ti bubudak geus kamalinaan. Encan tina rosiko kaséhatanana, encan tina pangaruh nu goréngna siga muka situs nu teu pararuguh.”
“Kumaha tah hasilna Bah?”
“Teuing atuh can aya laporan.”
“Angger wé Bah.”
“Angger kumaha, Jin?”
“Sumuhun apan si Dédi gé pun adi nu di SMP kabagéan anak hayam téh. Euh mani éjégélér dibabawa ka mamana. Dibawa saré ka kamarna.”
“Alus atuh getén. Eureun meureunan kana ngomé hapéna?”
“Berekah, Bah. Ngan….”
“Ngan kumaha Jin?”
“Ngan ari sugan téh enya wé eureun ngomé hapé duméh getén ngurus anak hayam ti sakola.”
“Ari pkék?”
“Kuotana saat, Bah!”
“Hahahaaaa…….”
“Kana kituna mah da tong boro bebenjit, kolot ogé maceuh ngaromé gadgét téh. Nya sugan wé ku tarékah kitu aya mangpaatna nya?”
“Muhun Bah. Ulah siga si Dédi, dibéré anak hayam sangkan dikukut, mimitina wé haripeut kadieunakeun mah diantep, der deui ngomé hapé.
“Béjaan atuh ku ilaing lanceukna.”
“Enggeus Darsép, kalah ngomong nu lain-lain.”
“Ngomong nu lain-lan kumaha Jin?”
“Mun titah ngingu Luna Maya mah daék ngeureunan ngomé hapé, kiteuh?”
“Haaaaaa……murukankeun Luna Maya téh cukup diparaban huut meureunan nya?”
“Lah dasar si Dédi, Bah. Sok der ah Darsép!”
“Der naon, Ujin?”
“Geus naon deui baé? Éta dongéng Kang Juhé jeung Ceu Maé nu ngadirihdil téa!”
“Ai sugan geus poho.”
“Nya moal atuh da geus dirancang kunu ngarangna.”
“Heueuh kieu Jin. Kang Juhé téh lamun rék ngawajiban Ceu Maé tara poho kana balon kerepus ngan orokaya dina prakna mah hésé béléké.”
“Hésé ku naon cenah Darsép maké hésé agala?”
“Kang Juhéna sok teu éling, Bi.”
“Teu éling?”
“Enya. Pantes kana kituna mah apanan awak Ceu Maé mah bahénol nérkom, padat berisi, ari kulit bodas beresih matak uruy lalaki nu nénjo.”
“Terus?”
“Nyéta ku teu éling baning hayang buru-buru ngeureuyeuh sieun direbut careuh, Kang Juhé tara inget kana nanaon deui, jol gabrug to the point padungdung ngojay dina beuteung pamajikanana.”
“Jadi, balon kerepusna teu dipaké nyah Darsép?”
“Dipaké Jin, ngan salah sup.”
“Salah sup?”
“Enya, kalah diasupkeun kana sungutna dijieun peremén karét, pajah téh doping sabot ngaboséh.”
“Hahaha…..pantes atuh rék ngadirihdil gé ari kitu mah.” (réngsé) **

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas