Usum Anyar (4)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“TEU sakara-kara nya, Bah?”
“Naon téa, Jin?”
“Pésta mapag taun anyar mani héboh.”
“Kumaha deui da kitu kaharayangna, diulah-ulah ogé, Jin.”
“Sapertos hujan sareng caah nu ceuk napsu mah ulah turun dina peutingan mapag taun anyar ngarah teu ngaganggu acara, hih kalah cur bari ngecrek, nya kitu deui caahna teu beunang diulah-ulah.”
“Bener Sép, da geus usumna téa. Caah di mana-mana. Saperti biasa urang Jakarta asa diteungteuinganan ku urang Bogor.”
“Éta panginten duméh dikirim bajigur.”
“Raos bajigur mah atuh Bi.”
“Raos ti endi Ujin, bajigur caah mah geuleuh wé nu aya.”
“Biasa wéh kasakit jelema. Usum halodo jumerit ménta cai, usum ngijih tingjarerit kénéh duméh kacaahan.”
“Leres Bah, teu béda ti nasib Bibi.”
“Na kumaha kitu, Bi?”
“Sumuhun keur teu boga salaki siga ayeuna jumerit hayang aya nu maturan dina kasur, ari aya nu maturan ngajerit kénéh…”
“Naha ngajerit kénéh, Bi?”
“Jero teuing Ujin, lain ngeunah kalah nyeri.”
“Haaaaar, naon nu jero téh?”
“Nganyerikeun haténa….”
“Oh…nganyerikeun haté, sugan téh…….”
“Sugan téh naon Ujin?”
“Aya wé………”
“Hahaaa…….”
“Kedah kumaha carana nya Bah supados teu caah?”
“Kudu pindah ka bulan, Jin!”
“Leres Bah, cig Surjin bawa ka dituh si Mimin, ngeunah duaan di bulan.”
“Ah siah Darsép. Ceuk ilaing Diran, kudu kumaha sangkan teu caah atawa banjir?”
“Ceu Mumun angkat ka sawah, dibarengan ku Ceu Ai. Lamun hayang bebas caah, cicingna na tangkal kai.”
“Si gejul, aya-aya waé manéh mah Diran! Naon ngeunahna ngajedog na tangkal kai?”
“Ceu Mumun mamawa cai, kapanggih ku Akang Agah. Mun imah na tangkal kai, nu nagih ngan bisa tanggah.”
“Hahaaa….heueuh bener Ran. Ngan manéh gé moal aya nu maturan!”
“Mang Yaya narima sémah, kajeueung tina lomari. Nya aya nu maturan mah, putri reujeung widadari.”
“Widadari sireum?”
“Nyeri waos dahar togé, ngadon peureum panon nyeri. Teu sawios sireum oge, da siremna widadari.”
“Hahaaaa…..teu béakeun omong si Diran. Lawan Surjin!”
“Teuing ah siah Darsép! Ceuk manéh Ya, kumaha carana sangkan ulah kabanjiran atawa kacaahan?”
“Gampang cara nangkal caah mah Kang. Jangankan caah ngan sakadar sadampal panahan awak.”
“Naon panahan awak téh?”
“Suku jin.”
“Oh kitu Bah. Terus Sarya?”
“Nya, jangankan sakadar caah sadampal panahan awak, caah sapalangkakan atawa sadada atawa satarang atawa samastaka, taya masalah, gampang ngakalanana.”
“Nu bener Sarya? Sok buru geura béjakeun kumaha carana, suga wé manéh diangkat jadi ahli ngungkulan banjir rongkah!”
“Taya masalah, gampang!”
“Enya sok béjakeun ari gampang jeung taya masalah mah!”
“Masalahna, saha yang bakal mayarna, paham?”
“Hahaaa…..geus katipu deui si Ujin!”
“Heueuh Darsép. Gélo siah Sarya! Sugan téh heueuh.”
“Barina gé Ujin geus teu kudu dibahas deui ngungkulan caah mah da budak olol lého gé ceuk paribasana geus nyahoeun. Pangna cai mudal ka paimahan, kantor, jeung sajabana éta téh alatan walungan, solokan, kapendet runtah, najan hujan leutik solokan kapendet runtah mah pasti banjir. Walungan najan lega bari euweuh runtah, tapi hujan ngecrek teu eureun-eureun, atuh komo bakal datang caah rongkah demi sababna sengserepan cai geus ilang kahadang ku wawangunan.”
“Janten, Bah?”
“Tarimakeun wé ku cara ihtiar nu teu kendat-kendat bari sobar. Ku cara kitu caah téh bakal jadi ibadah teu sakadar luhlah bari diulah-ulah!”
“Tapi ari sametan mah pan kedah dibayar, Bah?”
“Nya enya atuh Jin.”
“Enya sok atuh bayar. Manéh gé, Darsép.”
“Hutang naon Abah jeung si Darsép?”
“Hutang maksad SH téa, sareng dongéng si Darsép cenah Ni Cimot ampir maot gara-gara Ki Ihan boga pamajikan anyar!”
“Beu, éta si Ujin teu poho. Enya isukan wé nya Sép?”
“Muhun, Bah!”
“Teuing, ah!” (lajengkeuneun) **

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas