Usum Raja (1)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“CALANA na jero sééng, ditoongan ku Kang Jaja. Kadéngéna matak sahéng, omongan ngeunaan raja.”
“Éta si Diran ari geus miheulaan senior téh.”
“Kadieukeun calana jin, dina koran aya keris. Nya keun waé tuh ka Ujin, da Diran gé hayang éksis.”
“Uluh abong-abong milenial mani nyebut éksis. Naon éksis téh Diran?”
“Kacang panjang bet dibajong, ngala batu maké linggis. Buleud panjang katut lonjong, nu kitu ngaranna éksis.”
“Éta mah sosis atuh satéh Diran.”
“Ceu Iis urang Cililin, Pa Lebé hitutna bau. Sosis mah iyeuh Kang Ujin, lélé dina daun cau.”
“Pais tamah Diran!”
“Keur tiris teu hayang ulin, kacugak loba getihna. Pais mah iyeuh Kang Ujin, budak dikélék indungna.”
“Ngais ta mah Diran, sok rék ngomong naon deui?”
“Najan tiris hayang ulin, sakalian terus mandi. Ngais mah iyeuh Kang Ujin, anakna Abah Samudi.”
“Si Iis satéh Diran éta mah!”
“Geus-geus, moal aya tungtungna rék ngaraja omongan mah Ujin, Diran!”
“Muhun nya Bah ningan saurna ayeuna téh nuju usum raja di mana-mana. Ti Jateng Keratosn Agung Sejagat, teras cenah di Blitar gé aya. Na atuh pucunghul téh di urang, di Bandung, di Jawa Barat horéng geus aya !”
“Enya Sép keur usum raja ayeuna téh, matak génjlong matak ngabarubahkeun masarakat.”
“Naha nya Bah?”
“Ah geus kitu kuduna wé meureunan Sép. Ngan ceuk panitén ahli mah cenah masarakat urang geus lieur ku urusan ékonomi nepi ka sagala rupa diulik sangkan gedé milik. Tah Sinuhun nu di Jateng téa, cenah mah kajiret hutang nepi ka milyaran.”
“Raja hutang atuh nyah Bah?”
“Nya meureunan Jin.”
“Dupi nu di Jawa Barat kumaha tah Bah?”
“Ceuk béja geus leuwih ti heula ayana ti taun 2018 tur geus ditartibkeun ku aparat berwajib boh ku pulisi boh ku TNI. Tah ayeuna gé Pa Gupernur Kang Émil saurna badé ngambil tindakan hukum sabab geus ngabarubahkeun masarakat.”
“Oh kitu, Bah? Nya sakedahna angot tos ngabarubahkeun mah.”
“Enya Jin. Matak gé kadé ah ulah gampang percayaan kanu ngaku-ngaku raja. Ceuk Abah gé tadi jaman ayeuna mah loba nu akon-akon keur ngala duit.”
“Muhun Bah. Tah manéh Ya, ulah akon-akon maké nyebut raja ngabamblam sarwa a bari ditungtungan ménta bayaran…..!”
“Nya, maap lah Kang Ajan. Yaya takkan katakan Raja Ngabamblamm Sawa A!”
“Tah kitu atuh Ya. Pan ceuk katerangan ogé leungeun di luhur leuwih alus batan leungeun nu dihandap. Méré leuwih alus batan punta-pénta.”
“Nyata Kang.”
“Enya sok atuh ari nyata mah ngomongna tong sarwa “a” pan ayeuna mah geus teu jadi rajana.”
“Masalahna, Kang Ajan.”
“Masalah naon deui Sarya?.”
“Kang Ajan can mayar.”
“Hahahaaaa……!”
“Dasar adat geus kakurung ku iga si Sarya mah dititah ulah puntu pénta téh angger wé namprak. Saurna Bibi ngiringan jadi anggota karajaan?”
“Puguh wé, Ujin. Bisi teu ararapal mah Bibi téh permaisuri.”
“Kitu Bi?”
“Enya Jin, ngan kapok Bibi mah. Nyaan.”
“Haaar…naha bet kapok pan raos janten permaisuri raja mah panginten? Ceuk dina dongéng gé beurang peuting nguprek di taman dijaga para emban, teu kudu ngarambét, ku raja dicoo, ku rahayat dihurmat.”
“Nya heueuh ari raja nu bener mah kana kitu, Ujin!”
“Na ari raja carogé Bibi Kumaha?”
“Enya sugan téh raja beurat beunghar, boga karajaan jeung nagara, da kitu ngaku mimitina mah. Cenah Bibi rék disenangkeun, asal sakahayang raja dicumponan. Nya Bibi téh nurut wé. Na atuh….ari sagala geus dipasrahkeun, Bibi jol ararateul.”
“Haaar naha?”
“Nyéta si teu uyahan téh rajasiinga!”
“Hahaaaa……..!” .(lajengkeuneun) **

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas