Usum Raja (5)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“SOK Darsép geura dongéngkeun kumaha lalakon galungan si Odot jeung Mang Kaning téh!”
“Sok Diran dongéngkeun ka dinyah karunya si Ujin ngerewih waé ti kamari!”
“Ai manéh cageur Darsép? Pan manéh nu boga dongéngna gé bet ninitah si Diran sagala?”
“Na da si Diran gé bogaeun dongéng mah, geura sok Ran dongéngkeun!”
“Pa Haji keur tumpak kahar, barudakna henteu milu. Aya hiji raja beunghar, paéhna katinggang susu.”
“Terus Diran?”
“Tamat pan geus maot.”
“Cabok ku aing Diran! Dongéng kakara der geus paéh deui. Rajana nu hirup atuh satéh Diran!”
“Pa Haji rék ka Cililin, Kang Nana naha bet hitut. Aya hiiji raja miskin, hirupna di jero laut.”
“Terus, Diran? Piraméeun biasana gé lalakon dongéng jero laut mah!”
“Aya kutu dina marmot. Ngan sakitu apan maot!”
“Hahahaaa…..!”
“Naha geus modar deui, Diran?”
“Aya marmot ditéwakan. Maotna mah teu nyawaan!”
“Hahahaaa….!”
“Minggeus siah Diran! Sok buru Darsép dongéngkeun si Odot jeung Mang Kaning téh!”
“Poho deui Jin, kumaha uing nyarita kamari téh!”
“Ngora-ngora geus pohoan komo geus aki-aki meureunan manéhna mah léhoan.”
“Ah, siah Surjin saheuayna.”
“Tuda mani hararésé. Pan kamari téh saur Bah Adun, tah kaayeunakeun ditarurutan ku jelema nu hayang jadi raja pangkawasana siga Firaon téh, hayang diugung-ugung, hayang disembah, témahna cilaka. Raja Sulaéman mah lantaran nganggap jadi rajana ukur rarangkén hirup teu dijadikeun kasombongan nya maslahat nepi ka Ratu Bilqis gé apan tunduk. Nya Bah, Abah kamari nyarios kitu pan?”
“Enya Jin.”
“Tuh ceuk si Abah gé terus manéh nyarita, leres Bah, siga Si Odot gara-gara hayang diaku raja apan nepi ka galungan jeung Mang Kaning.”
“Terus uing nanya ka manéh, Mang Kaning tukang kupat tahu Darsép? Enya, Jin.Ceuk manéh téh terus uing nanya deui, kumaha lalakonna, euy? Ceuk manéh, lalakonna mah urang écag wé heula, keur isukan, Jin. Bener teu manéh nyatita kitu kamari?”
“Oh enya bener Jin.”
“Heueuh sok ari geus inget mah geura dongngkeun.”
“Enya isukan.”
“Isukan kumaha satéh Darsép?”
“Pan ceuk uing gé isukan, Surjin!”
“Heueuh apan manéh nayarita téh kamari poé Kemis, jadi isukanana téh poé Jumaah, nya ayeuna. Naaaaa… Darsép satéh mani bulat beulit.” “Hahaaaa……!”
“Embungeun meureunan Ujin. Dongéng raja Bibi wé, nya!”
“Enya sok atuh Bi!”
“Aya roda di tanjakan, gilindingna ku kurupuk. Aya raja gogoakan, étana dipacok manuk.”
“Hahaaaa…..”
“Étana naonana Bi?”
“Kasedep Bibi, Ujin!”
“Hahaaaa……!”
“Enya kieu Jin,” ceuk si Asép tatan-tatan rék nyaritakeun si Odot jeung Mang Kaning nu cenah galungan.
Si Odot, ceuk si Asép rék jajan kupat tahu ka Mang Kaning, tapi pelayanan ti Mang Kaning téh siga nu haré-haré, kalah jongjon ngomé hapé jeung ningalian awéwé. Puguh wé si Odot napsu.
“Sing balég dagang téh Mang Kaning!”
“Sing balég kumaha ari sia Odot? Pan ieu gé balég?”
“Moal enya balég ngaladangan hararésé. Yeuh Mang, piraku teu nyaho pembeli itu raja. Hartina lamun aya nu meuli kudu dirajakeun!”
“Jadi manéh hayang dirajakeun?”
“Nya enya da nu meuli, sok pencétan heula uing!”
“Teu sudi teuing!”
“Alah siah ngalawan ka paréntah raja!” ceuk si Odot bari nulak cangkéng.
“Mun ngalawan, rék kumaha sia Sardot?”
“Rék ngiihan…..!”
“Hahaaaa……wanian si Odot abong raja. Terus kumaha Darsép?”
“Enya galungan téa, Jin.”
“Saha nu meunang?”
“Nya nu meunang mah pulisi, Jin, pan duanana dibawa ka kantor pulisi.”
“Deudeuh teuing……!” (réngsé) **

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas