Nyandung (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“MANI sombong nya Bi, boga kumis baplang téh éta si Um Kumis.”
“Enya Ujin, mani hayang ngadudut da Bibi mah.”
“Ari nyarita bab kumis téh mani sok watir uing mah.”
“Watir kumaha Darsép?”
“Watir Ujin sok wé pikir ku manéh lamun jelema léhoan keur salésma apan nu kakucuran téh nya kumis nu pangdeukeutna lain gado.”
“Heueuh nya.”
“Enya, Jin. Nu matak hirup mah kudu siga kumis.”
“Kudu siga kumis, Bah?”
“Enya Jin, kumis mah najan kaléhoan tetep sabar, teu hayang pindah kana tuur. Padahal lamun dina tuur mah moal kaléhoan.”
“Leres Bah. Padahal mah protés nya atawa ménta pindah kana punduk atawa kana tarang.”
“Moal daékeun Ujin sabab kahiji geus kitu dikersakeunana ku Gusti kudu cicing di dinya, kaduana boga tanggung jawab gedé.”
“Tanggung jawab naon Bah?”
“Nyalametkeun biwir jeung sungut jelema tina banjir lého, Jin. Sok wé pikir lamun nu salésma ngucur lého heug euweuh kumisan apan meureunan palid kana biwir terus asup kana sungut. Tah nu boga kumis mah kalem wé da katahan ku kumis.”
“Hahaaaa….leres nya Bah, sabar kumis mah kaléhoan gé.”
“Tah kitu Jin. Keur nulungan batur kajeun teuing dirina kakotoran.”
“Tuh Bi, manahoréng kumis téh gedé jasana. Bibi mah bet alim badé dicandung ku Um Kumis mangkaning kumisna baplang.”
“Heueuh gedé jasa sotéh kana biwir nu boga kumis, biwir Bibi mah moal diparaban. Teu hararayang teuing, Ujin!”
“Haha…mangkaning Bibi mah lambeyna dobel nya?”
“Alah siah ngomong cawokah Ujin maké nyebut bwir Bibi dobel?”
“Cawokah kumaha mangga wé ngaca pan sidik lambey Bibi téh dua, biwr luhur sareng handap…..”
“Aéh heueuh nya da lamun jeung biwir nu handap deui mah jadi opat, hahahaaaa…….!”
“Ngaco ah!”
“Janten kumis téh penahan érosi ohél nya Bah?”
“Tah kitu, Sép. Kumis téh panyalindungan biwir tina lého, nu satia, nu sabar, nu embungeun pindah ka tempat séjén. Jeung teu sirik ku nasib batur deuih barudak.”
“”Teu sirik Bah?”
“Henteu Jin, teu sirik ku godég, ku janggot, jeung buuk dina sirah, sabab kumis mah salawasna ningali ka sahandapeun.”
“Kitu Bah?”
“Eya Jin, sok wé tingali kumis, yeuh tingali kumis Abah ka mana ngelukna ka luhur ka handap?”
“Nya ngeluk mah ka handap atuh Bah, da pami kaluhur mah dangah.”
“Tah kitu bener Jin. Palasipah hirup kumis mah teu weléh ningali ka sahandapeun nu matak sabar ogé, sabab ceuk pamikir kumis, aing mah sanajan sok kaléhoan, tapi ku jelema ditémbong-témbong, malah ku Um Kumis mah jadi kasombongan rék dipaké modal nyandung kawas ceuk Bi Rahi. Tandana aya kénéh hargaan lamun dibandingkeun jeung nu aya disahandapeunana salian ti janggot.”
“Leres Bah Bibi mah teu ngabohong, kitu pisan.”
“Ké, Bah, naon kitu nu sahandapeun kumis salian ti janggot téh?”
“Piraku teu apal Ujin, bulu kélék!”
“Oh…enya nya, Bah.”
“Nya enya Jin. Nasib bulu kélék leuwih pikanyerieun batan kumis. Sabab saumur-umur manéhna kudu jadi parab késang kélék anu bau alahbatan lého. Geus kitu téh kunu bogana tara ditémbong-témbong siga kumis. Pan si Um Kumis gé ngajagokeun kumis rék nyandung téh nya Bi teu ngajagokeun bulu kélék.”
“Hahaaaa….leres Bah.”
“Tah éta nu sok jadi babandingan ka handap ku kumis téh. Najan kitu si bulu kélék gé teu protés sabab manéhna gé sarua jeung kumis ningali ka sahandapeunana deui nyaéta buluuu……..”
“Bulu naon Bah?”
“Sok wé palikiran ku ilalaing bulu naon ngaranna nu aya di sahandapeun bulu kélék?”
“Teranglah Bah.”
“Bulu naon Sép?
“Bulu baaa…….wah!.”
“Hahaaaaaa….” (lajengkeuneun) **

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Lewat ke baris perkakas