Hésé Asup (2)

Silahkan bagikan
Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“NU kitu patut mah lain binangkit atuh Darsép, nyalukan kasakit!”
“Naon téa, Jin?”
“Heueuh si Kang Udi ceuk manéh kamari nguteuk bin binangkit. Hayang udud hésé asup alatan aya masker, terus maskerna dipiceun ka jarian!”
“Daripada dipiceun ka buruan imah manéh, pastina gé ku manéh dipulung, Ujin!”
“Hahahaaa…”
“Ah siah Darsép. Masker téh penting keur nyegah korona lain bet dipiceun gara-gara teu bisa udud.”
“Tong ka uing nyarékanna, Ujin.”
“Mana atuh si Kang Udina, Darsép.”
“Keur udud.”
“Di mana ududna?”
“Ari udud dina biwir Surjin moal enya dina bujur.”
“Hahaaa…..!”
“Beuki dieu beuki dieu téh si Darsép kalah beuki gélo.”
“Peuteuy jeung jéngkol gé uing mah beuki.”
“Heueuh terus?”
“Nya pokona mah lamun jelema sagala beuki moal ripuh mun unjung-anjang téh, Ujin.”
“Nya puguh mun keur natamu disuguhan tikotok gé dilebok wé manéh mah Darsép!”
“Naha da ngeunah tikotok mah Surjin.”
“Balég satéh Darsép?”
“Teu percaya?”
“Nya henteu.”
“Cik cokot tihayam Ya sina diasaan ku Si Ujin.”
“Hahaaaa……”
“Ah, siah Darsép kop wé asaan ku manéh. Nya Bah, masker mah penting?”
“Enya Ujin. Mun teu dimasker sarua jeung ngondang kasakit. Pikanyaho ku saréréa, ti poé ka poé téh kasus korona saindonesia terus nambahan, tepi ka poé kamari waé geus meuntasan angka 55.000 barudak, ciplesna mah geus aya 55.095 kasus. Para pajabat dugi ka wera, apanan.”
“Oh, kitu Bah?”
“Enya Jin. Bapa Presidén Jokowi apan cumeluk ka para menteri, para pajabat daerah, saurna ngungkulan korona téh kudu babarengan, ulah aya égo séktoral atawa mentingkeun kapentingan daérahna sorangan.”
“Nya leres Bah da upami aing-aingan mah moal leres.”
“Tah kitu Sép.”
“Malah saur Bapa Pupuhu MPR, para pamingpin di daérah kudu tegas nindak warga atawa masarakat anu ngalalaworakeun protokol kaséhatan. Nya contona maké masker téa, di antarana.”
“Tuh ceuk uing gé Darsép penting masker téh.”
“Enya lah bener Jin. Tapi karunya Kang Udi mun maké masker mah udud hésé asup, Jin?”
“Gampang atuh Darsép.”
“Gampang kumaha Ujin?”
“Mun maké masker hayang teu hésé asup udud mah, polongoan maskerna tengah-tengah.”
“Hahaaa…..”
“Molongo-molongo kénéh mah atuh korona bisa asup, Surjin! Teu béda jeung lalakon si Koyod jeung Nyi Inih.”
“Na kumaha kitu Darsép?”
“Heueuh Nyi Inih téh basa anyaran panganténan nguji tepi ka mana kasatiaan jeung karep si Koyod ka manéhna.”
“Heueuh terus?”
“Ceuk Nyi Inih ngaharéwos ka si Koyod, mangga Aa bilih badé ngaraosan bandros Nyai mah mung teu kaci dibuka.”
“Naon nu teu kaci dibuka téh Darsép?”
“Mani balilu ari manéh Ujin, nya naon deui atuh cungcat.”
“Hahaaaa…….!”
“Ohhhhh…enya ngarti lah, segitiga pengaman téa nya? Atuh meureun hésé asup Darsép?”
“Nyaéta kitu, Jin.Tapi si Koyd teu éléh akal, pelenyun wéh udud roko, terus disundutkeun ka tengah-tengah cungcat Nyi Inih nyieun liang. Da ceuk pikir si Koyod mah, ulah sotéh dibuka, ari dipolongoan mah kaci.”
“Hahaaaa…….” (lajengkeuneun) **

Baca Juga :  Ramadan Sudah di Depan Mata, Bagaimana Hukumnya Kalau Belum Qadha Puasa Tahun Lalu?

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Polisi Ringkus Pelaku Penganiaya Juru Parkir di RS Al Ihsan, "Si Beureum" Terkena Timah Panas Petugas

Sen Jun 29 , 2020
Silahkan bagikanVISI.NEWS – Polresta Bandung, Jawa Barat, menangkap dua pelaku penganiayaan terhadap petugas parkir di Rumah Sakit Al-Ihsan Baleendah Kabupaten Bandung. Salah seorang di antaranya yaitu AS (36) alias “Si Beureum” terlihat berjalan tertatih karena kaki kirinya terpaksa dihadiahi timah panas oleh petugas saat ditangkap di Cidaun, Cianjur Selatan, pada […]