Search
Close this search box.

Hésé Asup (3)

Bagikan :

Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“ATUH meureun étana kasundut Darsép?”
“Naonna, Jin?”
“Naonna kénéh waé ari manéh Darsép? Apan ceuk manéh kamari, nyaéta kitu, Jin.Tapi si Koyod teu éléh akal, pelenyun wéh udud roko, terus disundutkeun ka tengah-tengah cungcat Nyi Inih nyieun liang. Da ceuk pikir si Koyod mah, ulah sotéh dibuka, ari dipolongoan mah kaci.”
“Hahaaaa…….”
“Ah teuing atuh Jin.”
“Haaar itu geura. Ari manéh ceuk saha?”
“Ngaranna gé dongéng atuh Ujin nya ti saha wé tatalépa. Ngan jaman ayeuna mah mun rék asup jadi pagawé nagri atawa ASN gé hésé.”
“Hésé nya Darsép. Nya atuh polongoan wé siga si Koyod ngarah bisa asup mah.”
“Maksudna polongoan ku duit alias nyogok atawa syuap Ujin?”
“Tah muhun kitu Bah. Pan cenah mun sanggup molongoan pajabat mah gampang asupna alias teu hésé.”
“Teu bisa Ujin ayeuna mah.”
“Naha Bah maké teu tiasa?”
“Ayeuna mah hésé asup jadi pagawé nagri téh alatan nu hayangna loba nya dités pangaweruhna. Tah nu kurang pangaweruhna mah hésé asup, ari nu pinter mah nya gampang tur haratis.”
“Kitu Bah?”
“Enya Jin.”
“Saurna lebet janten pulisi teu hésé asup mah Bah?”
“Angot pulisi angot tentara geus sidik sarat nu poko, kudu kuat awak kuat tanaga. Tah poé ayeuna tanggal 1 Juli jajaran Polri téh nuju ulang taun atawa milangkala.”
“Ulang taun Bah?:”
“Enya ayeuna téh tanggal 1 Juli, Hari Bhayangkara, ulang taunna bapa-bapa pulisi. Wilujeng ka Bapa-bapa Pulisi ti Polsekna, ti Polresna, ti Polrestana, Polda sareng Polri, wlujeng nya barudak……”
“Muhun Bah.”
“Sok Ran méh teu hésé engké mun ilaing hayang daptar jadi pulisi wilujengkeun ku sisindiran.”
“Téh Ajeng balanja gula, ditambahan ku tarasi. Nya wilujeng milangkala, ka sadaya Pa Pulisi.”
“Hébat, alus Ran euy moal hésé asup daptar téh. Aya kénéh Ran?”
“Koran nuruban tarasi, tarasina anu batur. Diran rék jadi pulisi, pulisina purah tidur.”
“Hahaaa….”
“Pulisi tidur mah kalindes ban atuh Diran. Cik ilaing Ya geura wilujengkeun Pa Pulisi nu ayeuna keur ulang taun.”
“Taya masalah, Kang Ajan. Da Yaya mah balad bapa-bapa aparat kaamanan nagara. Tah, Salasa antara jam salapanan Yaya datang ka Markas Aparat yang mapag warsa Bhayangkara.”
“Ulang taun nu ka sabaraha tanggal 1 Juli Bapa Pulisi, Ya?”
“Masa Kang Ajan kagak apal?”
“Enya nu ka sabaraha?”
“Bapa aparat kaamanan mapag warsa Bhayangkara kasapta papat.”
“Heueuh bener Ya, ayeuna bapa pulisi téh keur ngareuah-reuah milangkala nu ka-74 Bhayangkara. Terus ari Yaya datang ka Mapolres rék naon?”
“Yaya katakan ka bapa-bapa yang jaga bahwa aya bangsat.”
“Oh…alus atuh ngalaporkeun aya bangsat mah.”
“Nyata Bah. Lantas bapa aparat nanya ka Yaya. Mana bangsatna? Lantas Yaya jagrag bangsat da Yaya bawa.”
“Wéy, hébat deui waé ilaing Ya bisa mawa bangsat. Terus kumaha saur Pa Pulisi?”
“Ngabangsat apa Jang? Tanya Bapa Aparat. Yaya balaka ngabangsat bala-bala, Pa. Tamah bapa-bapa aparat kaamanan nagara sadayana ngabarakatak.”
“Euleuh, terus?”
“Bapa Aparat katakan katanya kagak apa-apa apa yang Yaya bawa ngabangsat bala-bala mah jangan datang ka aparat, bakakak saja.”
“Haaar…naha los-los kana bakakak Sarya?”
“Pan bangsatna hayam Kang.”
“Hahahaaa……” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :