Rekacipta Fendy Sy Citrawarga
“Éta mah napsu aral atuh Darsép lain napsu kana dahar.”
“Untung wé ukur béak lima piring.”
“Untung kumaha satéh Darsép. Pan ceuk manéh pareupeus.”
“Enya untung ukur lima piring. Coba mun lima losin.”
“Hahaha….”
“Heueuh bener Darsép. Karasa ku Bibi gé, untung wé rarandaan téh sanggeus boga salaki.”
“Haaar…ari Bi Rahi, nya enya atuh rarandaan mah sanggeus boga salaki da can boga salaki mah piraku.”
“Nya teu piraku Ujin da loba nu rarandaan teu boga salaki.”
“Lieur ah, aya ti manahoréng?”
“Aya Ujin. Heueuh awéwé nu geus diasaan tapi teu kawin heula.”
“Ohhh….nu kitu nya enya ari nu kitu mah Bi. Tapi da tara disarebut randa, pan. Ké, naha ngarasa untung rarandaan sanggeus boga salaki, Bi?”
“Nya untung, Ujin.”
“Enya untung lebah manana?”
“Anggger si Ujin mah ari kudu jéntré téh. Yeuh Ujin untung Bibi rarandaan sanggeus boga salaki sabab bisa ngasaan cau ajaib.”
“Hahaaa……”
“Gélo, si Bi Rahi. Minggeus ah, ka mana karep wé nyarita téh. Jadi wé uing hayang kawin.”
“Kawin jeung saha, Jin?”
“Jeung embé, Darsép! Nya jeung si Mimin atuh!”
“Hahaha…..”
“Terus mun kawin manéh rék ngulem saha waé?”
“Nya loba atuh Darsép. Babaturan sakola ti TK tepi ka SMA rék diulem, batur salembur, lembur tatangga ogé rék diulem ku uing mah.”
“Mani loba-loba teuing Ujin, kumaha nyuguhanana?”
“Biar meréka nyaho bahwa Ujin Surojin sudah laksana ngadahup ka Néng Mimin.”
“Heueuh nyuguhanana kumaha?”
“Moal disuguhan, Darsép, sina ngaramplop wé, terus naringalikeun uing dirapalan, geus kitu mah bubar wéh.”
“Gélo, hajat naon kitu patut Surjin, moal enya nu diulem teu disuguhan?”
“Hajat awét bin untung Darsép. Jang nanahaon maréré amplop ari harayang disuguhan mah, geus wé ka réstoran…..!”
“Hahahaaa……”
“Gélo bin gejul siah Surjin.”
“Yeuh Jin, di jaman new normal ayeuna mah moal bisa hajat badag ulam-ulem lobaan téh.”
“Abah onaman, piraku hajat nikah teu ramé?”
“Mun nyieun budakna nya Jin ngahéphép….”
“Hahaha….”
“Nya enya atuh Bi Rahi, moal enya nyieun budak dilalajoan bari dikeprokan terus di-shooting keur tayangkeuneun dina sinétron mah.”
“”Bisi wé kitu, Ujin.”
“Mun kitu rék kumaha Bi?”
“Nya rék milu lalajo.”
“Hahaaa…….”
“Yeuh Ujin, ceuk pamaréntah dina jaman new normal mah nu nyakséni dirapalan téh ulah leuwih ti 30 urang, acarana teu meunang lila, geus dirapalan buru-buru balubar. Nu haladir kudu saréhat, jaga jarak minimal saméter, jeung protokol kaséhatan lianna.”
“Kitu Bah?”
“Enya Jin, wayahna.”
“Bener wayahna Jin. Tah mun geus dirapalan angger kudu jaga jarak minimal saméter. Kaasup jeung si Mimin ulah padeukeut, angot cuam-cium mah.”
“Ah siah Darsép. Atuh meureun oléng pangantén kudu jaga jarak saméter mah moal boga budak?”
“Tong hariwang Jin. Urusan nyieun budak jeung si Mimin mah orderkeun ka uing.”
“Hahahaaa…..!” (lajengkeuneun) **