Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
- Dina carita nu saméméhna Dayang Sumbi meredih ka Sangkuriang sangkan dipangnyieunkeun talaga. Nu mana éta paméntana téh kudu geus bisa ngawujud saméméh meletékna panon poé. Dina waktu sapeuting. Pikeun ngajalankeun pagawéan nu mémang teu énténg, mangka Sangkuriang ngénta bantuan ka Guriang Tujuh. Kumaha terasan ieu carita? Mangga cuang bandungan waé terasannana.
DAYANG Sumbi menekung kanu Agung, meredih kanu Maha Suci. Paménta nu pasalia. Teu miharep dirina kauntun tipung katambang béas ka Sangkuriang, lain campaka kuduna.
Mujasmédi teu bisa tarapti, dudunga teu matak husu, bawaning haté marojéngja. Lain harepan mun talaga kudu ngawujud peuting harita. Tinangtu jadi balai.
Lain teu nyaah ka Sangkuriang, da cinta mah éta gé mahabu. Asa teu sudi mun kudu ngarémpak pamali. Teu kajudi ti mimiti, teu kabuka nalika murwa. Matak bendu Sunan Ambu.
Cungungna ajag babaung meupeuskeun haté nu keur bété, nganjang mapayan alam lamunan. Lalaunan ngulisik, ras deui kana situ, nu pasti hamo lila ngajadi. Puringkak. Bulu punduk ngadadak ngandelan, awak pating sariak. Késang renung maseuhan tarang. Salempang.
“Duh, Hiyang Agung,” jung cengkat.
Geleger, lir beledagna sora guludug. Sora Sangkuriang handaruan meulah simpé. Ngagunakeun tanaga anu rohaka olahkanuragan anu sampurna, bisa nyeluk ti kaanggangan. Ngagero ti kajauhan. Méré béja ngeunaan talaga.
“Tiwas!”
“Nyai, Dayang Sumbi, anu geulis, diantos ku akang di sisi talaga!” gerona ti kaanggangan.
“Nyaan, kaya kieu mah kudu ngadu kasaktén.” Suku mah tetep ngaléngkah, nyumponan panggero.
Dina tiap léngkah anu dipaju Dayang Sumbi mikirkeun tarékah. Nu tarapti, ulah kajudi kunu dimaksud, teu gampang kabuka kunu diseja.
Gelenyu imut. Pikiran kawas geus manggih raratan, akalna mimiti nalaah. Rékaperdaya nu geus moal misleuk.
Sangkuriang neuteup nu ngaronghéap malédogkeun imut kareueut, haténa ngarasa bagja, batinna jadi sugema. Manéhna ngahiap mapag ku ranggahna rangkulan.
Dayang Sumbi surti, teu ngejat najan satapak. Narima pamapag nu salah harti, mémang haté mah najan déét tapi hésé dikobétna.
“Jungjunan, kakang nyumponan pamundut salira. Talaga kiwari parantos ngawujud luyu sareng kapalay.” omongna lirih.
“Kula percaya kana kasaktian anjeun.” semu ogo. “Ngan asa kirang sampurna upami mung neuteup legana talaga, mayakpakna cai.”
“O, janten naon atuh kakirangna?” kerung.
“Sampurnakeun ieu talaga! Damelkeun parahu nu saé, kanggo urang duaan lalayaran.” Cénah.
“Némbé kaémut, Nung,” cék Sangkuriang.
“Kedah tos aya parahu nu saé dina wengi ieu kénéh. Omat teu kenging kapayunan ku kongkorongokna hayam jago, sumawona hibarna pajar.” Lalaunan ngaleupaskeun rangkulan.
“Teu kedah hariwang, Nung! Pasti ku kakang dicumponan!” nepak dada bari seuri.
Dayang Sumbi malikeun awakna, lengkahna rusuh, nyingkah ti hareupeun Sangkuriang. Beungeutna semu alum, tina juru matana nyurungkuy hérangna cimata, lalaunan ngalémbéréh mapay pipi.***
Hanca…