Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
SAKUR nu dipikahayangna dicumponan. Taya nu dipondah, ngaranna gé ka beubeureuh.
Ngan anu matak hélok waktu diajak ka balényungcung manéhna nolak. Nalika ngagéléhé luhur lahunan, buuk disiaran, biwir teu balem tina paguneman.
Panyangka téh harita mangrupakeun waktu anu pantes keur ngedalkeun paniatan, ngajak lakirabi.
Manéhna dumadakan ngoléséd, laju ngoréjat, ngajauhan bangun sieun.
“Ningali aing kawas ka satru.” gerendengna. “Neuteup seukeut siga ka musuh.” Jurungkunung nangtung.
“Sanés kitu,” reuwas. “Mangga abdi ditikah!” maksakeun imut. “Mung palay dipangadamelkeun heula situ.”
“Éta mah gampang atuh, Jungjunan!” omongna.
“Sanggem upami dipidamel dina waktos sawengi?”
“Demi salira mah naon atuh anu teu tiasa, Nung.” walonna.
“Cobi buktoskeun! Éta situ kedah rengsé engké wengi teu kenging kapayunan ku sarangéngé!” péntana.
Manéhna malikeun awak, ngaléos rurusuhan. Haténa gumerendeng, ‘Kuring yakin Sangkuriang pasti gagal.’
Sangkuriang ukur neuteup, langgeorna nu geulis lir macan teunangan. Ngajauhan ti tempat manéhna cicing.
“Nung, Dayang Sumbi, jungjunan akang. Naon atuh nu teu bisa dipigawé ku kaula? Pira ukur hayang nyieun talaga dina waktu sapeuting.” geremna handaruan.
Neuteup langit belah ti kulon, panon poé mimiti surup. Rét, ka kénca gulidagna walungan, sisina dipapaésan ku jujukutan jeung tatangkalan galedé, saukuran beuteung munding.
Teu ingkah tina tempatna nepika leungitna layung di langit. Kasapih ku poékna peuting. Teu lila béntang pating karetip.
Sungutna mimiti kunyam-kunyem kawas mapatkeun jampé pamaké. Gelebug. Angin tarik pisan dahan pating pelenoy. Dangdaunan nu kasapu pating kalayang, rabeng ngawang-ngawang.
Teu lila kadéngé gebligna suku semu beurat. Angin rerep, kaayaan kawas sasari, kajaba gulidagna cai walung dibarung sora sato peuting.
“Aya naon Gusti, nyalukan kami?” cénah ngosom, wujudna mah weléh teu katingali.
“Para Guriang, bantuan kula! Bendung ieu walungan, jieun talaga!” cénah.
“Unjuk sumangga, Gusti!” jawabna handaruan, méh bareng.
“Omat, ulah kapiheulan ku meletékna panon poé!”
“Unjuk sumangga!”
Teuing kumaha migawéna, ngan anu jelas mah teu matak ka ukur ku pikiran kahontal ku akal. Dumadakan tangkal nu baradag pating dorokdok kawas dituar. Pating kalayang, naranceb ngawates legana situ.
Batu jeung taneuh haliber, cai walungan mengkol sorangan, nyalur minuhan lengkob nu dijieun talaga.
Hanca…