Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon saméméhna nyaritakeun kaayaan rapat partéy, nalika Kartadi biantara sarta nyebut keun ngaran Sangkuriang.
“SANGKURIANG??” nu haladir, pating rarérét, jep jempé pating haruleng.
Kaayaan pikeun sawatara waktu mah simpé kawas gaang katincak, taya nu nyoara saurang gé ari lain rénghapna napas mah nu ngoyagkeun dada séwang-séwangan. Naon sababna? Nyanggakeun lalakon salajengna.
Kartadi gék diuk dina tempatna. Matana mencrong kanu hadir, héran jeung hélok ngadéngé eta ngaran disebut naha kaayaan jadi simpé.
“Aya naon, Pir? Naha kagét ngadéngé ngaran Sangkuriang?”
“Sa…sanés, Juragan,”
“Naon atuh?”
“Tingal pengkereun, Juragan!” cék Supir.
Juragan muterkeun panénjona ka tukang, dumadakan ngaleketey, méh-méhan ngompolan sorangan.
***
Sangkuriang nu karék cengkat tina diukna, sakapeung tanggah ka langit belah ti kulon, layung geus némbongan.
“Jangjang peuting sia geus deuk ngalingkup deui! Sadar lamun sia kungsi hianat ka aing! Mun kongang ku aing diudag ka langit, dipiteskeun siah jangjangna sangkan teu mébér salilana!”
“Sungut téh ulah jangji éngab siah!” marengan cahaya nu ngabarasat tilangit, sorana nongtoréng lebah kekendangan.
“Surya! Sugan kula andika téh teu ngadéngé!”
“Andika mah sok salah, Sangkuriang. Mémang kami teu apal naon anu dilakukeun ku andika di dunya?”
“Lamun kitu mah andika apal ka mana léosna Dayang Sumbi?”
“Geus teu kudu ditanya! Sakumna mahluk nu kumelendang di dunya ti beurang tangtu moal leupas tina caangna panénjo kula,”
“Béjaan atuh kula, di mana Dayang Sumbi ayeuna?”
“Cék kula gé tadi, lamun ti beurang mah!”
“Jadi angger nu salah téh peutingnya! Nyaan dipiteskeun siah jangjangna sangkan teu bisa mébér!”
“Montong, kitu gawé! Geus dihukum lain tobat! Kalahka meupeus keuyang!” les, surup.
“Ah, siah! Saruana!” gerona. “Mémang andika teu rumasa?” tatanggahan.
Jangjang peuting geus mébér nutupan kolébatna layung, sang surya geus tilem ka tebéh kulon. Kiwari lintang ti poékna peuting nu dibarengan ku pating karetipna béntang.
“Paingan si éta teu ngabantah kana omongan kula da geus mantog! Munapik,” gerendengna.
Gék luhur batu nu biasa didiukan ku dirina, matana angger niténan nu lalar liwat. Susuganan nu ditéangan ka panggih. Laju manéhna rumahuh bari mencétan tarang.
“Duh, kamana atuh? Nanya kudu ka saha?” rét ka anjing nu kabenderan ngaliwat. “Asa wawuh? Tapi lain da si Tumang mah geus paéh,” gerendengna.
Pikirannana mimiti nyoréang alam katukang, mangsa-mangsa hirup ngumpul jeung anu jadi indungna ka tilu si Tumang.***
Hanca…