Sangkuriang Nyaleg (101)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Manéh mah, Pot. Aya ku keukeuh, kawas anu cangcaya kana jajatén kula. Sok buktikeun!

TEU nanaon ari kitu mah, awas tahan!

Tong kana beuteung nojoskeunana,

Pot. Kagok, kana gengerong sakalian!

Nyaan?

Nanya kénéh? Sok, sok!

Hiaaaattt! si Riweuh kalawan dibarengan ku tanaga sagemblengna, nojoskeun beusi seukeut kana beheung Rama Bargawa.

Rama Bargawa teu cécél bocél, angger nagen dina tempatna, taya raheut najan saeutik ogé.

Nyaan? si Riweuh ngarahuh narik napas panjang.

Nu lalajo keprok, teu kanyahoan ti mimitina jalama jul-jol narempokeun, bubuhan di sisi jalan.

Hebat, Mang. Deui, Mang! gero budak sakola anu ngajanteng gigireun motorna.

Jagoan si Bapa éta debusna!

Teruskeun ah! ceuk jalma anu disaragam pabrik.

Naon ieu téh? si Riweuh ngarérét ka Rama Bargawa, rét deui ka nu ngagimbung.

Loba nu lalajo, Pot?

Kagok, Lur!

Naon, Pot?

Kira-kirana lamun sirah ditinggang ku batu cadas nu sakeda sirah itu moal nanaon? ngaharéwos.

Haha, moal atuh, Pot!

Nyaan?

Iraha kula bohong?!

Tungguan, ngaléos bari gancang nyokot batu nu ngajentul sisisi kuta. Teu ngengkékeun, langsung batu ditinggangkeun kana sirah Rama Bargawa nu keur deku satarikna.

Brak, batu bubuk mancawura jadi segedé-gédé kacang tanah. Neuleu kitu nu lalajo ger surak bari pating saruit, pating aralung duit. Ti mimiti duit kencring nepikeun ka lambaran ratusan rébu.

Deui, Mang! Deui! gero nu lalajo.

Wah, ngeunah ogé, Lur. Babari ngarah duit, Lur? si Riweuh bungah.

Baca Juga :  REFLEKSI | Tawakal

Naha jadi kieu ieu téh, Pot? Rama Bargawa pungak-pinguk.

Lain jadi kieu, Lur? Alus nu aya ngahasilkeun duit! Diteruskeun moal?

Kumaha manéh wé, Pot?!

Naon nya idena? manéhna ngerungkeun tarang kawas mikir.

Géléng cobaan ku motor, Mang! gorowok nu lalajo.

Kumaha, Lur?

Sok, kula mah dikukumahakeun ogé moal ngaruh, Pot!

Sukur ari kitu mah! malik kanu lalajo. Sadérék atraksi anu salajengna, ieu ki dulur digéléng ku motor. Mangga wilujeng nyakséni!

Sok! Mang kuring hayang nempo!
Bener, sok! Lamun alus ku urang disawér, Bro!

Siap, Lur! si Riweuh geuntak ngahirupan motorna.

Rama Bargawa nangkarak bengkang, laju si Riweuh ngajalankeun motorna. Awak Rama Bargawa digéng lebah dadana, kalawan teu kérél-kérél. Nu lalajo surak, sarta pating keleweng duit sawéran.

Nyaan alus, Mang! nu lalajo surak.
Teu cukup ku kitu, maranéhna tersus-terusan ngayakeun aksi-aksi luju jeung paménta anu lalajo.

Najan dikutu-kieu ogé mungguhing Rama Bargawa, taya kérél-kérélna jongjon wé nuluykeun kayang nu lalajo.

Tos, palawargi anjing deui…éh énjing, omong si Riweuh. Margi kuring jeung ku dulur peryogi reres heula.

Tapi omat, Mang. Isukan wayahna ayakeun deui! gero nu lalajo.
Bener, Mang. Isukan mah aksina kudu anu leuwih pikakeueungeun! omong nu lianna.

Siap, Lur. Tangtu kuring jeung ki dulur baris nyiapkeun jang isukan!
Pot,

Naon, Lur? Tenang, omong si Riweuh. Geuntak mulungan duit panayawér anu balatak luhur lemah.

Nu lalaki mah geus bubar, kawasna teu paduli kana kajadian nu bakal tumiba ka si Riweuh katut Rama Bargawa saterusna.

Loba, ogé, Pot? Tapi jang nanahon éta?.***

Hanca….

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Menpora Sambut Baik Bergulirnya Kembali Kompetisi Liga Indonesia

Sab Nov 19 , 2022
Silahkan bagikanVISI.NEWS | JAKARTA – PSSI dan PT Liga Indonesia Baru (LIB) beraudiensi dengan Menteri Pemuda dan Olahraga (Menpora), Zainudin Amali. Audiensi terkait keinginan agar Liga 1 2022/2023 kembali berjalan. Hadir dalam pertemuan, anggota Exco PSSI sekaligus Komisaris Utama PT LIB Juni Rahman, Endri Erawan, komisaris Yabes Tanuri, Ponaryo Astaman, […]