Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngarasa reuwas aya nu ngagubrag di jalan nepikeun ka lamunnana buyar nalika nyoréang alam katukang. Buru-butu nulungan anu labuh tina motor sarta nyalametkeun anjing anu katubruk, sarta sukuna nyelap dina pager. Naha naon anu baris karandapan ku Sangkuriang satutas nulungan anjing jeung jalma nu nubrukna? Nyanggakeun lalakon salajengna!
“ENYA, Mang. Ari Mamang kunaon atuh maké kudu ngalamun sagala? Keun wé urusan awé mah tong dikiran. Anggur néangan anu séjén nu leuwih geulis!” omongna jangji engab.
Sangkuriang ngadéngé kana omongan jalma nu anyar pinanggih sarta dibandungannana bangun nu loma. Kagét ogé, utamana mah nyabit perkara nu kiwari minuhan uteukna. Siga nu apal kana eusi pikiran manéhna.
“Mémang ki dulur apal kuring keur mikiran naon?”
“Ah, moal salah deui mikiran awé, Mang! Awéwé ulah dipikiran ceuk kuring gé batan mikiran awéwé mah mending nyiapkeun eupan keur nalukeunnana.” Omongna deui.
“Maksud, Ki dulur?”
“Ah, Mamang mah sok pura-pira teu apal? Mang awéwéh tunduk ku duit! Lamun Mamang loba duit, komo boga kalungguhan, sok pilih hayang awéwé nu kumaha tinggal nunjuk, pasti tah nyampeurkeun,”
“Aya benerna tah caritaan téh, Lur!” cék Sangkuriang unggeuk.
“Pangalaman kuring mah, Mang! Éh, ari ngobrol ti tatadi kenalan acan. Nepangkeun Riweuh, jeger Rawa Padung!” ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. “Bisi aya nu macem-macem ka Mamang atawa bisi butuh awéwé tah ka kuring nyarita! Si Riweuh Jeger Rawa Padung pasti ngabantu! Kuring asa kahutangan ku Mamang geus nulungan kuring. Lai ari ngaran Mamang saha?”
“Sangkuriang,” jawabna.
“Sangkuriang?” kerung. “Nu bener, Mang?! Tong heureuy, ah, nu daria!”
“Maké heureuy sagala, mémang Sangkuriang kuring mah!” omongna.
“Sangkuriang mah atuh kabeurangan, Mang? Pantes loba hulang-hulengm aingah,” padu engab.
“Geuning kawas nu apal?”
“Apal atuh, moal aya nu bireuk kana lalakon éta mah. Buktina aya ongkoh tuh gunung Tangkuban Parahu!”
“Bener,”
“Nya, mémang!” cék Sangkuriang rada rumahuh. “Rumasa gara-gara kabeurangan. Tapi da rarasaan mah asa can beurang, Lur?”
“Iraha? Ayeuna? Kakaragé atuh wanci sarereuh budak ayeuna mah lila kénéh ka subuh!”
“Lain, harita basa kula nyieun parahu,”
“Geuslah, éta mah teu kudu dipasualkeun, Mang.” Omongna. “Ukur dongéng, leuh! Taya dikieuna, ngaranna gé dongéng sasakala,”
“Jadi Kiriweuh teu percaya?”.***
Hanca…