Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang ngaléngkah lalaunan, sup ka jero imah, manéhna culang-cileung rurat-rérét ka kénca jeung ka katuhu. Rohang imah anu kacida ublug-ablagna pinuh ku rupa-rupa papaés. Dijuru rohangan katénjo aya awéwé diuk nonggongan bari nyanghareupan tipi layar datar. Nu Katingali ku Sangkuriang lintangti buukna nu ngarumbay hideung meles.
“TUH itu dungan urang, Sangku!” anjing nunjuk ku rindat, léngkahna mah teu eureun. Ngarandeg sotéh sanggeus aya dina jarak dua deupa. “Endén, ieu jalmi anu dipilari téh!” cék anjing.
Naha saha awéwé anu bakal diamprokeun ku sakadang anjing ka dirina téh? Moal kitu anu salila ieu ditéangan mah? Nyanggakeun lalakon salajengna!
“Teu salah?”
“Rupina mah moal lepat, Enden,” jawab anjing.
Sangkuriang sakedapan mah ngahuleng ngadéngé caritaan sakadang anjing jeung dununganana.
“Naha geuning manéh téh bisa nyarita?” togmol.
“Sangku, nu baris ngajelaskeunana mah tah dunungan urang!” omong anjing nuduhkeun ku juru matana ka palebah awéwé anu nonggongan.
“Bener, Sangkuriang. Nu ngarti kana caritaan ieu anjing iwalti kuring jeung anjeun. Ari kuring pangna ngarti sabab ieu anjing nu ngaran si Ngedul téh geus lila babarengan jeung kuring. Ari anjeun pangna ngarti kana bahasa anjing apanan baheula kungsi babarengan jeung si Tumang.” Omongna.
“Naha anjeun geuning apal?”
“Tangtu atuh umumna manusa, hususna nu hirup di tatar bandung mah moal bireuk ka anjeun. Pon kitu deui kana sabagaian sajarah hirup anjeun, ” jelasna.
“Baruk?”
“Teu kudu anéh! Da mémang lalakon hirup jeung kahrupan anjeun mah geus sabiwir hiji,”
“Oh, kitu nya?” unggut-unggutan. “Terus kula tadi meunang béja ti anjing Ngedul, lamun anjeun téh cénah keur gering? Sarta ngabutuhkeun bantuan da di imah euweuh sasaha kajaba dunungan ka dua anijing.”
“Bener kuring cicing di ieu tempat ukur duaan jeung si Ngedul. Anjing kuring anu satia, sarta iceus. Sarta mémang kuring ogé ngabutuhkeun bantuan, tanaga manusa. Kaayaan kuring kurang séhat!”
“Bantuan naon anu dibutuhkeun ku anjeun ayeuna?” tanya Sangkuriang. “Ogé geing naon anjeun téh?”
“Bantuan anu kahiji, imah nu sakieu legana taya nu ngajaga! Kuring ngaharepkeun upama seug anjeun sayaga pikeun ngabantuan ngajaga. Tugas anu kadua mah moal waka dicaritakeun ayeuna, éngké wé satutas anjeun siap narima anu kahiji. Kalawan saeutik-demi saeutik ku kuring dibéjakeun,” omongna ngarandeg heula. “Saméméh kuring ngajawab pananya anjeun anu saterusna hayang apal heula kana kasanggupan anjeun!”
“O, kitu?” Sangkuriang narik napas panjang. “Kula teu ngarti kana caritaan anjeun naha, can jelas can naon geus nyebutkeun, tugas? Digawé gé acan? Kula datang ka ieu tempat ukur nehonan pangajak anjing Ngedul! Lain arék néangan gawé. Da kula mah tujuan kadieu téh sakadar arék nulungan sakumaha paménta sakadang anjing,” témbal Sangkuriang.***
Hanca….