Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Sangkuriang diharepkeun sangkan daék jadi pagawé di éta imah, sakumaha anu ditétélakeun ku manéhna.
“Bantuan anu kahiji, imah nu sakieu legana taya nu ngajaga! Kuring ngaharepkeun upama seug anjeun sayaga pikeun ngabantuan ngajaga. Tugas anu kadua mah moal waka dicaritakeun ayeuna, éngké wé satutas anjeun siap narima anu kahiji. Kalawan saeutik-demi saeutik ku kuring dibéjakeun,” omongna ngarandeg heula. “Saméméh kuring ngajawab pananya anjeun anu saterusna hayang apal heula kana kasanggupan anjeun!”
“O, kitu?” Sangkuriang narik napas panjang. “Kula teu ngarti kana caritaan anjeun naha, can jelas can naon geus nyebutkeun, tugas? Digawé gé acan? Kula datang ka ieu tempat ukur nehonan pangajak anjing Ngedul! Lain arék néangan gawé. Da kula mah tujuan kadieu téh sakadar arék nulungan sakumaha paménta sakadang anjing,” témbal Sangkuriang.
Naha pitulung modél kumaha anu dibutuhkeun ku éta awéwé téh? Nyanggakeun lalakon salajengna!
“O, hampura atuh kuring geus kumawani nyarita kitu. Wani nugaskeun padahal anjeun lain pagawé kuring. Nyarita kitu sotéh pédah wé kuring ngarasa bungah ku kadatangan anjeun nu cék pamikir kuring anjeun téh geus siap digawé di tempat kuring, sahingga geus kumawani méré tugas?!”
“Teu bisa kitu waé, da kula gé boga perkara anu kudu diréngsékeun. Ieu nu kudu diréngsékeun ku kula lain pagawéan énteng-énteng da nepikeun ka kiwari gé can némbongkeun hasilna,” cék Sangkuriang.
“Pagawéan naon anu dilakukeun ku anjeun?” tanyana halimpu.
“Naon hartina ieu perkara ditepikeun ka anjeun? Urusan pribadi,”
“Teu nanaon moal dibéjakeun gé. Ngan kuring apal kaayaan sapopoé anjeun, Sangkuriang,” terusna.
“Oh, kitu! Pastina gé anjeun meunang béja ti ieu anjing! Tapi teu nanaon da mémang unggal poé kula diuk luhur batu niténan sakur nu ngaliwat. Éta gé pagawéan cék kula mah. Da aya tujuan,” omongna.
“Éta mah hak anjeun. Da tadi gé kuring mah teu hayang nyaho kana hak pribadi anjeun. Éta mah anjeun sorangan anu nyarita,” cék anu nonggongan.
“Kagok kedal kula téh. Bongan tadi anjeun nyebutkeun nyaho,” Sangkuriang garo-garo teu ateul. “Anjeun cék anjing Ngedul pajarkeun gering? Gering naon anu kaalaman ku anjeun? Gening éta jag-jag?!”
“Éta gé moal waka dibéjakeun ka anjeun. Sabab anjeun tadi can ngedalkeun sanggup digawé di tempat kuring,” cénah.
“Lamun kitu mah atuh dina waktu ayeuna anjeun teu butuh pitulung kuring?”
“Butuh,”
“Leuh, naon atuh anu ku kuring bisa dilakukeun ari anjeun teu ngabéjakeun mah!”
“Satadina lamun anjeun can jadi pagawé di tempat kuring tangtuna gé moal daék migawé perkara anu dibutuhkeun ku kuring?”
“Naha naon?” kerung.
“Nya éta pasualannana, kuring heurin ku létah nyaritana!”
“Béjakeun wé heula alesanana?”
“Hadé lamun kitu,” kadéngé rénghapna lalaunan. “Salian kuring butuh ku anjeun digawé di tempat kula kalawan tugas anu ditétélakeun tadi. Kula gé butuh nu ngabantuan kula ngajak leuleumpangan, éta gé lamun suku geus kuat diajak leumpang. Ngan pikeun saheulaanan mah kuring teu bisa ingkah kamana-mana ari lain diuk mah dina korsi. Ngan untung ieu kajadian karék tadi soré,”
“Kunaon anjeun téh sabenerna?”
“Kuring labuh tina tangga, untungna ukur suku kénca anu beunang. Tapi najan kitu gé ngabalukarkeun nyeri anu rohaka ogé kuring teu walakaya. Tadi mah meureun kuring baal kénéh bisa ngorondang ngadeukeutan ieu korsi bari dibantuan ku si Ngedul. Ngan meureun lamun kuring butuh pindah tina ieu korsi tangtuna ogé butuh jalma anu ngabantuan?”.***
Hanca….