Sangkuriang Nyaleg (37)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sangkuriang nyaritakeun papanggihannana ka si Riweuh, manéhna ngaharepkeun pamanggihna. Sabab jalma anu ditéangan ku ditina téh nyéplés pisan jeung Dayang Sumbi. Naha bener éta téh Dayang Sumbi atawa lain? Nyanggakeun lalakon salajengna!

“PIRAKU poho mah?”

“Ari ku Mamang ditanyakeun heunteu?”

“Nyéta lain, ngaranna mah! Tapi da dina rupa mah manéhna pisan,”

“Ké, ké, ari dongéngna kumaha Mamang bisa panggih jeung éta awé sarta ngaleungit ampir tilu bulan?”

“Kieu lalakonna mah,” nganderekdek wéh Sangkuriang ngadongéngkeun papanggihan jeung Eulis. Ngan teu kabéh dicaritakeun ka si Riweuh, dijojoan anu kira-kira perluna wé. “Tah, kitu, matal kula ampur tilu bulan euweuh téh,” omongna.

“Bagja, Mang. Lamun téa mah Mamang meunangkeun éta awéwé, keur geulis téh beunghar deuih!”

“Kula mah teu ngaharepkeun,”

“Anéh, ongkoh sarua jeung Dayang Sumbi rupana. Éta apanan anu keur ditéangan ku Mamang rébuan taun téh?” ongkoh nyarita kitu bari dina haténa mah nyakakak nyebutkeun rébuan taun téh. “Boa keur nyamar,”

“Nyamar?”

“Apanan aya paribasa nyumput poék dinu nyaang, neggrak bari teu kaderuleu?”

“Bisa jadi, Lur?”

“Ayeuna mah Mamang tinggal ngabuleudkeun haté kumaha carana sangkan Mamang leuih deukeut jeung manéhna, ka gedé-hedé bisa meunangkeun. Pasti engké gé témbong aslina.” Omongna.

“Aya benderna tah caritaan Kidulur téh?” Sangkuriang ngahuleng sakeudeung.

“Geus teu kudu ngahuleng ayeuna mah. Téangan cara kumaha carana sangkan Mamang bisa deukeut jeung manéhna. Aya paribasa mun deukeut pasti geugeut,” omong si Riweuh. “Naha ngahuleng téh Mamang bungung kumaha cara ngadeueutannana?”

Baca Juga :  Sangkuriang Nyaleg (38)

“Henteu, ogé,”

“Naon atuh? Lamun bingung api-api wé aya anu tinggaleun kitu. Balik deui ka ditu? Lamun di tanya, naon anu tingaleun? Béjakeun, tapak kituh.”

“Ah, Ki Dulur mah nngacapruk nyieun alesan téh. Kuring mah puguh teu kudu

Nyieun alesan kitu gé dititah datang deui ka imah,”

“Éta gening? Maksudna?” si Riweuh calangap kagét. Ceuk dina haténa piraku

Awéwé geulis tur beunghar ngaharepkeun ka lalaki siga si Mamang anu sakitu

rudinna. Naon araheunnana? “Maksudna?”

“Enya ditawaran digawé di imahna,” jawabna.

“Percaya lamun kitu mah,”

“Naha?”

“Percaya wé,” si Riweuh gancang motong.

“Tari ulah tawaranana nurutkrun Ki Dulur?”.***

Hanca….

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.

Next Post

SKETSA | Queen Elizabeth

Sel Sep 13 , 2022
Silahkan bagikanOleh Syakieb Sungkar BEGITU cinta rakyat Inggris kepada Ratunya, mirip dengan orang Jawa Tengah yang begitu sayang kepada Sri Sultan Hamengkubuwono IX yang pernah menjadi Wakil Presiden Republik Indonesia. Kalau kita ke Istana Buckingham, terlihat orang bergerombol di depan pagar untuk menatap Istana dari kejauhan, dan berharap sang Ratu […]