Sangkuriang Nyaleg (38)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Sakuriang ngénta tinimbangan ti si Riweung ngeunaan tawaran Eulis nu nitah digawé di imahna. Naha baris manggihan jalan kaluarna? Nyanggakeun lalakon salajengna!

“AYEUNA mah Mamang tinggal ngabuleudkeun haté kumaha carana sangkan Mamang leuwih deukeut jeung manéhna, ka gedé-hedé bisa meunangkeun. Pasti engké gé témbong aslina.” Omongna.

“Aya benderna tah caritaan Kidulur téh?” Sangkuriang ngahuleng sakeudeung.

“Geus teu kudu ngahuleng ayeuna mah. Téangan cara kumaha carana sangkan Mamang bisa deukeut jeung manéhna. Aya paribasa mun deukeut pasti geugeut,” omong si Riweuh. “Naha ngahuleng téh Mamang bungung kumaha cara ngadeueutannana?”

“Henteu, ogé,”

“Naon atuh? Lamun bingung api-api wé aya anu tinggaleun kitu. Balik deui ka ditu? Lamun di tanya, naon anu tingaleun? Béjakeun, tapak kituh.”

“Ah, Ki Dulur mah nngacapruk nyieun alesan téh. Kuring mah puguh teu kudu nyieun alesan kitu gé dititah datang deui ka imah,”

“Éta gening? Maksudna?” si Riweuh calangap kagét. Ceuk dina haténa piraku Awéwé geulis tur beunghar ngaharepkeun ka lalaki siga si Mamang anu sakitu rudinna. Naon araheunnana?

“Maksudna?”

“Enya ditawaran digawé di imahna,” jawabna.

“Percaya lamun kitu mah,”

“Naha?”

“Percaya wé,” si Riweuh gancang motong.

“Tarima ulah tawaranana nurutkeun Ki Dulur?”

“Tarima atuh, Mang. Kacida lebarna lamun heunteu ditarima,”

“Tapi da,’

“Ngarti kuring ogé, Mang. Tarima heula bari deukeutan lila-lila ogé bogoheun!”

“Kitu, nya?” Sangkuriang sakedapan mah jempé.

Baca Juga :  LIGA INGGRIS: Arsenal Akhiri Tren Positif Leicester

“Soklah cobaan!”

“Najan kitu tetep kula butuh waktu keur mikir, Lur.”

“Nya éta leuwih alus, Mang. Teu gurung-gusuh,”

“Lamun kitu mah, kula ayeuna arék ngénta heul awaktu keur mikir?”

“Hor, ka mana?”

“Ka imah!” Sangkuriang nangtung.

“Tungguan,”

“Moal bisa mikir atuh lamun diajak ngobrol waé mah?”

“Kuring arék ngilu nyumput téa di imah Mamang?!”

“Atuh moal gé bisa mikir? Isuk deuilah arék nyumput mah, Lur!”

“Puguh ayeuna butuhna ogé. Kuring ti tatadi ogé keur ditéangan?”
Sangkuriang meunang sawatara jongjongan mah teu nyarita.

“Kunaon, Mang?” si Riweuh ogé sarua bingung. Ari balik nu ngudag sieun norojol.***

Hanca….

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

SKETSA | Pangeran Charles

Rab Sep 14 , 2022
Silahkan bagikanOleh Syakieb Sungkar IA laki-laki yang rapuh, karena terlalu banyak mendapat tekanan dari ayahnya. Ayahnya, Philip, seorang Pangeran Yunani, hidup susah dan keras, dan ia menginginkan Charles menjadi laki-laki macho seperti dirinya. Karenanya ketika berumur 13 tahun Charles disekolahkan di SMP Gordonstoun, Scotlandia. Sekolah itu mengajarkan orang hidup di […]