Sangkuriang Nyaleg (47)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, “Najan guar-gaur ogé némbongkeun sihung da ari aing mah teu ngarasa keueung! Moal kapangaruhan ku sima silaing,” omongna bangun kesel.”Ngan kawana lamun keukeuh silaing hayang ngerekeb deui ka aing, ayeuna kapaksa arék ditindak. Lamun henteu kawasna silaing bakal tuluy narajang ka aing!”

NYAAN WAÉ can ogé sungut baseuh maung geus ngajaul deu narajang ti hareupeun.

“Wayahna siah!” Sangkuriang sakali ieu ngagiwar ka kénca dibarengan ku ngaheumbatkeun teugeulan kedétna kana punduk maung.

Pugguh atuh maung dina muragna kana lemah téh ngagaurna rada tarik, langsung ngudupruk nyuuh bangun ngarasakeun nyeri.

Tidinya ukur gagauran rada alon, dina kaayaan ngudupung teu cengkat kawas tadi, teungeulan sangkuriang karasana nyéksrek kana awak.

“Sok hudang deui siah!” tangtangna. “Kajaba lamun silaing hayang ngeureunan?”

Maung ukur ngagaur laun, kawas anu serah bongkokan ka Sangkuring anu geus bisa ngélehkeun dirina. Buktina sakadang maung teu cengkat deui, ngudupung luhur lemah bangun taya tangan pangawasa.

Buntutna ngawet, tungkul kana lemah ngagaur laun teu wani ngakat gado komo neteup beungeut Sangkuriang.

Sangkuriang kiwari mah surti, lamu éta maung geus serang bongkokan. Tuluy manéhna dongko, sarta ngusap punduk tapak paneunggeulna.

Maung kakara bisa hojah deui, tapi kiwari mah geus teu wanieun deui narajang, ukur nyuuh hareupeun Sangkuriang saperti patalukan.

“Meugeus, balik silaing!” omongna.

Maung ukur ngagaur lalaunan, tuluy malik ngalénghiy ninggalkeun Sangkuriang anu masih kénéh ngajanteng dina tempatna.

Baca Juga :  Bupati Ciamis Ajak Jurnalis Bersama -sama Lindungi Masyarakat dari Hoaks

Sanggeus maung nyingkah kakara Sangkuriang néangan tempat keur meuting, tuluy tatanggahan ka luhur.

“Lamun aing sare luhur tangkal asa teu mungkin, kumaha lamun murag? Eieweuh tempat deui lintang ti héés luhur jukut,” omongna.

Léngkahna muru ka handapaeun tangkal anu rada hieum, handapna cukuo didadamparan ku daun anu gararing nu murug. Golédag ngagoler. Teu ngingetkeun urusan bahaya jeung teu bahaya anu penting mah bisa saré.

Reup, peureum, teu kungsi lila ogé kérék nyegrék ngaran-ngaran geus capé tea hamo teu tibra.***

Hanca….

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

KHUTBAH JUMAT | Memelihara Pandangan

Jum Sep 23 , 2022
Silahkan bagikan    VISI.NEWS – ﺇِﻥّ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪَ ﻟِﻠَّﻪِ ﻧَﺤْﻤَﺪُﻩُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻨُﻪُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻐْﻔِﺮُﻩُ ﻭَﻧَﻌُﻮْﺫُ ﺑِﺎﻟﻠﻪِ ﻣِﻦْ ﺷُﺮُﻭْﺭِ ﺃَﻧْﻔُﺴِﻨَﺎ ﻭَﺳَﻴّﺌَﺎﺕِ ﺃَﻋْﻤَﺎﻟِﻨَﺎ ﻣَﻦْ ﻳَﻬْﺪِﻩِ ﺍﻟﻠﻪُ ﻓَﻼَ ﻣُﻀِﻞّ ﻟَﻪُ ﻭَﻣَﻦْ ﻳُﻀْﻠِﻞْ ﻓَﻼَ ﻫَﺎﺩِﻱَ ﻟَﻪُ ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥْ ﻻَ ﺇِﻟﻪَ ﺇِﻻّ ﺍﻟﻠﻪُ ﻭَﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥّ ﻣُﺤَﻤّﺪًﺍ ﻋَﺒْﺪُﻩُ ﻭَﺭَﺳُﻮْﻟُﻪُ ﺍَﻟﻠﻬُﻢّ ﺻَﻞّ ﻭَﺳَﻠّﻢْ ﻋَﻠﻰ ﻣُﺤَﻤّﺪٍ ﻭَﻋَﻠﻰ ﺁﻟِﻪِ ﻭِﺃَﺻْﺤَﺎﺑِﻪِ ﻭَﻣَﻦْ ﺗَﺒِﻌَﻬُﻢْ […]