Sangkuriang Nyaleg (5)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
  • Dina carita anu saméméh, Sangkuriang kalawan teu dihaja nulungan jalma nu mobilna ti kusruk kana susukan. Waktu nganuhunkeun sarta pancakaki éta jalma teh kagét panggih jeung Sangkuriang. Sagigireun ti kitu manéhna ngarasa bungah ogé asa ditonjok congcot. Naon anu nyababkeun éta jalma anyar pinanggih ngarasa bungah? Mangga nyanggakeun lalakon salajengna.

“BENER, Pir! Ieu pisan jalma nu keur ditéangan. Nu geus ngabogaan maha karya, ngalégénda sarta boga nilai jual pikeun ngagedékeun partéy urang.” Omongna, bungah.

“Kula teu ngarti kamana loyogna omong arandika? Panggih gé karék ayeuna?”

“Yaktos, Kisanak. Nepangkeun atuh kuring Kartadi,” cék uragan ngajak sasalaman.

“Karnadi mah atuh bandar bangkong, meunangkeun anu geulis bati ngabohong,” cék Sangkuriang.

“Leres. Éta mah Karnadi. Kuring mah Kartadi,” omongna.

“Naha atuh lain saruakeun wé ngaran téh Karnadi améh pinter ngabohong?” polos.

“Ih, teu kenging kitu atuh, Lur! Kuring mah kieu-kieu ogé tara ngabohong upami teu peryogi-peryogi teuing mah,” cénah.

“Baruk, Lur!”

“Juragan téa atuh édun, Brow!” supir ngacungkeun kadua jempol.

“Ih, saha heula atuh!” cék Kartadi nyengir. “Kuring gé salaku ketua partéy,” nikukur.

“Sukur atuh aya kagiatan!” ucap Sangkuriang.

“Dupi salira naon kagiatan sadidinten?”

“Kula mah ukur diuk didieu, bari nyidik-nyidik satiap jalma nu ngaliwat.” Jawabna.

“Deuh, anéh? Naha nu ngaliwat maké jeung kudu disidk-sidik?” Kartadi kerung.

“Ah, kieu, yeuh ari ngobrol jeung jalma nu teu apal sajarah téh!” cék Sangkuriang loma.

Baca Juga :  Tanggulangi Genangan, Pemkot Surabaya Optimalkan 75 Rumah Pompa

“Ih, teu meunang kitu, Lur! Sajarah nu mana heula?”

“Sajarah Bandung jaman baheula,”

“Kumaha kitu?”

“Tuh, ngadon malik nanya! Ari teu apal mah teu apal wé atuh, Lur!”

Kartadi asa diwiwirang hareupeun supirna sorangan. Manéhna nyabar-nyabar haté, lamun téa mah teu boga maksud tangtu ambek, sarta nyingkah.

“Lain, Lur. Kumaha lamun andika ngagabung wéh jeung kuring?”

“Énya,” supir ngéngklokan. “Tibatan hulang-huleng sorangan euweuh gawé!” omongna.

“Ari andika?! Gagabah nyarita téh!” nyeuneu.

“Duh, hapunten, Lur! Caritaan supir kuring ulah dibawa kana haté,” Kartadi reuwas. “Pir, ulah gamah atuh!” ngahuit.

“Hampura, Kisanak! Da kuring mah loyor,” cék supir.

“Kumaha andika siap ngagabung jeung kuring. Urang babarengan ngagedékeun partéy?” nawaran. “Lantaran upama ditilik tina kaayaan andika ngabogaan poténsi kacida gedéna pikeun ningkatkeun sora.”

‘Bener, Kisanak.”

“Andika ngabogaan maha karya anu bisa dijual. Tong bujeng pikeun urang Bandung dalah urang deungeun-deungeun gé ngarasa reueus nempo karya andika. Nu unggal waktu sok pada ngajugjug. Tangkuban parahu.” puji Kartadi.***

Hanca…

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

TUMI Jadi Sponsor Resmi Tim Wanita Tottenham Hotspur dalam Tur Pramusim

Jum Agu 12 , 2022
Silahkan bagikanVISI.NEWS | NEW YORK – Tottenham Hotspur mengumumkan TUMI sebagai Sponsor Resmi (Official Luggage Partner) Tim Wanitanya dalam tur pramusim ke Amerika Serikat bulan ini. TUMI, merek perjalanan dan gaya hidup internasional, menyediakan produk dengan teknik produksi, daya tahan, dan ketangguhan terbaik. Lewat kolaborasi eksklusif ini, TUMI akan menyediakan […]