Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, “Teu kapikiran mah geus wéh teu ku maksakeun di jero endog. Di hareup wé jung ambéh lega. Di baturan ku tukang parkir!”
“HEUG ari kitu mah! Ngan oncom…éh omat,”
“Ulah ngabodor garing siah! Moal aya nu nyeungseurikeun barina ogé!”
“Maksud téh ulah telat ka hareup lamun musuh datang!”
“Moal, Lur! Kula datang di mana ki Dulur ka déséh!”
“Jangji!”
“Heueuh!”
“Siap!”
“Heug, lamun kitu mah, Mang! Ditungguan ku kuring di hareup nya? Kadé poho, mang!” omong si Riweuh gagancangan muru ka hareup.
“Ngaganggu waé kula keur héhés téh,” Sangkuriang hudang. Manéhna ngadéd;engékeun gebligna suku si Riweuh anu ngajauhan buruan imah ngontrakanana muru ka hareup.
Kakara ogé si Riweuh anjog ka gigireun tukang parkir, rentang-rentang tangtungan jangkung badah sepir babalingbingan, buuk panjang sarta barodas, kitu deui kumis janggot katut godégna anu patpung ogé barodas. Ngan bédana ieu mah kaayaan awalna seger tur séhat.
“Mang, Parkir?”
“Sumuhun, Nun,”
“Ari éta ayun…ambing…éh na bet, teu meunang ngabodor nya aing mah apanan Rama Bargawa! Nu ngabodor mah keun bagian si Cépot!”
“Leuh, boa ieu mangkeluk téh sarua jeung si Mamang anu ngaku ngaran Sangkuriang sarua geringna. Loba jalma garering ngalencar kieu aingah?” si Riweuh anu kakara pajonghok harita jeung jinisna anu ngaku Rama Bargawa ukur gegerenengan jeung kumecrék.
“Mang, Parkir?”
“Kulan, andi, Sun,” rengkuh bari tungkul.
“Ari éti…éh…eto,”
“Éta panginten, Nun?”
“Heueuh, Lur. Anu gigireun saha?”
“Cicing, Lur. Kuring anu ngajawab,” si Riweuh ngarindat bari nyiku ka si tukang parkir. “Oh, nepangkeun atuh kuring Sri Rama!” omongna.
“Sri Rama?”
“Kakara apal kitu?”
“Naha Sri Rama buluk kieu?”
“Acan dangdan kieu sotéh, kuring geus ti sawah matak kalotorm geus dangdan mah bakal gagah deui!” omongna.
“Teu percaya siah! Ngaku-ngaku éta mah! Hayoh saha ngaran silaing anu sabenerna? Biasana anu sok ngaku-ngaku mah si Cépot!”
“Geuning salira apal, Ram!”
“Si Cépotnya?”
“Bener pisan,”
“Salam kula wartoskeun ka Gusti Rama, Pot!”
“Siap, Bro,” si Riweuh dina haténa mah nyakakak. “Nyaan loba jalama uget kadieunakeun mah, teuing tina pangaruh naon?”
“Naon, Pot? Kalahka gegerendengan sorangan?” tanya Rama Bargawa kerung.
“Henteu, éta mah nyarita téh dina haté wé,”
“Piraku dina haté meni tarik kitu?” omongna. “Beuki yakin kula lamun kitu mah, bener si Cépot,” ungut-unggutan.***
Hanca…..