Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, “Dibandungan ku aing ngobrolna téh kawas nu garélo,” gerendeng tukang parkir bari nungkup sungut. Nahan piseuerieun, sabab ditungkup ahirna malik katukang jadi ngahiek.
NGIIIIIK, cénah rada panjang saeutik.
“Kéhéd jeung modol di dieu siah, Garéng!” Rama Bargawa nutup irung.
“Nyingkah, Réng. Teu sopan siah!” sentak si Riweuh, rada seuri konéng.
“Garéng?” tukang parkir kerung.
“Meugeus, heueuh aku wéh!” si Riweuh méré isarah.
Tukang parkir najan teu pati ngarti ogé nurut bari unggeuk, tibatan kudu adu hareupan jeung pasualan mah mending ogé ngaenyakeun, kitu ceuk pikirna.
“Garéng, sia meuni segak kieu! Goréng parab kawasna nya, Réng!?” gero Rama Bargawa bari mengkek irungna.
“Dasar wé si Garong…aéh goréng,”
“Garéng meureun, Pot? Lain kulub suuk?”
“Kuring tadi nyarita naon?”
“Dasar kulub tutut ceuk manéh tadi, Pot!?”
“Sanés kulub tutut, Nun. Goréng,” potong tukang parkir.
“Ngan anu anéh, naha si Garéng nyaritana sopan kieu, Pot? Boa lain si Garéng siah?”
“Si Garéngna ieu mah keur teu boga duit,”
“O, jadi kitu nya, Pot?”
“Saha anu arék méré nginjeum coba lamun nyaritana teu sopan mah, Ma?”
“Heueuh, kaharti ogé tah lamun kitu mah, Pot. Paingan kula jadi hayang méré duit, cacakan can kaarah gawéna. Komo lamun geus digawékeun bisa jadi teu dibayar?”omongna.
“Geus lah, ulah ngabodor, Ma! Moal lucu barina ogé, ongkoh euweuh bagian Rama Bargawa ngabodor mah. Sok bandungan moal aya nu hayang seuri macana ogé. Geus cicing!”
“Bisa jadi?” omongna. “Kula hayang panggih jeung Gusti Rama, Pot,”
“Geus pok deui, apanan…tati..aéh…tadi ku kuring geus dikarungan, éh dibéjakeun! Dunungan téh keur nyaba sareng garwana,”
“Tapi manéh siga ngabohong ka kula?”
“Ngabohong naon ari Rama…Bargawa!?”
“Naha aya kitu ngaran Ranca Buaya di nagara Alangkah Indah..”
“Alangkah Indah, Aléngkadirja meureun? Barina ogé Aléngka mah lain nagarana Sri Rama,”
“Geuning manéh nyahok?”
“Gaul atuh?”
“Nagara saha coba Aléngkadirja?”
“Dusasana,”
“Kaciri siah ngawadulna?!” omong Rama Bargawa.
“Ngawadul naon kuring?”
“Éta tadi, teu apal?”
“Raja Aléngkadirja?”
“Heueuh, coba saha, Pot?”
“Ari ceuk Rama saha?”
“Saha..nya..poho deui?”
“Lamun kitu mah Mamang lain Rama Bargawa?”
“Manéh gé lain si Cépot siah!”
“Nu garélo adu renyom kénéh, bari teu jelas anu diobrolkeunana?” tukang parkir gogodeg
“Si Garéng ngomongna, Pot? Kawas ngomongkeun urang?”
“Réng, cicing manéh!” si Riweuh ngahuit.
“Naon, Pot?”
“Teu, Rama ayeuna arék tuluy kamana?’
“Kahiji hayang panggih jeung dunungan manéh Gusti Rama, soalna hayang apal getih sorangan, yeuh! Kaduna hayang panggih jeung manusia anu ngaran si Riweuh majar jager cenah, sarta ngajago, balaga!”
“Keun lamun Gusti Rama tas mulang ku kuring dibejakeun! Ngeunaan nu ngaran si Riweuh sarua kuring ogé hayang panggih,” omongna.***
Hanca….