Sangkuriang Nyaleg (58)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, “Ceuk saha, Pot? Gagabah nyarita téh ka papay atuh, ieu buktina, pan nepi ka ayeuna manusa anu ngaran si Riweuh acan kapanggih,”

“ASA lieur, Ma? Maksudna ka mana caritaan Mama téh, Ram?”

“Geus, ayeuna mah kula arék mulang heula isukan panggih deui di dieu! Omat?”

“Ayeuna arék ka mana?”

“Mulang, sakalian ngaliwat ka imah si Riweuh sugan geus balik tah manusa téh! Geus sababaraha poé saprak ditéangan ku kula ngiles ti imah,”

“Baruk? Ceuk saha?”

“Pamajikannana nu ngomong,” gilek malikeun awak, gedig leumpang teu malik deui ka tukang.

“Untung?” si Riweuh mencrong tonggong anu leumpang ngajauhan. “Ngan aing jadi disebut si Cépot? Kajeunlah anu penting salamet!” gerendengna.

Nepi ka ngilesna tangtungan Rama Bargawa dilegleg ku léokna péngkolan, si Riweuh kakara bisa narik napas panjang.

“Hhhh, aman ayeuna mah,” gerendengna bari ngusap dada.

“Kakara apal kitu geuning nu ngaku Rama Kawalon téh?”

“Naon, Réng?”

“Garéng?” tukang paekur kerung.

“Cicing! Kuring mah teu kabawa édan siga anu tadi, Lur. Ngan naha dulur siga kabawa jadi ngacapruk, maké nyebut Rama Kawalon sagala?”

“Masih kabawa ku kaayaan puguh,”

“Sugan téh kabawa teu cageur,”

“Teu, da tarang mah tiis,” nyabak tarang sorangan.

“Maksudna naon atuh? Ngabodor? Lamun ngabodor sigana mah moal bisa, Lur!”

“Naha?”

“Moal aya nu hayang seuri garing? Kajaba lamun kaditu di ajar stones komédi! Sugan aya nu seuri,”

Baca Juga :  Revitalisasi Pasar Banjaran untuk Kesejahteraan Pedagang Pasar

“Ah, teu bisa da kuring mah lain artis? Sohor gé henteu,”

“Geuning éta rumasa! Geus wé atuh siga ayeuna digawé. Paju wé anu kaélmuan ku urang ambéh geunah karasana.”

“Sanés stones komédi panginten?”

“Oh, keun lah baé atuh salah sakitu mah da moal matak jadi beunghar atawa ngadadak miskin. Jeung moal aya jalma nu ngadadak dirugikeun deuih ku kasalahan kuring,” omongna paduengab.

“Kumaha atuh saterusna?”

“Maké nanya kitu? Kumaha kuring wé, teu kudu képo kana urusan batur. Keun wé batur-batur urang-urang,” témpasna

Si Riweh kiwari mah ngarasa aman. Tétéla geuningan jalman anu neangan dirina téh nyaho ngaran teu apal kana rupa. Najan kitu tetep dirina bingung balik, lamun pareng di imah panggih jeung manéhna tinangtu tidinya bakal katohiyan ku musuh.

“Kumaha aing balik lamun kieu carana?”

Sabot ngahuleng Sangkuriang norojol, ngarérétan ka tukang parkir ogé si Riweung sakapeung manéhna ngerungkeun tarangna.

“Mang, kabeneran datang? Ngan hanjakal telat?”

“Geuning éta teu sakara-kara, Lur? Kamana ayeuna Rama Bargawana?”

“Balik deui, Mang,”

“Naha? Geuning éta,”

“Kieu lalakona mah,” si Riweuh ngadongengkeun kajadian anu karandapan tadi kalawan jelas taya anu didinding kelir sindang siloka.

“Sukur atuh ari kitu mah. Aman keur saheulaanan mah,” omongna seuri maur.

“Angger kuring moal bisa balik,”

“Balik mah balik wé ngan kudu ucing-ucingan,”

“Heueuh nya?” semu seunggah.***

Hanca..

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.

Next Post

Solusi Pengentas Kemiskinan, Kolaborasi Masjid Pemberdaya Perkuat Potensi Masjid

Sel Okt 4 , 2022
Silahkan bagikanVISI.NEWS | YOGYAKARTA – Dewasa ini masjid masjid yang ada ditengah masyarakat Indonesia pada umumnya hadir untuk memberikan pelayanan ritual ibadah salat rutin lima waktu. Begitu waktu salat berjamaah selesai, masjid kembali ditutup bahkan dikunci pintunya. Untuk lebih memberdayakan mesjid, Sabtu (1/10/2022), dihadiri lebih dari 52 peserta pimpinan masjid […]