Sangkuriang Nyaleg (6)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintang ti hiburan.
  • Dina lalakon saméméhna Sangkuriang ka wénéhan tepung jeung saurang pangurus, partéy nu ngaranna Kartadi. Manéhna kataji ku kahébatan Sangkuriang anu geus nyieun maha karya nu ka sohor saantéro dunya. Sahingga Kartadi umajak ka Sangkuriang sangkan ngilu ngagabung jeung partéy nu dikokolakeun ku dirina. Naha kira-kira Sangkuriang baris daékeun? Nyanggakeun terasan ieu lalakon.

“CACAKAN nyieunna ditalapung, ngajengléng jadi hasil seni nu matak reueus.Coba lamun diukir, tangtu leuwih éndah,”

“Cicing, Pir! Ngomong téh sok kamalinaan. Ulah ngupat sajarah, mun ngupat mah di warung.”

“Mangga, katenan wé kedah di warung tukang kupat tahu. Patuangan tos ngerebek rupina tos dugi kana waktos makan siang.”

“Jempé! Ah, asa dijalanan!” ngagebés.

“Sarua kula gé can dahar,” omong Sangkuriang.

“Hayu atuh urang teruskeun di warung ngobrolna!” Kartadi éléh déét.

“Ngobrol mah di dieu. Di warung mah dahar,” cénah.

“Mangga, Lur!” Kartadi gogodeg.

Tiluannana leumpang pairing-iring blas-blus kana mobil. Biur mobil anu ditumpakan ku Kartadi katut Sangkuriang katilu supir muru rumah makan.

Salila diperjalanan maranéhna uplek ngobrol kawas anu geus loma, sakapeung mah sok diselapan ku heureuy.

Pikeun Kartadi sorangan ngarasa bungah wawuh jeung Sangkuriang téh, sabab jalma nu modél kitu pisan anu dibutuhkeun ku dirina katut partéyna.

Kiwari mah tinggal pinter-pinterna Kartadi pikeun ngolo Sangkuriang sangkan daék ngilu ngahiji jeung dirina dina partéy anu dipingpinna.

Réngsé dahar Sangkuriang dijajapkeun ka imahna.

“Kumaha siap andika ngagabung dina partéy kuring?” tanya Kartadi.

Baca Juga :  New Comer, Humaira dari PKB Borong Suara Kabupaten Bandung untuk DPRD Jawa Barat

“Kula ngénta waktu pikeun mikir!” jawabna.

“Teu nanaon? Lamun siap béjaan kuring!”

“Heug,” jut, turun tina mobil.

“Ké ari imah andika di mana Sangkuriang?”

“Teu boga imah kula mah. Ngontrak tuh di jero, imah nu pangtungtungna.” nunjuk ka lebah gang.

“Nomber hapé atawa wéa sabaraha?”

“Tong boro meuli hapé, mayar kontrakan gé seuseut. Acan mikiran dahar sapopoé, Lur!” cénah. “Datang wé kadieu lamun rék nepungan mah. Lamun embung ka imah, téangan kula di jalan nu aya batu. Kula pasti diuk di dinya niténan nu ngaliwat.” Omongna.

‘Aya ku angger niténan nu ngaliwat. Naon maksudna?’ gerentes Kartadi.

“Geus, teu kudu ngahuleng! Nuhun kula geus diajak dahar jeung dijajapkeun ka imah, Lur!”gilek malikeun awak tuluy ngagedig muru gang.

Kartadi jeung supirna ukur neuteup, nepi ka ngilesna kateureuy ku jerona gang.

“Pir, maju!” omongna.

“Juragan, naha yakin éta jalma badé djantenkeun caleg?”.***

Hanca…

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

DMI Jabar Juara Umum "DMI Award" Tingkat Nasional 2022

Sab Agu 13 , 2022
Silahkan bagikanVISI.NEWS | BANDUNG – Dewa Masjid Indonesia (DMI) Jawa Barat dinobatkan sebagai juara umum setelah berhasil menjadi pemenang dalam banyak kategori pada lomba masjid yang diselenggarakan oleh DMI Pusat. Peringatan tasyakuran atas diraihnya “DMI Award” ini, Jumat (12/8/2022) dilaksanakan di Aula Barat, Gedung Sate, Kota Bandung. Hadir antara Gubernur […]