Sangkuriang Nyaleg (62)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, “Lain naha, matak cilaka lamun Mamang apal kana kereteg haté kuring,”

“NGOMONGKEUN?!”

“Tah, éta untungna teu apal kana kereteg haté téh, Mang. Aya paribasa laut mah najan jero bisa diteuleuman, haté mah najan déét teu bisa dikobét,”

“Bener tah omongan téh, Lur.” Sangkuriang tuluy ngahuleng, ras inget deui ka awéwé nu ngaran Eulis. Naha bener manéhna téh lain Dayang Sumbi?

“Tuh nya, Mamang mah, geus ngahuleng deui mikiran awéwé?”

“Deuh, naha gening anjeun mah apal kanu keur dipikiran ku kula?”

“Ih, kuring téa atuh?”

“Tadi ceuk ki dulur haté teu bisa dikobét?” Sangkuriang kerung.

“Oh, hoo,” si Riweuh ngarandeg nyaritana. ‘Padahal aing ngomong téh paduengab, naha perlu dibohongan kitu?’

“Naon, Lur?”

“Henteu, Mang. Kawasna éta mah ukur kabeneran,”

“Ngan asa mindeng menerannana? Boa ki Dulur mah pura-pura teu boga élmu?”

“Teu, lamun kula sakti mah kawas Mamang meureun moal ngénta tulung,” omongna.

“Boa ki Dulur mah jalma anu keur nyumput dinu caang?”

“Henteu, Mang. Teu meunang boga pikiran kitu! Anu jelas Mamang nu nganjang ti alam bihari ka alam kiwari?!”

Sangkuriang dijawab kitu téh sangkaanana beuki tarik, ngabogaan anggapan lamun manusa anu keur disanghareupanana téh bisa jadi sajaman jeung dirina nu nganjang ka alam kiwari.

“Jadi?”

“Ayeuna mah kuring bisa mulang keur saheulaanan, Mang.” Omongna.

“Nya atuh ari kitu mah, sugan kabohongan ki dulur teu kaguar ku Rama Bargawa.”

Baca Juga :  Tiket PERSIB Vs Persis Solo Sudah Tersedia

“Moal kawasna, sugan?” si Riweuh malikeun awakna, pamit ningggalkeun Sangkuriang.***

Hanca…

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.

Next Post

REFLEKSI | Ujian

Sab Okt 8 , 2022
Silahkan bagikanOleh Bambang Melga Suprayogi, M.Sn. DALAM proses kehidupan manusia, perjalanannya selalu diiringi dengan tempaan demi tempaan. Hal ini dikehendaki Allah, sebagai penguat batin, pengasah mental, penajam rasa. Yaa, tempaan tak lepas dari cara Allah membuat kita lebih cerdas, lebih siap, lebih berani, dan lebih mendayagunakan pikirannya, untuk berikhtiar mencari […]