Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, “Tadi ceuk ki dulur haté teu bisa dikobét?” Sangkuriang kerung.
“OH, HOO,” si Riweuh ngarandeg nyaritana. ‘Padahal aing ngomong téh paduengab, naha perlu dibohongan kitu?’
“Naon, Lur?”
“Henteu, Mang. Kawasna éta mah ukur kabeneran,”
“Ngan asa mindeng menerannana? Boa ki Dulur mah pura-pura teu boga élmu?”
“Teu, lamun kula sakti mah kawas Mamang meureun moal ngénta tulung,” omongna.
“Boa ki Dulur mah jalma anu keur nyumput dinu caang?”
“Henteu, Mang. Teu meunang boga pikiran kitu! Anu jelas Mamang nu nganjang ti alam bihari ka alam kiwari?!”
Sangkuriang dijawab kitu téh sangkaanana beuki tarik, ngabogaan anggapan lamun manusa anu keur disanghareupanana téh bisa jadi sajaman jeung dirina nu nganjang ka alam kiwari.
“Jadi?”
“Ayeuna mah kuring bisa mulang keur saheulaanan, Mang.” Omongna.
“Nya atuh ari kitu mah, sugan kabohongan ki dulur teu kaguar ku Rama Bargawa.”
“Moal kawasna, sugan?” si Riweuh malikeun awakna, pamit ningggalkeun Sangkuriang.
Sangkuriang neutep tongging si Riweuh anu beuki lila beuki ngajauhan, ahirna ngiles diteureuy ku léokna oéngkolan.
“Rusiah naon sabendena disimpen ku si Riweuh? Saha ari manéhna anu sabenderna? Kula ngarasa ragu upama seug manéhna kawas manusa pada umumna?” kerung.
“Sangkuriang naha kalahka ngahuleng nempo si Riweuh mulang téh?” tukang parkir neuteup.
“Lain, Lur?”
“Kulan?”
“Lur, apal teu ngeunaan jalma anu tadi?”
“Si Riweuh?”
“Bener?”
“Tangtu, Nun, apal mah. Da moal aya anu bireuk ka jalama éta mah, jager sohor,”
“Lain perkara jager anu arék ditanyakeun ku kula mah,”
“Perwais naon, Nun?”
“Manéhna geus sabaraha lila di dunya?”
“Di dunya?” tukang parkir ngahuleng ditanya kitu téh.***
Hanca….