Sangkuriang Nyaleg (74)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Kalawan rancingeus sugan aya deui anu mukakeun panto imah, kiwari mah dirina diliputan ku rasa hayang nyaho.

RÉT ka kalér kabeneram aya anu nyurungkeun, lol sirahna katénjo awéwé.

“Kabeneran? Jaba geulis!” satengah lumpat muru panto muka.

“Ih, tulung!” panto buru-buru ditutupkeun.

“Géhél!” supir ngagurubug reuwas, ku gebrugna sora panto.

“Aya naon, Néng?” tanya lalaki di jero.

“Lalaki,” jawabna. “Kurang ajar! Sugan mah kudu dibabuk siah!” kadéngé gebligna ngadeukeutan lawang panto.

“Aduh, cilaka deui waé! Aing kudu buru-buru nyingkah!” omong supir ngajauhan.

Nyaan wé bareng jeung ngajauhan manéhna, lawang panto muka dibarengan ku ngahiukna konci inggris ngahakan tempat kosong. Geys kitu ngelok deui, panto langsung nutup.

“Cilaka! Kaya kieu mah, untung aing lumpat,” gagancangan muru dununganana nu masih ngajanteng.

“Kumaha meunang béja?” neuteup supir. “Kunaon kawas anu sieun?”

“Cilaka, Juragan!”

“Naon anu cilaka? Tibabaranting kitu rénghap-ranjug kawas diudag jurig?”

“Ampir dibabuk ku kinci inggris, Gan. Aya ogé anu arék ngabanjur ku cai ngagolak,” omongna.

“Ah, manéh mah aya-aya waé? Pira nanyakeun di mana imah kontrakan Sangkuriang kuatka héboh kieu. Teu bisa?”

“Duh, Juragan. Naha teu percanten?”

“Teu!”

“Itu, Gan! Aya deui panto anu muka!”

“Sampeurkeun!”

“Taluk, Gan.”

“Piraku kieu keieu waé kuring anu kudu turun? Ari manéh naon gawé atuh?”

“Teu wantun, Gan,” ngajengjen.

“Ténjo kuring! Kudu dicontoan waé!” Juragan muru ka salah sahiji imah kontrakan anu pantona kakara dibuka ti jero.

Baca Juga :  Bus Vaksinasi, Upaya Ganjar Percepat Vaksinasi

Nu kaluar téh hiji wanoja lenjang, rentang-rentang nempo nu datang geuntak panto ditutupkeun. Reg atuh Juragan palebah lawang oanto. Nu boga imah kadéngé sorana.

“Ulah muka panto ceuk urang ogé!” sada lalaki.

“Sugan téh moal?”

“Néng, ieu artos saha murag saratus rébu?” omong juragan diluar ngagiwing duit salambar.

“Gancang cokot, aku nu urang!” sora lalaki.

Si Wanoja buru-buru muka panto, nyampeurkeun juragan, matana mencrong ka lebah duit anu di dgigiwing.

“Nu kuring, Om,” omongna.

“Ieu, atuh!” diasongkeun.

Geus nampanan, geuntak malik deuk asup deui. Juragan ngageroan deui.

“Ieu salambar deui!” gerona.

“Mana, Om?” Kakara malédog ku imutna anu kareueut, leungeun namprak.

“Tapi,”

“Pasti, Om!” omongna, malik kalawang panton bari nyorowok. “Lalaki kéré balik siah kaluar!”

“Ké, ké,?” Jurahan kerung.

“Tos, diusir, Om!” namprak.

“Lain ki,” Juragan ngarénjag nénjo lalaki anu diusir tadi kaluar ti imah éta mojang, tarangna kerung.

“Hayu kalebet, Om! Teu aya sasaha!”

“Ké, ké,”

“Naon deui?”

“Maksud kuring mah kadieu téh arék nanyakaeun,”

“Naroskeun naon, Om? Abdi mah masih single,” omongna aluman-alimen.

“Single?” kerung. “Sanés,”

“Pamet nu tadi?”

“Lain arék naroskeun dupi bumi kontrakan anu dilebetan ku Sangkuriang palih mana?”

“Hor?” mojang kerung.

“Teu terang?”

“Teu, Om!”

“Wios atuh henteu mah,” malikeun awakna.

“Kamana, Om? Moal kalebet heula?” ngenyang.

“Moal! Ieu wé salambar deui!” ngasongkeun duit saratus.***

Hanca….

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.

Next Post

Goenawan Mohamad Terima Penghargaan Japan Foundation

Kam Okt 20 , 2022
Silahkan bagikan Panitia menilai Goenawan merupakan “salah satu raksasa intelektual Asia pada generasinya”. VISI.NEWS | TOKYO – Penyair, esais dan pelukis Goenawan Mohamad (81), menerima penghargaan dari Japan Foundation dalam perayaan hari jadi yayasan itu yang ke-50. Anugerah itu diberikan kepada GM, demikian Goenawan biasa disapa, pada Rabu 19 Oktober […]