Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon saméméhna Kartadi saparakanca rék ngayakeun rapat partéy, sakumaha ilaharna mun rapat nu sok pating gerendeng mah harita gé teu kurang, komo acara acan dimimitian mah, naon wé diobrolkeun. Nepikeun ka soal duit transpor waé dibahas. Kartadi salaku ketua maju, maksudna rék biantara. Nahan naon anu baris dibahas? Nyanggakeun lalakon salajengna.
“SAHA nu rék ngusulkeun transpor, Brow?” omong nu kumisan.
“Sukur atuh ari usulannana geus disiapkeun mah!”
“Eweuh nu ngusulkeun!”
“Tujuh puluh persén? Gedé sakitu mah naékna, mudah-mudahan wé diacc.”
“Huuuuhhhh, siah aing kudu ngomong naon deuleu!”
“Keun ulah sedih teu diacc mah, urang mah darma ihtiar. Nu penting mah aya usaha, Lur!”
“Dahar, Euy!” gero nu dugul.
“Heueuh, jarémpé cénah déngékeun ketua partéy rék pidato,” cék Saliwang.
“Gejul sugan mah! Ari diajak dahar kakara nyambung, dasar Saliwang!” cék nu kumisan ngarérét kanu dugul.
Harita rapat partéy keur lumangsung. Rupa-rupa pamolah, nu merhatikeun, nu haharéwosan waé aya, nu ngomé hapé ogé loba. Ngan ari waktuna keprok mah ampir kabéh ngilu, bari sabagian mah teu nyaho naon anu dikeprokan téh.
“Para wargi, sadayana! Para hadirin nu sami hadir!” Kartadi nuluykeun biantara. “Gera gedurkeun dina dada masing-masing sumanget pikeun ngamajukeun partéy! Ngeruk sora saloba-lobana!”
“Mémang gampang?” gerendeng si Kumis.
“Gampang teu gampang, Euy!?” omong nu gundul.
“Maksud anjeun, Brow?”
“Gampangna lamun loba duit, teu gampangna lamun duit euweuh!” cék nu kumisan.
“Maksud anjeun ku cara money politik? Teu meunang kitu gawé téh, ngalanggar siah!”
“Wah, tong idéalis hirup dina partéy mah, Brow! Idéalis mah moal nyatu deuleu!”
“Pan éta téh pelanggaran atuh!”
“Pelanggaran téh mun kapanggih bari jeung diributkeun. Tong ribut atuh ari hayang beuteung seubeuh saku metet, irung ngebul mah,” sambungna.
“Aya benérna ogé tah caritaan téh!”
“Lain aya benerna deui, Brow! Mémang bener kabéh! Da kitu kanyataanana!”
“Ah, can tangtu ogé, sararéa kitu!”
“Naon? Sabaraha séwang cénah kabagina uang transport?” Saliwang mairan.
“Ah, cilaka si éta ngilu ngomong mah!” rérét si dugul.
“Sukur atuh, Gul. Ati kabagéan gedé mah, aya jang bawaeun ka imah! Tadina kuring téh geus hariwang sok sieun balik nyamos. Sukur, ah, ari rada badag mah,” omongna bari seuri bungah.
Jep, nu duaan teu mairan lantaran paneuteupna ditujukeun ka Ketua Partéy nu keur biantara.***
Hanca….