Herdi Pamungkas
- Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
- Lalakon Saméméhna, Keur jongjon aruplek ngobrol rentang-rentang katénjo Rama Bargawa muru ka lebah dinya.
ITU sapertos Rama Bargawa, Sun?
Geuning apal?
Kantenan, Sun. Boa milarian salira?
Geuning éta apal, Lur?
Babalédogan wé, Sun.
Heueuhm sukur ari geus bisa malédoh mah. Ngan kadé buah bogana tatangga dibalédog der kana kaca.
Moal atuh, Sun. Da ieu mah mung babalédogan sanés nyaan. Naha milarina ka dieu, Sun?
Jalan wé meureun ka dieu bari nguriling, ngaranana ogé parapatan, Lur,
Boa milarian salira, Sun?
Bener, ngan kuring nyalingker tuluy lumpat ka dieu. Keun tong ribut, omongna ngahuit.
Pot, geuing manéh aya di dieu? Keur naon, Euy?
Biasa, Mang.
Ulah nyebut emang atuh, Pot! Gan, kituh. Piraku Rama Bargawa disebut mamang? Asa kakara ngadéngé kula mah, Pot.
Mangga, Gan. Wangsul ti mana juragan téh?
Tah, kitu, Pot! Geunah kadéngéna kana ceuli kula,
Geus mimiti garélo deui mangkeluk téh teu kaop amprok, gereneng tukang parkir.
Naon, Réng? Manéh ngomongkeun kula? Rama Bargawa ngarérét ka tukang parkir.
Henteu, Sun! Ieu mah nyarios téh dina haté wé,
Piraku dina haté kuaka kadéngé Amerika?
Asa pernah obrolan kieu téh?
Ari si Garéng mah heuh, Pot. Angger éta kénéh anu dicaritakeunana. Tapi apanan kula mah béda. Ditambahan ku Amerika?
Oh, kitunya, omongna.
Lain, Pot. Naha kula panggih waé jeung manéhnya di dieu?
Juragan anu kadieu waé?
Lain kahaja sabenerna kula ngaliwat kadieu téh pedah wé jalan anu babari ka dieu. Sok ayeuna manéh nanya? Naha geus ti mana kituh?
Naha geus ti mana kitu?
Tah, kitu! Ku kula dijawab, Pot.
Biasa geus néangan mangkeluk anu ngaran si Riweuh, éta jawaban kula, Pot. Ayeuna manéh nanya deui, Pot! Panggih teu jeung si Riweuhna?
Jadi kuring kudu nanya deui kawas bieu?
Heueuh. Sok!
Embung ah, jawabanna geus pasti kitu,
Kitu kumaha, Pot?
Kuring apanan kudu nanya. Panggih teu jeung si Riweuhna? Pasti ki Dulur bakal ngajawab. Nyéta henteu matak balik deui ogé. Pasti kitu ngajawabna.
Gening nyaho, Pot?
Nyaan nu gélo jeung édan mah nyambung, gerendeng tukang parkir.
Pot, kunaon si Garéng gegerendengan waé?
Ngomongkeun? merong.
Réng jempé atuh, ieu rama kawalon bendu!
Lain Rama Kawalon, Pot! Bargawa.
Lain manéh mah ngabodoena siga nurutan wayang dina radio. Ngan ayeuna mah radio analog téh geus ditutup kudu pindah kana digital!
Tuh, salah atuh, lain radio analoh mah TV, Gan! Radio mah,
Pasti manah bakal ngomong radio mah butut,
Lain, salah! Radio mah aya SW, FM, AM. Lain analog,
Kitu nya, Pot. Bisaan manéh, Euy?
Cépot téa atuh gaul, Brow!
Lain, ari mah can kungsi panggih kénéh jeung anu ngaran si Riweuh téh?
Nyéta acan, Gan.
Aya ku lingas tah mangkeluk. Jeung kawas nu nyaho kana kadatangan kula ka imahna?
Baruk?
Bener, pan tadi kula ti imahna. Ceuk pamajikanan mah cik kénéh cénah kaluar! Badé ka landeuh? Teuing ari maksudna landeuh téh kamana pamajikanana ogé teu nyahoeun?
Komo kuring atuh, dulur lain tatangga lain,
Aya ku bisaan tah si kurang uyah téh ngejatna! kekerot.***
Hanca….