Sangkuriang Nyaleg (93)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Kuring apanan kudu nanya. Panggih teu jeung si Riweuhna? Pasti ki Dulur bakal ngajawab. Nyéta henteu matak balik deui ogé. Pasti kitu ngajawabna.

GENING nyaho, Pot?

Nyaan nu gélo jeung édan mah nyambung, gerendeng tukang parkir.

Pot, kunaon si Garéng gegerendengan waé?

Ngomongkeun? merong.

Réng jempé atuh, ieu rama kawalon bendu!

Lain Rama Kawalon, Pot! Bargawa.

Lain manéh mah ngabodoena siga nurutan wayang dina radio. Ngan ayeuna mah radio analog téh geus ditutup kudu pindah kana digital!

Tuh, salah atuh, lain radio analoh mah TV, Gan! Radio mah,

Pasti manah bakal ngomong radio mah butut,

Lain, salah! Radio mah aya SW, FM, AM. Lain analog,

Kitu nya, Pot. Bisaan manéh, Euy?
Cépot téa atuh gaul, Brow!

Lain, ari mah can kungsi panggih kénéh jeung anu ngaran si Riweuh téh?

Nyéta acan, Gan.

Aya ku lingas tah mangkeluk. Jeung kawas nu nyaho kana kadatangan kula ka imahna?

Baruk?

Bener, pan tadi kula ti imahna. Ceuk pamajikanan mah cik kénéh cénah kaluar! Badé ka landeuh? Teuing ari maksudna landeuh téh kamana pamajikanana ogé teu nyahoeun?

Komo kuring atuh, dulur lain tatangga lain,

Aya ku bisaan tah si kurang uyah téh ngejatna! kekerot.

Puguh kitu, Lur. Kuring waé nu geus nénéangan aya mingguna can kungsi manggihan?

Pinter nyumputna tah mangkeluk anu ngaran si Riweuh téh, Pot?

Baca Juga :  Pemkab Indramayu Tawarkan 11 Poin Prokes kepada Pegiat Seni

Nu mawi kitu, Lur,

Nyaan bisaan si Riweuh ngulinkeun musuhna, gerendeng tukang parkir.

Naon si Garéng gegerendengan wae, Pot? Rama Bargawa merong.

Heueuh, Réng? Kunaon manéh?

Ngomongkeun goréng nya manéh,

Garéng?! Rama Bargawa nyentak.

Teu pisan-pusan, Sun. Omong tukang parkir rengkuh.

Ké, Pot!

Naon, Lur?

Aya nu anéh teu ceuk manéh?

Maksud ki dulur?

Si Garéng éta téh bener?

Ari kitu?

Ah, lain siah, nipu aing jigana?

Nipu? dina haténa si Riweuh ngarasa reuwas ogé sok sieun kabongkar kedok dirina ogé.

Maksudna kumaha, Lur?

Ceuk kula mah lain si Garéng éta?
Ari geus saha kitu?

Piraku si Garéng nyarita lemes kieu?
Ari geus?

Ah, siah ieu mah Abimanyu nya?

Atawa Arjuna?

Arjuna? omong si Riweuh, rada bisa ngarénghap ayeuna mah.

Heueuh,

Piaraku Arjuna bentukna kieu?

Heuh, tapi, Pot?

Moal lamun Togog?

Ah, geus puguh si Garéng, Lur!

Lain, siah! Kula apal si Garéng mah ngomongna kasar! Piraku ieu lemes!

Ngaku siah saha manéh sabenerna?

Jisim abdi mah da ti kamari ogé sanes Garéng, Sun. Tukang parkir ngadégdég.

Nya, bener lain ceuk kula gé, Pot?!

Ah, cilaka, kaya, kieu mah,

Naon anu cilaka, Pot?

Éta si Garéng, nyalénggorkeun maksud.

Heueuh, siah! Bongana geus ngabohongan ka kula! Ngaku siah!

Saur jisim abdi ogé tadi disebatkaeun ti kamari ogé sanés Garéng, Sun.

Naha atuh ngaku-ngaku?

Teui pisan pisan, Sun. Cobi émut, harita anu nyebat Garéng ka jisim abdi apanan salira, Sun. Mangga émut deui?!

Heueuhnya! Naha saha atuh manéh sabenerna?

Jisim abdi mah nya tukang parkir, Sun. Nu maneuh di dieu,
Ari manéh? neuteup si Riweuh.

Baca Juga :  REFLEKSI | Mengalah

Naha bet tumanya kitu, Lur. Apanan kuring mah cépot, si Riweuh gegebegan.***

Hanca….

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Baznas RI dan Bayt Zakat Mesir Sepakat Perkuat Kerja Sama

Rab Nov 9 , 2022
Silahkan bagikanVISI.NEWS | KAIRO – Badan Amil Zakat Nasional (Baznas) Republik Indonesia (RI) sepakat untuk memperkuat kerja sama dengan Bayt Zakat dan Sedekah Mesir. Kesepakatan ini dibahas bersama dalam pertemuan antara Sekretaris Jenderal Bayt Zakat dan Sedekah Mesir, Mayjen Muhammad Amru Lutfi dan Sekretaris Baznas RI, Muchlis M Hanafi. Pertemuan […]