Sangkuriang Nyaleg (94)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Lalakon Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Bener, pan tadi kula ti imahna. Ceuk pamajikanan mah cik kénéh cénah kaluar! Badé ka landeuh? Teuing ari maksudna landeuh téh kamana pamajikanana ogé teu nyahoeun?

KOMO kuring atuh, dulur lain tatangga lain,

Aya ku bisaan tah si kurang uyah téh ngejatna! kekerot.

Puguh kitu, Lur. Kuring waé nu geus nénéangan aya mingguna can kungsi manggihan?

Pinter nyumputna tah mangkeluk anu ngaran si Riweuh téh, Pot?

Nu mawi kitu, Lur,

Nyaan bisaan si Riweuh ngulinkeun musuhna, gerendeng tukang parkir.
Naon si Garéng gegerendengan wae, Pot? Rama Bargawa merong.

Heueuh, Réng? Kunaon manéh?Ngomongkeun goréng nya manéh, Garéng?! Rama Bargawa nyentak.

Teu pisan-pusan, Sun. Omong tukang parkir rengkuh.

Ké, Pot!

Naon, Lur?

Aya nu anéh teu ceuk manéh?

Maksud ki dulur?

Si Garéng éta téh bener?

Ari kitu?

Ah, lain siah, nipu aing jigana?

Nipu? dina haténa si Riweuh ngarasa reuwas ogé sok sieun kabongkar kedok dirina ogé.

Maksudna kumaha, Lur?

Ceuk kula mah lain si Garéng éta?

Ari geus saha kitu?

Piraku si Garéng nyarita lemes kieu?

Ari geus?

Ah, siah ieu mah Abimanyu nya?

Atawa Arjuna?

Arjuna? omong si Riweuh, rada bisa ngarénghap ayeuna mah.

Heueuh,

Piaraku Arjuna bentukna kieu?

Heuh, tapi, Pot?

Moal lamun Togog?

Ah, geus puguh si Garéng, Lur!

Lain, siah! Kula apal si Garéng mah ngomongna kasar! Piraku ieu lemes! Ngaku siah saha manéh sabenerna?

Baca Juga :  Kerawanan Sosial di Desa Kopo Sudah Tertanggulangi Lebih dari 90%

Jisim abdi mah da ti kamari ogé sanes Garéng, Sun. Tukang parkir ngadégdég.

Nya, bener lain ceuk kula gé, Pot?!

Ah, cilaka, kaya, kieu mah,

Naon anu cilaka, Pot?

Éta si Garéng, nyalénggorkeun maksud.

Heueuh, siah! Bongana geus ngabohongan ka kula! Ngaku siah!

Saur jisim abdi ogé tadi disebatkaeun ti kamari ogé sanés

Garéng, Sun.

Naha atuh ngaku-ngaku?

Teui pisan pisan, Sun. Cobi émut, harita anu nyebat Garéng ka jisim abdi apanan salira, Sun. Mangga émut deui?!

Heueuhnya! Naha saha atuh manéh sabenerna?

Jisim abdi mah nya tukang parkir, Sun. Nu maneuh di dieu,

Ari manéh? neuteup si Riweuh.

Naha bet tumanya kitu, Lur. Apanan kuring mah cépot, si Riweuh gegebegan.

Cépot?

Enya, Lur,

Ah, anéh. Nu tadi tukang parkir lain si Garéng, ieu ngaku si Cépot? Rama Bargawa nepakan tarang.

Naon anu anéh, Lur? haté mah keukeuh gegebegan.

Apanan ari si Cépot mah biasana ogé aya si Garéng, si Udawala,

Semar bandar nangka,
Badranaya!

Tah, éti…éh, éta…tapi apan euweuh tah!

Aya atuh!

Dimana ayeuna?

Nya di imah atuh, piraku kuring kudu abring-abringan, sabondon royot,

Lain bondon royot atuh, éta mah ngaran kurupuk!

Heueuh, gening manéh apal, Pot!

Tangtu atuh, Lur,

Ngan anu anéh naha si Garéng robah. Manéh ogé rupana robah, kula asa inget si Cépot mah beungeutna beureum. Ari mah hideung?

Rama Bargawa tuluy rada ngahuleng siga aya anu keur dipikiran, teu kungsi lila pok deui nyarita.

Da anu beungeutna hideung mah Baladéwa, omongna.

Nyaan, ieu jalma téh sabenerna kumaha? tukang parkir nepak tarang.

Salah atuh, Lur! Anu hideung mah Keresna! Sabenerna ari ki Dulur téh Rama Bargawa ti alam mana? si Riweuh panasaran.

Baca Juga :  HORE! BNPB Izinkan Kompetisi Liga 1 dan Liga 2 2020

Maksudna?.***
Hanca…

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Gelar Pendidikan Fungsionaris, Kang Ace Hasan : Golkar Jabar Harus Menang Di Pemilu 2024

Jum Nov 11 , 2022
Silahkan bagikanVISI.NEWS |BANDUNG – Ratusan kader Partai Golkar dari tiga daerah pemilihan (Dapil) Bandung Raya mengikuti pendidikan fungsionaris di DPD Partai Golkar Jawa Barat (Jabar) Jalan Maskumambang Bandung Jumat (11/11/22). Dihadapan ratusan Bakal Calon Legislatif (Bacaleg) tingkat DPRD Jabar dan DPR-RI, Ketua DPD Partai Golkar Jabar, Ace Hasan Syadzily mengatakan, […]