Sangkuriang Nyaleg (99)

Silahkan bagikan

Herdi Pamungkas

  • Sangkuriang Nyaleg, karangan Herdi Pamungkas mangrupa carita rékaan nu jauh tina kanyataan. Boh ngaran tokoh atawa tempat sadayana fiktif. Ieu carita diserat tujuannana taya sanés lintangti hiburan.
  • Lalakon Saméméhna, Geus kumaha deui atuh? Kuring mah hayang nulungan wé ka ki Dulur. Tibatan unggal poé capé néang si Riweuh. Panggih can tangtu!

ULAH, ulah, Pot. Heureuy wé atuh kula mah, omongna pupurungkutan.

Maksudna? Ki dulur téh lain Rama Bargawa? Tuluy nyingsieunan si Riweuh? Ngaku Rama Bargawa?

Lain, Pot! Kula mah bener Rama Bargawa! Asli,

Ari,
Jeung si Riweuh mah béda urusan,
Lieur kuring ngabandungan ki dulur? nepak tarang.

Teu, Asa pasalia, Lur?

Ulah, Pot!

Ongkoh hayang apal getih sorangan? Yeuh ku kater heula!

Ulah atuh ku kate mah, Pot. Bisa neurak? Da maksud kula mah hayang nyaho getih sorangan téh arék mecak élmu.

Sarua ieu ogé mecak élmu! Tibatan éngka panggih jeung si Riweuh kéok sakali nyabok, mening coba heula ambeh teu ka wiwirangan!
Ieu kater arek dukumahakeun, Pot?

Coba saeutik wé koétkeun kana leungeun ki dulur! Lamun getihan tah, éta getih sorangan! Geus teu ku ngudag si Riweuh lamun getihan!

Oh, kitu! Sok atuh keureutkeun éta kater kana awak kula, téangan kulit anu hipu, tulang anu rangu! nangtang.

Bener? si Riweuh ngaregog ngadéngé panangtang kitu téh.

Sok nyaan! Siga anu sieun manéh, jeung kawas kurang yakin?!
Panasaran! manéhna rada asa-asa. Kana dampal leungeun urang koétkeun saeutik. Coba namprak!

Sok, tah!

Siap! sret. Kater dikeureutkeun kana dampal leung Rama Bargawa.

Si Riweuh olohok bengong mata simeuteun, nyaan teu neurak.

Baca Juga :  Lapan Perkirakan Awal Ramadan Bakal Seragam Ditetapkan 13 April

Ceuk kula gé?! Teu percaya manéh! Ku pakarang anu bener atuh sakalian! omongna bari seuri.

Nyaan?! si Riweuh rada muringis neuleu kitu mah. Hanas satadina ngoa. Cilaka,kaya kieu mah!?

Kunaon, Pot?

Nyaan geuning ki Dulur téh teu neurak ku pakarang?

Bisi manéh panasaran! Hayang ngabuktikeun kula sakti téangan pakarang anu anu leuwih seukeut!
Réng, cik aya pakarang naon?

Aya gé itu tuh pipa beusi, tungtungna seukeut anu nanceb sisi pager, omong tukang parkir.

Bawa, Réng!

Sok bawa kadieu, Réng! omongna.

Cik coba ku ieu, Lur?! Seukeut yeuh tungtungna. Tapi kuring teu tangggungjawab lamun aya nanaon, omong si Riweuh bari nyekelan pipah seukeut.

Manéh mah, Pot. Aya ku keukeuh, kawas anu cangcaya kana jajatén kula. Sok buktikeun!

Teu nanaon ari kitu mah, awas tahan!

Tong kana beuteung nojoskeunana, Pot. Kagok, kana gengerong sakalian!

Nyaan?

Nanya kénéh? Sok, sok!

Hiaaaattt! si Riweuh kalawan dibarengan ku tanaga sagemblengna, nojoskeun beusi seukeut kana beheung Rama Bargawa.

Rama Bargawa teu cécél bocél, angger nagen dina tempatna, taya raheut najan saeutik ogé.

Nyaan? si Riweuh ngarahuh narik napas panjang.

Nu lalajo keprok, teu kanyahoan ti mimitina jalama jul-jol narempokeun, bubuhan di sisi jalan.

Hebat, Mang. Deui, Mang! gero budak sakola anu ngajanten gigireun motorna.

Jagoan si Bapa éta debusna! Teruskeun ah! ceuk jalma anu disaragam pabrik.***

Hanca…

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.

Next Post

Tuntut UMK dan Pembatalan UU Ciptaker, Ribuan Buruh Hari Ini Unras di Kabupaten Bandung

Kam Nov 17 , 2022
Silahkan bagikanVISI.NEWS | CIPARAY – Aliansi serikat buruh dan pekerja se Kabupaten Bandung Kamis (17/11/2022) ini akan melakukan aksi unjuk rasa (Unras) besar-besaran di halaman Komplek Perkantoran Pemkab Bandung di Soreang. Tuntutan yang akan mereka sampaikan kenaikan Upah Minimum Kabupaten (UMK) tahun 2023 sekira 26-30 persen dari upah tahun ini. […]