Sidik Pisan (4)

Silahkan bagikan
Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“SIDIK pisan éta mah teu tanggung jawabna téh nya.”
“Naon téa Ujin?”
“Heueuh kalakuan si Opid, pajah téh muru ngeunah.”
“Tah nu kitu nu disebut ngeunah Opid teu ngeunah Inah téh, Ujin.”
“Ngeunah Éhé teu ngeunah Éon panginten, Bi. Kacapangan di lembur urang nu ngagambarkeun kateuadilan tatéh.”
“Tah leres éta, Bah. Kitu da lalaki mah ti awéwé téh ukur muru ngeunahna wungkul mun kikituan téh, teu nyaho ngajuruna mah teu ngeunah.”
“Teu raos kitu ngajuru téh Bi?”
“Nya heueuh atuh Ujin da moal aya awéwé ngajuru bari suka-seuri pédah ngeunah, kabéh gé jerit jempling baning nyeri.”
“Enya Bi kitu pisan nu matak ilalaing ka kolot pangpangna indung ulah sok nganyerikeun haténa sabab gedé pisan dosana kitu peta téh. Ceuk kolot urang mah lamun budak ngalakukeun lampah nirca ka indung akibatna ka luhur moal sirungan ka handap moal akaran alias hirup sangsara saumur-umur, can jaga di ahérat.”
“Leres Bah, ulah sapertos nu diwartakeun cenah aya budak nu téga mergasa indungna pituin alatan aya kahayang teu dicumponan.”
“Kitu Darsép?”
“Enya Jin, malah aya nu kolu nakol sirah indungna ku pacul nepi ka tiwasna.”
“Innalillaahi…….”
“Muhun Bi.”
“Tah kitu Ran ka indung téh kudu hormat. Ilaing sok ngaormat?”
“Aya tomat dina piring, na mangkok mah pan tamusu. Nya ngahormat sabab uing, pan osok dibéré nyusu.”
“Piraku geus janggotan nyusu kénéh Diran?”
“Na jandéla aya popok, baheula basa keur orok.”
“Oh sugan téh ayeuna sok nyusu kénéh, Diran.”
“Ka Jakarta jeung Ceu Unéh, lancingan kadé morosot. Éta ogé hayang kénéh, ngan si Bapa sok molotot.”
“Hahaha…….”
“Nya heueuh atuh Diran éta mah geus lain hancengan manéh deui, hancengan Bapa manéh! Nu matak geura boga pamajikan ngarah bisa nyusu deui…!”
“Hahaa….”
“Ari ilaing Ya, sok ngahormat ka indung?”
“Tara, Kang Ajan.”
“Éta si Sarya wanian. Tara naon manéh téh?”
“Maksad Yaya mah tara ngalawan, tara ngabantah, tara ngalampah salah sabab Yaya apal saat Yaya nyayang na padaharan Mamah, Mamah amat payah da Yayana nalaktak.”
“Nalaktak kumaha Sarya?”
“Nalaktak basa nyayang na padaharan Mamah Yaya mah. Tah basa malam-malam karasa aya barang ajrag-ajragan nabrakan mastaka Yaya tangka matak jangar, Yaya apal yang ajrag-ajragan nabrakan mastaka Yaya nyatana barang atawa larangan Bapa….”
“Hahaaa….”
“Barang Bapa cenah euy, teus kumaha Sarya?”
“Kagak asa-asa, larangan Bapa Yaya tampar.”
“Hahaaa….”
“Terus?”
“Nyaan haram jadah tah barang Bapa, Kang Ajan.”
“Haram jadah kumaha?”
“Kalah ngabadagan, nabrakna ngagancangan kawas kapal na awang-awang, lantas na baham barang Bapa aya caah dahsyat nabrak awak Yaya…..”
“Hahaaa…..” (lajengkeuneun) **

Baca Juga :  12 Paslon Koalisi Golkar di Jabar & Banten Terima Formulir B1.KWK dari DPP

M Purnama Alam

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Warga Desa Bojongloa Rancaekek Terima BLT-DD Tahap 2

Rab Jun 17 , 2020
Silahkan bagikanVÌSI.NEWS – Bantuan Langsung Tunai yang bersumber dari Dana Desa (BLT-DD) bagi warga terdampak Covid-19 di Desa Bojongloa, Kecamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat telah disalurkan, Rabu (17/6). H. Ayeng, Kepala Desa Bojongloa menjelaskan bahwa jajarannya telah rapat untuk mem-verifikasi dan mencocokkan data siapa-siapa saja warga di desanya yang berhak […]