Rekacipta Fendy Sy Citrawarga
“Paling gé manéh di-FaceApp mah lain jadi nonoman nu pangkasépna sadunya, Darsép!”
“Jadi naon atuh Surjin? Panggantengna? Nya sarua wé kasép jeung ganteng mah béda basa wungkul. Kasép basa Sunda, ganteng basa Indonesia.”
“Lain ganteng satéh Darsép! Batur can anggeus ngomong geus dipotong!”
“Oh….pangarjunana? Sarua wé éta gé Ujin, saha awéwé nu teu kapéngpéongan ku Arjuna? Bakating ku naon? Nya bakating ku kasép!”
“Hahahaa…..”
“Minggeus Ujin tong dilayanan si Darsép mah!”
“Ah gélo wé jelemana hayang meunang sorangan Bi si Darsép mah, kudu diparabkeun ka maung.”
“Sok wé parabkeun ka maung ngan manéh rugi, Surjin!”
“Rugi naon satéh Darsép?”
“Rugi moal ngadéngékeun dongéng pangalaman Bi Ikoh jeung Mang Uya atawa Ma Ucih FaceApp, Ujin.”
“Aéh heueuh nya. Hampura Sép. Sok atuh geura dongéngkeun.”
“Kalem atuh Jin, orang kalem mah…..pasti…”
“Pasti naon Darsép?”
“Pasti naon cenah, Ran?”
“Lauk nilem eujeung kungkang, dahar dagé ni samutut. Orang kalem mah yeuh akang, pastina gé siga tutut.”
“Heueuh bener Ran nu kalem mah siga tutut, manyun. Sok Darsép geura dongéngkeun méh uing teu siga tutut.”
“Heueuh kieu Jin. Ma Ucih téh dibéjaan ku si Anih incuna, Ma cenah mun Ema hayang geulis deui siga keur ngora ku Anih bisa.”
“Na enya nyah Anih?”
“Enya, ceuk si Anih téh bari jeprét Ma Ucih dipotrét ku HP bogana. Terus di-aplod kana Pésbukna. Guruwal-guriwel, teu kungsi sapuluh menit geus jadi.”
“Tuh tingali Ma. Tah ieu raray Ema nu asli, tah nu ieu nu geulis tanding widadari.”
“Éta mah Ma Ucih euy barang ningali beungeut meunang FaceApp incuna, teu sirikna ngajerit.”
“Ngajerit Darsép?”
“Enya Jin. Anyiiiiiir…..Anih beungeut Ema wani ngéléhkeun Syahrini….”
“Hahaaaa……”
“Terus kumaha Darsép?”
“Ngan teu kungsi lila, heueuh pikasebeleunana Ma Ucih, kalah ngaheruk rék ceurik.”
“Naha Darsép?”
“Ceuk Ma Ucih, balikkeun deui ka asal Anih. Ema mah embung boga beungeut geulis siga kitu.”
“Naha Ma?” tanya si Anih.
“Sabab watir ka lalaki nu mikahayang Ema.
Heueuh ari beungeut luhur geulis tanding Syahrini ari si jimat di legok hangseur angger tanding nini-nini, nya péot nya lémot.”
“Hahaaaa…….!”
“Jadi kudu FaceApp kumplit, luhur handap nya Darsép!”
“Hahaaa….”
“Enya kuduna mah Bi, méh aman.”
“Ari dongéng FaceApp Bi Ikoh jeung Mang Uya Darsép?”
“Teu béda Jin. Tah, barang Bi Ikoh ningalikeun beungeutna hasil FaceApp ka Mang Uya. Tangka gogodeg, euy éta mah Mang Uya.”
“Anyiiiir… Ikoh manéh mani jadi geulis kitu. Sing sumpah akang bogohna gé lekoh,” ceuk Mang Uya bari teu asa-asa, celengo deui celengo deui nyiuman beungeut Bi Ikoh nu meunang FaceApp dina HP.”
“Yeuh, Uya. Ieu pipi aing ciuman mah lain HP!” ceuk Bi Ikoh bari luwa-lewé.
“Euweueueuh…., jeung beungeut sia mah geulis kénéh ieu. Beungeut manéh mah nya geuneuk nya cakeutreuk. Deuleu raray kénging FaceApp, nya lemes nya manis.”
“Alah étah si Mang Uya aya kituna. Terus kumaha Darsép?”
“Kerewek wé HP téh direbut ku Bi Ikoh, Jin. Belewer dipangpéngkeun sataker tanaga kana témbok tangka burakrakan. Gaur ceurik lolongséran.”
“Teu rido aing mah teu ridooooooo…..!”
“Hahaaaaa……..!” (réngsé) **