Rékacipta Féndy Sy Citrawarga
“TEU balég pisan manéh mah Darsép.”
“Naon téa Jin?”
“Naon téa? Éta sisindiran? Ceuk manéh kamari, aya roda di tanjakan, katinggang ku pangpung jéngkol. Aya randa gogoakan, katingggang ku hulu cangkir!”
“Hahahaaa…..!”
“Teu balég lebah manana Ujin?”
“Nya teu balég atuh satéh moal enya tina jéngkol kana cangkir.”
“Nya heueuh atuh Ujin. Sok wé pikir lamun urang dahar jeung semur jénkol, apan geus bérés dahar téh ceg kana cangkir, nginum, moal enya ceg kana pacul tuluy dibalédogkeun ka manéh!”
“Hahahaaa……!”
“Ah, teuing siah Darsép! Sok buru kumaha lalakon debat pilkaté Mang Kaning jeung Kang Kalung téh!”
“Na kumaha kitu, Jin?”
“Heuh, mani geus ateul yeuh peureup. Pan ceuk manéh kamari, enya kitu Jin da jaman ayeuna mah tong boro pantar bupati, pamilihan RT gé enya pilkaté apan didebatkeun heula. Heueuh basa pilkaté nu pamilonna Mang Kaning jeung Kang Kalung, Jin. Ngan karunya ka Si Kuna nu jadi moderator.”
“Alah siah, kumaha lalakonna Darsép? Tanya uing kamari téh.”
“Ceuk manéh, urang caritakeun isukan wé Jin, ayeuna mah uingna aya….”
“Aya naon Darsép? tanya uing deui.”
“Aya…roda di tanjakan, katinggang ku pangpung jéngkol. Aya randa gogoakan, katingggang ku hulu cangkir.”
“Hahaaaa……!”
“Oh enya bener rumasa uing nyarita kitu Jin.”
“Heueuh sok buru kumaha lalakonna?”
“Siap Jin lah. Heueuh Mang Kaning jeung Kang Kalung calon RT téh didebatkeun heula nurutan kahayang jaman. Ngan bédana téh pilkada mah disiarkeun langsung ku televisi, pilkaté mah disiarkeun langsung ku….”
“Ku radio Darsép?”
“His, lain, disiarkeun langsung ku sungut!”
“Hahahaaa…..!”
“Macem-macem pisan. Terus?”
“Nya der wé debat. Ceuk Si Kuna kanu duaan, cik rék kumaha ketak nyejahterakeun rahayat?”
“Ceuk Mang Kaning, sangkan rahayat bisa dahar.
Naha ayeuna can bisa dalahar kitu? Ditempas ku Kang Kalung, ceuk manéhna, geus barisa dahar mah da gampang kari ngahuapkeun ku leungeun lain ku suku, nu hésé mah nyadiakeun dahareunana.”
“Terus Darsép?”
“Éléh tah Mang Kaning. Terus Si Kuna nanya deui, mun peuting-peuting janari leutik bari hujan ngaririncik aya nu keketrok ka imah rék kumaha?”
“Demi rahayat, rék hudang, ceuk Kang Kalung!”
“Aing mah moal, rék terus ngeukeupan pamajikan, témpas Mang Kaning.”
“Gélo! Ceuk Kang Kalung.”
“Sia nu gélo mah, ceuk Mang Kaning!
“Manéh! Ceuk Kang Kalung!”
“Sia, ceuk Mang Kaning.”
“Terus Darsép? Enyaan debat téh ramé euy!”
“Lain ramé deui Jin, panas da kalah dibobotohan ku Si Kuna.”
“Dibobotohan kumaha?”
“Heueuh pokna téh ceuk moderator Si Kuna, sing gelut, sing gelut, sing gelut…….! Ari bérés nyarita ari jekuk-jekuk Si Kuna padaneunggeulan ku Mang Kaning jeung Kang Kalung.”
“Moderatos gélo, lain dipisah kalah sina gelut, ceuk Mang Kaning jeung Kang Kalung bari terus merekpek sirah Si Kuna, untung kaburu diamankeun ku hansip!”
“Hahahaaa…..!” (réngsé) **