Rékacipta Féndy Sy Citrawarga
“NYAAN da Yaya mah hanjakal.”
“Beu éta si Sarya culangung, miheulaan ngomong ka juragan.”
“Nya kagak apa-apa Kang Ajan pan Yaya hayang ngasaan ngawalan ngabamlam.”
“Enya teu nanaon Ya lah tong didéngé Juragan Surjin mah. Hayang wé disebut juragan…..”
“Ah siah Darsép! Enya sok naon atuh Ya nu matak hanjakal téh?”
“Banyak, Kang.”
“Enya naon waé?”
“Antarana hanjakal dahar.”
“Maké hanjakal dahar sagala?”
“Nya, Kang Ajan. Hanjakal Yaya ngadahar bata. Yaya sangka bata rasana mantap kawas bala-bala atawa bakakak, nyatana kagak.”
“Hahaaa…….”
“Ari manéh kawas nu weureu atuh Sarya der ngadahar bata.”
“Dalam rangka ngalap pangalaman Kang. Pan jalma mah samangsa-mansa sarat pangalaman bakal waspada lalampahanana.”
“Bener Ya, alus pisan tah pamanggih téh.”
“Nyata Bah, nyata.”
“Enya tah ilaing geus ngalaman ngasaan bata kumaha rasana?”
“Kagak nyaman Bah.”
“Mun geus nyaho teu nyaman?”
“Nya Yaya takkan ngahanca bata. Ngan nambah pangalaman mah takkan hapa. Yaya bakal ngasaan barang sajaba bata.”
“Alus, bener kudu réa pangalaman. Terus rék ngasaan naon deui?”
“Nya sabada ngahanca bata rasana kagak nyaman mah Yaya bakal ngasaan paha mamah-mamah……antarana paha Mamah Raha. Nya Mah kagak apa-apa kan paha Mamah Yaya santap?”
“Hahaaaa……!”
“Na sia téh Sarya kawas euweuh deui asaaneun rék ngerekeb pingping kami?”
“Nya kagak apa-apa Mah da sakadar ngasaan.”
“Hahaa…..”
“Tong dipaksa Ya, embungeun jeung nanahaon atuh maké hayang ngasaan pingping sagala.”
“Pan dalam rangka ngalap pangalaman Kang Ajan. Nya kagak apa-apa lah kagak nampa mah. Yaya bakal ngasaan dadana sajah!”
“Dada saha?”
“Dada Mamah Raha.”
“Hahahaaa….”
“Mani kekeuh si Sarya. Hayang-hayang teuing mah kop tah asaan bujur kami!”
“Kagak ah, bakal hanjakal ngasaan pantat Mamah Raha mah.”
“Naha Ya?”
“Pantatna amat badag dan banyak jaramna, bahaya!”
“Hahaaa…….!”
“Minggeus siah Sarya. Ngacapruk ka mana karep. Numutkeun Abah?”
“Naon téa, Jin?”
“Sumuhun perkawis hanjakal?”
“Nya naon deui Jin iwal ti kudu bisa ngundeur atikan tina kecap hanjakal mah.”
“Maksadna?”
“Enya urang ulah tepi ka ngalaman hanjakal atawa kaduhung akibat tina lampah anu teu ati-ati. Siga nyanghareupan sasalad korona ayeuna, nu ti poé ka poé téh kasusna terus nambahan. Di Bandung gé ceuk béja mah sababaraha jalan ditutup deui, new normal bolay di sababaraha tempat atuh diberlakukeun deui PSBB alias pembatasan soial berskala besarna.”
“Leres Bah.”
“Kaduhung mah tara ti heula nya Bah?”
“Enya Sép.”
“Muhun Bah, pan aya sisindiranana kaduhung ayun-ayunan, melak ganas dina eurih….tah kitu sisindiranana téh.”
“Éta mah karék cangkangna Darsép, mana eusina?”
“Eusina mah isukan wé Jin sugan aya kénéh can aya nu maok.”
“Hahaaa………!” (lajengkeuneun) **