Search
Close this search box.

Hanjakal (4)

Bagikan :

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“BEUKI dieu téh kalah beukian ari si Darsép.”
“Naon sababna cik, Jin? Sabab ngeunah siah! Sok wé pikir sapoé téh aya kana tilu kalina malah leuwih.”
“Naon Darsép nu sapoé nepi katilu kali téh?”
“Heueuh dahar, bakat ku naon cik? Nya bakat ku ngeunah, jadi wéh beukian.”
“Gélo, nya heueuh ari beukian kana dahar mah saréréa gé kitu.”
“Na ari uing beukian kana naon Ujin?”
“Beukian nganyenyeri batur.”
“Manya Ujin?”
“Pan ceuk manéh kamari. Leres Bah, akibat hanjakal mah bujeng-bujeng tina padamelan awon padamelan saé gé sok aya hanjakalna.”
“Ceuk uing, wah piraku Darsép migawé pagawéan alus hanjakal?”
“Bener Jin, ceuk manéh téh.”
“Enya sok atuh naon contona? ceuk uing téh ningan.”
“Ceuk manéh, contona mah isukan wé Jin ayeuna mah uingna rék jajan baso heula, rék milu?”
“Puguh wé rék jajan mah, ceuk uing.”
“Ceuk manéh enya hayu, manéh nu mayarna.”
“Hahaaaa…..”
“Kitu-kitu waé, mani nyeri haté Ujin?”
“Nya heueuh atuh Darsép.”
“Hayang ulah nyeri, Ujin?”
“Na bisa nyah Darsép?”
“Nya bisa, tong boga haté!”
“Hahaaa………”
“Heueuh da uing téh térmos nyah! Nu matak loba kajadian nu matak muringkak bulu punduk jaman kiwari téh alatan jelema baroga haté nya Bah?”
“Maksudna kumaha Jin?”
“Sumuhun sapertos kajantenan di Tasik cenah aya salaki nyekék pamajikananana nepi ka maot. Pan tangtosna éta téh tina nyeri haté, Bah?”
“Oh…enya bener Abah gé maca beritana Jin. Cenah aya salaki jeung pamajikanana marabok, terus paraséa, tungtungna aya kajadian rajapati. Nya enya geus moal boa sumberna mah tina haté nu kasigeung, Jin. Nu matak urang kudu bisa ngajaga haté, boh haté urang angot haté batur mah. Sangkan naon? Sangkan ulah hanjakal téa. Siga rajapati salaki pamajikan téa, geus moal boa salakina bakal hanjakal da baris nyirekem di bui.”
“Leres Bah. Bibi gé ngiring sungkawa mani sangeunahna ngakaya pamajikan téh teu cara keur beukianana…..”
“Beukianana kumaha, Bi?”
“Heueuh keur beukian dahar Ujin, pangpangna mah beukian ngadahar bandros.Tiis-tiis gé dilamotan….”
“Hahaaa…..!”
“Bandros naon dilamotan Bi?”
“Tuh da si Ujin mah angger ari geus kudu jéntré téh. Heueuh bandros tiis, apan salaki keur lapar mah mani dilamotan urut bungkusna gé.”
“Oooh….bandros éta, manawi téh bandros spesial.”
“Angot bandros éta mah, Ujin.”
“Hahaaa…..”
“Atos Bi ah, saruana jeung si Darsép ditanggap téh kalah beuki maceuh. Sok Darsép geura jelaskeun naon nu dimaksud tong boro milampah goréng nu matak hanjakal téh, milampah alus gé matak hanjakal.”
“Siap Jin, tapi isukan wé ayeuna mah uingna rék balik heula nyokot bakakak, keur manéh, hayang?”
“Nya hayang atuh Darsép.”
“Heug, bakakak bakiak.”
“Hahahaaa……” (lajengkeuneun) **

Baca Berita Menarik Lainnya :