Search
Close this search box.

Hanjakal (5)

Bagikan :

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

 

“ARI manéh kalah cicing waé Sarya, batur dikaniaya téh?”
“Maksadna, Kang Ajan?”
“Na teu ngabandungan kamari?”
“Yaya mah da banjaranan, majalayaan, lantas jakartaan Kang Ajan, maap.”
“Hahahaaa…..”
“Heueuh bener Ya.”
“Ah siah Darsép!”
“Yeuh Ya, bisi poho deui mah. Pan ceuk Kang Ujin kamari ka si Darsép, sok Darsép geura jelaskeun naon nu dimaksud tong boro milampah goréng nu matak hanjakal téh, milampah alus gé matak hanjakal.”
“Ceuk si Darsép téh Ya. Siap Jin, tapi isukan wé ayeuna mah uingna rék balik heula nyokot bakakak, keur manéh, hayang?”
“Nya hayang atuh Darsép, ceuk Kang Ujin téh.”
“Ceuk si Darsép, heug, bakakak bakiak.”
“Hahahaaa……”
“Cik pikir Kang Ujin dikakaya nepi ka kitu ku si Darsép na Yaya rék téga ngantep?”
“Jangan Kang Asap, jangan ngakaya Kang Ajan macam apa yang Kang Asap laksanakan. Ragap manah Kang Asap mangsa aya jalma ngakaya Akang, nyata manah Kang Asap bakal kasasaak……”
“Bener Ya, bener pisan.”
“Kang Ajan sama jangan ngakaya manah jalma….pangpangna ka jalma ngaran Yaya.”
“Haaaar……naha kalah malikan Sarya? Ngakaya naon Kang Ujin?”
“Nya ngakaya, ngajakan Yaya ngabalad dan Yaya ngabamblam panjang nyacampah Kang Asap, tanpa bayaran!”
“Hahahaaa……..!”
“Karasa Ujin? Teu kapok-kapok manéh mah.”
“Ah siah Darsép!”
“Kumaha atuh Bah?”
“Naon téa Sép?”
“Sumuhun kasus korona di nagara urang ningal dina berita mah tos ngalangkungan salapan puluh rébu.”
“Nyaéta kitu Sép lain ngurangan kalah ngalobaan.” “Hanjakal wé nya?”
“Hanjakal kumaha Sép?”
“Vaksin kanggo ngungkulanana nembé diuar-uar.”
“Ih ulah hanjakal malah kudu atoh. Kadar éta can bisa digunakeun nya sabar wé. Atuh urang-urangna salaku rahayat sakali deui Abah papadon kudu nurut kana anjuran ti pamarétah ngeunaan protokol kaséhatan, ngarah salamet, ngarah teu hanjakal isuk jaganing géto.”
“Tah kitu Ran kudu nurut kana protokol kaséhatan cenah gé, nyaho teu ilaing naon ari protokol?”
“Mawa botol ka Cililin, dahar cilok dilétakan. Protokol mah yeuh Kang Ujin, anu osok ditakolan.”
“Nu kitu mah kohkol atuh Diran, sok ka mana karep waé. Ari ceuk BI Rahi naon protokol?”
“Protokol mah bobogaan lalaki, Ujin”
“Hahaaaa….”
“Ngaco ah nu kitu mah konci atuh Bi. Sok ah Darsép geura terangkeun, panasaran uing mah.”
“Naon téa Ujin?”
“Naon kénéh waé ari manéh. Pagawéan alus tapi matak hanjakal téa?”
“Oh éta? Enya nu kaalaman ku uing mah tong boro pagawéan goréng, pagawéan alus gé sok aya nu matak hanjakal. Contona uing nanya.”
“Enya, terus?”
“Pan nanya mah kaasup pagawéa alus lin?”
“Puguh wé.”
“Tapi matak hanjakal.”
“Sabab?”
“Nu ditanyana teu némbalan.”
“Sabab?”
“Nu ditanyana tihang listrik.”
“Hahahaaa…….” (réngsé) **

Baca Berita Menarik Lainnya :