Search
Close this search box.

Sidik Pisan (5) 

Bagikan :

Rekacipta Fendy Sy Citrawarga

 

“SIDIK pisan teu cageurna téh si Sarya.”
“Teu cageur kumaha Ujin?”
“Heueuh kamari pajah téh, kalah ngabadagan, nabrakna ngagancangan kawas kapal na awang-awang, lantas na baham barang Bapa aya caah dahsyat nabrak awak Yaya…..”
“Hahaaa…..”
“Dipercaya teuing si Sarya Ujin sidik pisan teu warasna.”
“Bah mana Yaya kagak warasna Kang Asap?”
“Nya lebah ngacaprukna satéh Sarya. Moal enya orok geus apal barang Bapa. Ari ka barang Mamah apal teu?”
“Nya kagak Kang Asap.”
“Naha Sarya?”
“Da can ngasaan.”
“Hahaaa…..”
“Minggeus Darsép tong ditabeuh, si Sarya mah mun ditabeuh kalah beuki maceuh.”
“Kumaha Bah perkembangan korona ayeuna, lungsur panginten nya?”
“Nyaéta terus nambahan Bi. Tepi ka poé Kemis tanggal 18 Juni kamari téh geus meuntasan angka opat puluh rébu, ciplesna mah 42.762.”
“Euleuh…..na badé iraha lirénna cenah Bah?”
“Nya teuing atuh Bi da boh di nagara urang boh di luar nagri vaksin keur ngungkulan sakadang korona téh karék diadurényomkeun kénéh.”
“Leres Bah da korona mah sanés angkot.”
“Lain angkot kumaha Ujin?”
“Sumuhun Bi, pan ningan angkot mah mun urang ngajanteng sisi jalan teras aya angkot, acungkeun wéh leungeun, teu sakara-kara reg wéh eureun.”
“Oh enya bener Jin. Mun korona siga kitu mah nya.”
“Siga kitu kumaha Bi?”
“Enya siga angkot, aya nu ngacung reg eureun. Béda jeung si éta.”
“Si éta saha, Bi?”
“Heueuh si éta nu sok ngacung, lain eureun kalah maju susuluduk.”
“Hahaha……”
“Lain ngacung si éta mah Bi. Ngaceng!”
“Hahaaa….”
“Minggeus ah Darsép, sarua jeung si Sarya nabeuh Bi Rahi mah beuki maceuh.”
“Teras kumaha atuh Bah?”
“Naon téa Ujin?”
“Sumuhun mayunan korona nu teras nambihan tapi ningan pamaréntah tos muka deui kagiatan sapertos mol, tempat ibadah, pariwisata, sareng sajabina?”
“Dalah dikumaha Jin, sing ati-ati wé sabab ceuk ilaing tadi korona mah lain angkot nu gampang dieureunkeun lamun aya leungeun ngacung.”
“Muhun nya Bah.”
“Nya enya Ujin. Apan unggal usik dibéjaan. Jaga kaséhatan ku cara kukumbah leungeun maké sabun ulah maké oli.”
“Hahaaaa…”
“Ah siah Dasép.”
“Maké masker mun indit-inditan. Ngan ulah sumanget teuing siga si Kang Darman.”
“Na kumaha si Kang Darman, Darsép? Manéh mah aya waé dongéngkeuneun téh mun dibukukeun geus sabaraha jilideun.”
“Kieu, Jin. Pan si Kang Darman mah boga kasakit limpeuran. Cacak ngora kénéh gé. Indit-inditan kana motor sok poho dimasker, sababaraha kali di jalan diélingan ku pulisi.”
“Euleuh karunya teuing.”
“Enya Jin. Tah mangkukna mah Kang Darman geus kayid ti peuting kénéh méméh dug saré téh geus sayaga masker. Isukna nya miang ka tempat pagawéanana bari dimasker. Salamet wéh di jalan téh. Ngan barang datang ka tempat paga wéanana, awéwé pating jarerit.”
“Alah siah, na ku naon Darsép?”
“Sidik pisan si Kang Darman teu dicalana, teu kolor teu calana panjang, pohoeun.”
“Hahaaa…..” (réngsé) **

Baca Berita Menarik Lainnya :