Tragédi Undur-undur (2)

Silahkan bagikan

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

“SARATUS naon ari Bi Rahi?”
“Naon téa Asép?”
“Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh, jadi undur-undur mah tara nyurungkuy ka hareup nyah?”
“Nya tara atuh Ujin. Nu sok nyurungkuy ka hareup mah….. ceuk Bibi téh”
“Tanya si Ujin, naon Bi?”
“Saur Bibi, genep hurup Ujin. Mimitina hurup ‘k’ tungtungna hurup ‘l’.”
“Genep hurup mimitina hurup ‘k’ tungtuna ‘l’, oooh…..enya nyaho Bi lah, kohkol, ceuk si Ujin téh!”
“Seratus untuk Ujin, saur Bibi. Hartina jawaban si Ujin téh saur Bibi mah bener. Da ceuk uing mah salah”
“Salah lebah manana, Darsép? Manéh mah sok néwo-néwo waé. Pan sidik kohkol mah genep hurup, k, o, h, k, o, jeung l, mimitina hurup k tungtungna l.”
“Bener lebah genep hurupna mah, bener deuih mimitina hurup k tungtungna l mah.”
“Ari nu teu benerna naon satéh Darsép?”
“Nu teu benerna lebah nyurungkuy Ujin. Da kohkol mah tara nyurungkuy, wéw!”
“Hahahaaa……!”
“Ari ceuk manéh naon genep hurup mimitina k tungtungna l nu sok nyurungkuy ka hareup?”
“Bisi teu nyaho mah Ujin, genep hurup mimitina k tungtungna l mah kooon……..!”
“Naon Darsééép…….?”
“Kooon……Bi?”
“Alah siah si Darsép wanian rék ngomong jorang!”
“Jorang naon ari manéh Ujin?”
“Lamun lain jorang naon atuh Darsép?”
“Kooon…..ci!”
“Hahaaaaa……!”
“Ngaco ah Darsép. Konci mah lima hurup jaba tungtuna gé i lain l.”
“Tambahan ku l, jadi ‘konci l’ alias konci lomari. Pan sok nyurungkuy alias maju ka hareup lamun rék muka pantona nu ngonci. Ner teu?”
“Hahaaaa…..si gejul. Enya lah Darsép kuma singa wé.”
“Heueuh atuh nu penting mah tina kasus undur-undur téh kudu dicokot mangpaatna nya Bah?”
“Oh enya bener pisan kitu Sép. Sabab pulisi teu maparin idin ngagelar méngbal alatan korona atawa keur rariweuh ku itu ku ieu téh mémang kaharti ku pikir kahontal ku akal, teu kudu jadi masalah kapapanjangan.”
“Tah kitu saur si Abah gé Jin mending cokot mangpaatna tina kasus undur-unduran téh ngan ulah siga si Idim wé.”
“Na kumaha si Idim Darsép?”
“Meunang tragédi gara-gara undur-undur Jin. Tapi lain undur-undur nu ngupuk di kolong imah ieu mah undur-undur domba bikang mundur nu dimangpaatkeun ku si Idim.”
“Alah siah kumaha dongéngna Darsép?”
“Kieu Jin. Si Idim téh ngadon kiih pipir kandang domba Mang Odi, si démplon domba bikangna keur moyan tas dimandian. Teu pupuguh si démplon bet undur-unduran ngadeukeutan si Idim. Nya ku si Idim dimangpaatkeun, asa manggih rejeki meureun si Idim téh der wé bobogoanana nu kakara raat tas ngahujanan taneuh dilelempeng sina nyurungkuy muru bujur si démplon. Naaa… atuh kira sasénti deui kana antel, jol jeduk kana bujurna aya nu neunggar, horéng domba jalu. Si Idim tangka ngajurahroh bari aduh-aduhan.”
“Sok hudang siah! Sangeunahna kiih di teun batur bari nangtung, jaba si démplon rék dikeureuyeuh euweuh kageuleuh !”
“Ceuk Mang Odi, Darsép?”
“Ceuk domba jalu, Ujin!”
“Hahaaaa…….!” (réngsé) **

Baca Juga :  6 Ribu Kastrol Liwet untuk "Mapag Lengkah Anyar"

M Purnama Alam

2 thoughts on “Tragédi Undur-undur (2)

  1. Halo teman terkasih!
    Saya segera memberi tahu Anda tentang peluncuran proyek muluk-muluk di pasar token kripto
    Kami mengundang Anda ke startup Kripto dengan pertumbuhan sejak awal!
    Jangan lewatkan kesempatan unik untuk mendapatkan token gratis di distribusi
    Ambil tokennya sekarang dan ambil bagian dalam proyek kami!
    airdrop of Crypto

    bigregards GiftDrop!

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Next Post

Ketua KPK Berikan Pembekalan Kepada Pasis Seskoau A-57

Sen Okt 19 , 2020
Silahkan bagikanVISI.NEWS – Ketua KPK Komjen Pol Drs. Firli Bahuri, M.Si. memberikan ceramah pembekalan kepada Perwira Siswa (Pasis) Seskoau Angkatan Ke-57 TP. 2020 secara daring. Sebelum memulai ceramah, Danseskoau Marsda TNI Samsul Rizal, S.I.P., M.Tr (Han)., yang turut hadir mengikuti acara ini menyampaikan ucapan terima kasih kepada Ketua KPK yang […]