Rekacipta Fendy Sy Citrawarga
“MERDÉKAAAAA……..!”
“Beu, mani ngareureuwas si Ujin.”
“Punten Bah, Ujin nuju sumanget Mérah Putih alias ngumandangken merdéka.”
“Enya kudu kitu nonoman Indonésia mah, kudu héroik, gedé kawani.”
“Leres Bah pan ayeuna téh ping 17 Agustus nya, poé miéling kamerdékaan RI nu ka-75.”
“Ari RI aya sabaraha hiji Jin?”
“Nya aya hiji atuh Bah.”
“Cenah bieu miéling kamerdékaan RI nu ka-75, mun kitu RI téh aya 75 siki.”
“Teu ngartos ah Bah, lieur.”
“Lain miéling kamerdékaan RI nu ka-75 Jin, tapi miéling ka-75 kamerdékaan RI. Jadi nu tujuh puluh lima kali téh miélingna, lain RI-na.”
“Lepat sakedik atuh Bah, mani céréwéd.”
“His, pan urang téh geus merdéka Jin. Tanda merdéka nya sarakola, tandana sakola nya kudu pinter, ngarti, kaasup ngarti kana papagon ngagunakeun basa Indonésia da urang téh urang Indonésia, kudu ngarti papagon ngagunakeun basa Sunda da urang téh urang Sunda.”
“Da si Ujin mah lain urang Sunda Bah.”
“Ah siah Darsép! Nya urang Sunda atuh.”
“Lamun enya ngaku urang Sunda, sabaraha kilo méter jarak Bandung- Sumedang Ujin?”
“Naaa…satéh Darsép loslos kana kilométer. Nyao teuing atuh da uing mah lain juru ukur.”
“Hahaaa…..”
“Nya kudu nyaho sabab lamun teu nyaho sabaraha kilomter jarak Bandung – Sumedang, moal nyaho jarak Sumedang – Bandung.”
“Hahahaaa…….!”
“Éta si Darsép abong-abong geus merdéka ngomong mani sangeunahna. Mun enya manéh urang Sunda jeung apal kiloanana, sabaraha kilo Bandung – Garut jeung Garut – Bandung?”
“Cig nginjeum heula ka Mang Oléh, mun euweuh di Mang Oléh ka Wa Sarma.”
“Nginjeum naon ka Mang Oléh jeung ka Wa Sarma téh Darsép?”
” Nginjeum kiloan. Pan ceuk manéh bieu sabaraha kilo Bandung-Garut jeung Garut-Bandung?”
“Hahahaaa……”
“Hadeuh! Mun lain babaturan geus kudu pejét tah si Darsép.”
“Tos sepuh upami jalmi mah nya Bah?”
“Naon téa Sép?”
“Sumuhun kamedékaan nagara urang, pan taun ayeuna téh nincak 75 taun.”
“Oh enya Sép mun dipapandékeun ka umur jelema mah geus kolot. Tapi lamun ngukur ka umur nagara angot ka umur dunya mah, nya beunang disebutkeun budak kénéh, boa léléngkah halu gé acan.”
“Leres Bah. Bi, badé ngiringan kamonésan naon ngareuah-reuah Agustusan ayeuna?”
“Ah moal ngiluan nanaon kapok, Ujin, jeung pan ayeuna mah dianjurkeun teu meunang aya raraméan loba jelema da usum pandemi korona nya Bah?”
“Enya Bi.”
“Kapok kumaha kitu Bi?”
“Kapok Ujin, taun kamari gé ngilu maén rebutan kalah sawan da kalah ditaritah pangluhurna ku lalaki, diangsrod-angsrod sina nangtung ngidek taktak lalaki.”
“Terus Bi?”
“Heueuh Ujin. Ari Bibi geus aya di luhur lalaki nu di harandap bari taranggah tinggorowok, jabrig-jabrig cenah.”
“Naon nu jabrig téh Bi?”
“Surabi bibi meureunan Ujin da harita téh ngilu maén rebutan ukur maké erok, poho teu dicangcut baning rusuh.”
“Hahaaa…….!” (lajengkeuneun) **